Pepeling Imam Ghozali Ra.


فى تذكير الإمام الغزالى رحمه الله


إعلم : إني أنصحك بثمانية أشياء إقبلها مني لئلا يكون علمك خصما عليك يوم القيامة. تعمل منها أربعة وتدع منها أربعة. 
Kanyahokeun ku anjeun! Kaula amanah ka anjeun kana 8 perkara. Kudu narima anjeun ti kaula, supaya elmu anjeun hanteu ngadebat anjeun jaga di poe qiamah
Kudu migawe anjeun kana 4 perkara diantawisna jeung kudu ninggalkeun anjeun kana 4 perkara anu sejenna
أما الأربعة اللواتي تدع:.
Anapon 4 perkara anu kudu anjeun kantunkeun nyaeta :
أولاً: ألا تناظر أحدا في مسألة ما استطعت لأن فيها آفات كثيرة فإثمها أكبر من نفعها إذ هي منبع كل خلق ذميم كالرياء والحسد والكبر والحقد والعداوة والمباهاة وغيرها. نعم لو وقع مسألة بينك وبين شخص أو قوم وكانت إرادتك فيها أن يظهر الحق ولا يضيع جاز البحث.
1.Ulah diskusi anjeun reujeung hiji jalma dina hiji perkara ( elmu ) anu can mampuh anjeun ( tegesna can kaceukeul elmuna ). Sabab hiji perkara eta ngandung bahaya anu loba. Dosana leuwih loba tibatan manfaatna.sabab eta nyaeta sumber akhlak anu dicacad, saperti riya, hasud  , adigung, dendam, mumusuhan, ngagulkeun diri, jeung sanes-sanesna.
Sumuhun, saumpamana karandapan hiji perkara masalah antara anjeun jeung salah sahiji jalma atanapi qoum sedengkeun maksad anjeun nyaeta nembongkeun bebeneuran sareung hanteu ngamomorekeunna mangka meunang anjeun ngabahas
لكن لتلك الإرادة علامتان:

.tatapina, maksad atanapi tujuan sapertos kitu teh eta ngagaduhan 2 tanda
أحداهما: ألا تفرق بين أن ينكشف الحق علي لسانك أو علي لسان غيرك.
:
a. hanteu ngabenteun-benteunkeun anjeun naha bebeneuran eta kabuka ngaliwatan biwir anjeun atanapi ngaliwatan biwir jalma lian
والثانية: أن يكون البحث في الخلاء أحب إليك من أن يكون في الملا.
واسمع إني أذكر لك ها هنا فائدة واعلم أن السوال عن المشكلات عرض مرض القلب إلى الطبيب والجواب له سعي لإصلاح مرضه. واعلم أن الجاهلين المرضي قلوبهم والعلماء الأطباء والعالم الناقص لا يحسن المعالجة والعالم الكامل لا يعالج كل مريض بل يعالج من يرجو قبول المعالجة والصلاح وإذا كانت العلة مزمنة أو عقيما لا تقبل العلاج فحذاقة الطبيب فيه أن يقول هذا لا يقبل العلاج فلا تشتغل فيه بمداواته لأن فيه تضييع العمر.
.
b.eta bahasan dipigawe di tempat anu sepi leuwih dipikareuseup anjeun tibatan ditempat anu rame atanapi ririungan.
Kupingkeun ku anjeun ! didieu kaula nyebatkeun ka anjeun hiji faedah . jeung kanyahokeun ku anjeun  yen tataros ngeunaan perkara-perkara anu hese nyaeta saperti nyodorkeun nyeuri hate ka dokter jeung jawabannana nyaeta usaha pikeun nyageurkeunna . kanyahokeun ku anjeun , yen jalma-jalma bodo nyaeta jalma-jalma anu nyeuri hatena sedeungkeun U`lama nyaeta dokter-dokterna. Jalma a`lim anu kirang elmuna hanteu alus ngubarannana. Sedengkeun jalma a`lim anu sampurna hanteu bisa ngubaran saban jalma geuring, tatapina manehna bisa ngubaran jalma anu manehna hareupkeun daek uubar jeung hayang cageur. Lamun geuringna nyaeta panyakit tataunan atanapi mandul mangka panyakit eta teu bisa di ubaran. Jadi, dokter anu calakan bakal nyarios :” Panyakit eta teu bisa di ubaran “. Mangka ulah sibuk anjeun uubar sabab eta ngamomorekeun kana umur.
ثم اعلم أن مرض الجهل على أربعة أنواع:

