Parantos ngadawuh Nabi Saw. :”Kudu ngadeug anjeun, tuluy kudu sholat anjeun, mangka saenyana ari sholat eta ubar sehat ( parantos ngariwayatkeun kana hadits ( Imam Ahmad sareng Ibnu Majah ) ( dicutat tina kitab Nashoihul I`bad )
Ari Niat Sholat pikeun Ubar anu gering :” USHOLLI – SUNNATA - LISY-SYIFAA -IL- MARIDH- ROK`ATAINI - LILLAHI - TA`ALAA – ALLOHU AKBAR….( Ngahaja abdi sholat sunnah pikeun ubar anu gering halna 2 rokaat ( 2x ruku` ) karana miharep Ridho Alloh Ta`alaa ( Allohu Akbar )….
Tuluy sholat anjeunna kana 2 rokaat, maos anjeunna dina saban tina 2 rokaat saparantos maos Al-Fatihah kana Surat Al-Ikhlash ( Qulhu ) halna 3x , mangka dimana-mana rengse tina sholat 2 rokaat, mangka diuk dina tempat sholatna, jeung ulah nyarios sarta saurang oge, jeung maos tasbih kana ieu tasbih 1000x :” YAA – BADII-`AL - `AJAAIBI – BILKHOIRI – IRHAMNII – ILAA – YAUMIDDIIIIN ( 1000X ) mangka saenyana Alloh Swt. Maparinkeun ka eta jalma kahirupan anu anyar. ( dicutat tina kitab Jawahirul Khomsi kaca 42 )
والله أعلم
Ari Alloh eta anu langkung uninga.
DIWIDIAN TERBIT KU KANG H.MUHAMMAD ABY SUFYAN
Tidak ada komentar:
Posting Komentar