Kanyahokeun ku anjeun, ari panyakit kabodoan eta aya 4 rupa panyakit anu bisa diubaran jeung anu henteu ( bisa di ubaran ) :
Anapon ( panyakit ) anu hanteu bisa di ubaran nyaeta :
(1) يقبل العلاج والباقي لا يقبل.
أما الذي لا يقبل العلاج كان اعتراضه عن حسده وبغضه فكلما تجيبه بأحسن الجواب وأفصحه وأوضحه فلا يزيد له ذلك إلا بغضا وعداوة وحسدا فالطريق ألا تشتغل بجوابه فقد قيل:     كل العداوة قد ترجي إزالتها      إلا عداوة من عاداك عن حسد
فينبغي أن تعرض عنه وتتركه مع مرضه. قال الله تعالى: "فأعرض عمن تولي عن ذكرنا ولم يرد إلا الحياة الدنيا". والحسود بكل ما يقول ويفعل يوقد النار في زرع عمله كما قال النبي (عليه الصلاة والسلام): "ألحسد يأكل الحسنات كما تأكل النار الحطب".

1. jalma anu naros jeung anu pangaduannana eta jalma  bijil tina rasa hasud jeung ijid. 
Mangka saban kali anjeun ngajawabna kalayan jawaban  anu pang alusna, pas tur eces tangtu waleuran anjeun eta mung nambihan kaijidan, pupusuhan jeung hasudna. Jadi, jalanna nyaeta ulah sibuk anjeun pikeun ngawaleurna. Nyata parantos dicarioskeun :
“saban pupusuhan terkadang bisa dihareupkeun leungitna kajaba pupusuhan jalma anu musuhan anjeun sabab hasud”.
Mangka sakuduna anjeun malengos ti eta jalma jeung nganteupkeunna geuring .
Allah Swt. Parantos ngadawuh :
“ mangka kudu malengos anjeun ti jalma anu malengos tina dzikir / i`badah Ka kaula jeung mung ngahayangkeun kahirupan dunya”.

Hasud kana saban perkara anu dicaritakeun jeung dipigawe hiji jalma eta bisa ngahurungkeun seuneu dina pepelakan a`mal. Sakumaha pidawuh Kangjeung Nabi Saw. :
 “ ari hasud eta bisa ngadahar beak kaalusan-kaalusan saperti seuneu ngadahar suluh “.
(2) أن تكون علته من الحماقة وهو أيضا لا يقبل العلاج.
كما قال عيسى (عليه السلام): "إني ما عجزت عن إحياء الموتى وقد عجزت عن معالجة الأحمق". وذلك رجل يشتغل بطلب العلم زمنا قليلا ويتعلم شيئا من العلم العقلي والشرعي فيسأل ويعترض من حماقته على العالم الكبير الذي مضى عمره في العلوم العقلية والشرعية وهذا الأحمق لا يعلم ويظن أن ما أشكل عليه هو ايضا مشكل على العالم الكبير. فإذا لم يعلم هذا القدر يكون سؤاله من الحماقة. فينبغي ألا تشتغل بجوابه.

2.. Panyakitna bijil tina katololan
Ieu oge teu bisa diubaran, sakumaha pidawuh Nabi Isa As. : “ Kaula Mampuh ngahirupkeun jalma-jalma anu maot ( kalayan widi Alloh ), tapi nyata kaula hanteu mampuh ngubaran jalma tolol “
Jalma tolol nyaeta jalma anu anu sibuk neangan elmu dina waktu anu singget ( ringkeus saperti sapoe langsung hayang bisa ngaji tuluy ngajar ), jeung diajar saeutik elmu aqal jeung agama.
Lajeung sabab katololannana manehna tumaros  jeung ngadu ka salah sawios U`lama geude anu parantos nyeepkeun umur na pikeun nalaah elmu-elmu aqal jeung agama. Si tolol ieu teu nyaho jeung teu apal yen naon anu hese pikeun manehna eta oge hese pikeun eta U`lama  pikeun ngajeulaskeunna ka si tolol .Lamun salah sahiji jalma hanteu nyaho ieu ukuran maka tatarosna eta sabab katololanna.  
Jadi, sakuduna anjeun hanteu sibuk pikeun ngajawabna.
(3) أن يكون مسترشدا.
وكل ما لا يفهم من كلام الأكابر يحمل على قصور فهمه وكان سؤاله للاستفادة لكن يكون بليدا لا يدرك الحقائق فلا ينبغي الاشتغال بجوابه ايضا كما قال رسول الله (صلي الله عليه وسلم): "نحن معاشر الأنبياء امرنا أن نكلم الناس على قدر عقولهم".

3. si “ geuring” nyatana jalma anu menta pituduh. 
Saban perkara anu hanteu faham ( eta si geuring ) tina cariosan pirang-pirang Gegeden ( U`lama ) karandapan sabab deet famahamanna. Tatanya manehna pikeun diajar tapi manehna  nyaeta jalma anu bangeut bodo jeung teu ngarti elmu-elmu anu jero. Mangka, sakuduna hanteu sibuk anjeun ngawaler patarosanna oge.
Sabab Rosululloh Saw. Parantos ngadawuh :
“ Kaula sadayana para nabi diparentah pikeun nyarios ka manusa numutkeun ka mampuhan aqalna”.
(4) أما المرض الذي يقبل العلاج فهو أن يكون مسترشدا عاقلا.
فهما لا يكون مغلوب الحسد والغضب وحب الشهرة والجاه والمال ويكون طالب الطريق المستقيم ولم يمن سؤاله واعتراضه عن حسد وتعنت وامتحان. وهذا يقبل العلاج فيجوز أن تشتغل بجواب سؤاله بل يجب عليك إجابته.

Anapon Panyakit anu bisa diubaran :
 ( 4 ) nyaeta jalma anu menta pituduh, bisa mikir, jeung bisa faham, anu hanteu dibarengan ku hasud, kaijidan, cinta syahwat jeung jabatan sarta harta banda. Tatapina eta jalma neangan jalan anu leumpeung jeung tatanyana sarta pangaduanna hanteu bijil tina hasud, rewel jeung ngeutes. ieu jalma bisa di ubaran. 
Mangka meunang anjeun sibuk ngajawab patarosanna, sanes wajib ngajawabna.
ثانياً: مما تدع هو أن تحذر من أن تكون واعظا ومذكرا لأن فيه آفة كثيرة إلا أن تعمل بما تقول أولا ثم تعظ به الناس. فتفكر فيما قيل لعيسى (عليه السلام): "يا ابن مريم عظ نفسك فإن اتعظت فعظ الناس وإلا فاستح من ربك".

2. kaleubeut perkara anu kudu ajeun kantukeun, nyaeta sakuduna anjeun sieun jadi panasehat jeung janteun juru pepeling ( tukang ngelingan batur ).

Sabab dijerona aya bahaya anu loba, kajaba anjeun bisa migawe naon anu anjeun caritakeun leuwih tiheula, tuluy anjeun nasehatkeun ka manusa, kudu mikir anjeun naon anu didawuhkeun ka Nabi Isa As. : “ Hey, putra pamegetna Maryam ! Kudu nganasehatan anjeun ka diri anjeun sorangan.lamun anjeun geus bisa migawe nasehat eta mangka kudu nganasehat anjeun ka jalma lian. Lamun hanteu mangka kudu era anjeun ka Alloh Pangeran anjeun “.
وإن ابتليت بهذا العمل فاحترز عن خصلتين:

Jeung lamun diuji anjeun kalawan ieu tugas ( janteun panasehat ) mangka kudu ati-ati anjeun tina 2 perkara :
(1) الخصلة الأولي: عن التكلف في الكلام بالعبارات والإشارات والطامات والأبيات والأشعار لأن الله تعالى يبغض المتكلفين والمتكلف المتجاوز عن الحد يدل على خراب الباطن وغفلة القلب ومعني التذكير أن يذكر العبد نار الآخرة وتقصير نفسه في خدمة الخالق ويتفكر في عمره الماضي الذي أفناه فيما لا يعينه ويتفكر فيما بين يديه من العقبات من عدم سلامة الإيمان في الخاتمة وكيفية حاله في قبض ملك الموت وهل يقدر على جواب منكر ونكير ويهتم بحاله في القيامة ومواقفها وهل يعبر عن الصراط سالما أم يقع في الهاوية؟  ويستمر ذكر هذه الأشياء في قلبه فيزعجه عن قراره. فغليان هذه النيران ونوحة هذه المصائب يسمي تذكيرا.
وإعلام الخلق وإطلاعهم على هذه الأشياء وتنبيههم على تقصيرهم وتفريطهم وتبصيرهم بعيوب أنفسهم لتمس حرارة هذه النيران أهل المجلس وتجزعهم تلك المصائب ليتداركوا العمر الماضي بقدر الطاقة ويتحسروا على الأيام الخالية في غير طاعة الله تعالى: هذه الجملة على هذا الطريق تسمى وعظا. كما لو رأيت أن السيل قد هجم على دار أحد وكان هو وأهله فيها فتقول: الحذر الحذر فروا من السيل. وهل يشتهي قلبك في هذه الحالة أن تخبر صاحب الدار خبرك بتكلف العبارات والنكت والإشارات فلا تشتهي البتة فكذلك حال الواعظ فينبغي أن يتجنبها.

  1. maksakeun diri dina nyarios kalayan make kecap-kecap, isyarat-isyarat , kaahengan-kaahengan, baet-baet, syiiran-syiiran. Sabab Alloh ijid ka jalma-jalma anu maksakeun diri. Jalma anu maksakeun diri jeung ngaliwatan eta wateus nuduhkeun runtuhna bathin jeung kalalian hatena. Harti Tadzkir ( mere pepeling ) nyaeta salah sahiji jalma ngingeutkeun hiji abdi  ngeunaan naraka di akherat  jeung kabalangahan dirina dina ibadah ka Alloh anu Maha ngadameul. Sahingga si abdi mikir ngeunaan umurna anu geus kaliwat anu dibeakkeun pikeun perkara-perkara anu teu aya mangfaatna. Manehna mikir ngeunaan parobahan-parobahan kahirupan anu bakal si abdi singhareupan sabab imanna hanteu salameut ( tina kakirangan ) dina panungtungan hirupna, jeung mikirkeun kumaha kaayaanna dina waktu dicabut ( ruh ) ku malaikat maut. Naha si abdi bisa ngajawab patarosan malaikat Munkar jeung Nakir. Si abdi bakal merhatoskeun kaayaanna dina poe qiamah jeung tahapan-tahapanna  Naha si abdi bisa mentas Shirot ( cukang ngajugjug ka surga anu di amparkeun ku Alloh di luhureun naraka ) kalayan salameut atawa si abdi bakal labuh ka Naraka Hawiyah. Ingetan kana perkara-perkara ieu terus nyambung dijero hatena tuluy manehna ngahariwangkeun kaayaan dirina. Kaguligahan kana naraka jeung dangdaman bakal nyanghareupan musibah-musibah ieu  dingaranan Tadzkir (  mere pepeling ).
      mere nyaho makhluk , mahamkkeun maranehannana kana  perkara-perkara ieu, ngingeutkeun maranehannana kana kataledoran maranehannana jeung nembongkeun cacad-cacad diri maranehannana sangkan panasna naraka bisa dirasakeun ku majlis ( hadirin ) jeung musibah-musibah eta bisa mikasieunkeun maranehannana sangkan maranehannana daek nambal umur anu geus kaliwat kalayan sakabeh kamampuhan jeung supaya maranehannana ngahandeueulkeun poe-poe anu kosong tina kathoatan ka Alloh Ta`alaa, ieu sakabeh , jeung kalawan ieu cara anu dingaranan  nasehat.
Saperti perkarana, saumpama anjeun ningali yen nyata aya banjir neumbrag imah hiji jalma , sedengkeun manehna jeung kulawargana aya dijerona . mangka  anjeun ngomong :” ati-ati, ati-ati ! kudu lumpat anjeun tina banjir.
Naha dina kaayaan saperti kitu, hate anjeun hayang merenyahokeun pangalaman anjeun kanu ngamilik imah kalayan kecap-kecap ngupamakeun, sindiran-sindiran jeung isyarat anu dipaksakeun ?
Jelas anjeun hanteu hayang samasakali . kitu deui perkarana kalayan salah sawios panasehat. Jadi, manehna kudu ngajauhanna.

(2) والخصلة الثانية: ألا تكون همتك في وعظك أن ينعر الخلق في مجلسك أو يظهروا الوجد ويشقوا الثياب ليقال: نعم المجلس هذا! لأن كله ميل للدنيا وهو يتولد من الغفلة. بل ينبغي أن يكون عزمك وهمتك أن تدعو الناس من الدنيا إلى الآخرة ومن المعصية إلى الطاعة ومن الحرص إلى الزهد ومن البخل إلى السخاء ومن الشك إلى اليقين ومن الغفلة إلى اليقظة ومن الغرور إلى التقوى وتحبب إليهم الآخرة وتبغض إليهم الدنيا وتعلمهم علم العبادة والزهد ولا تغرهم بكرم الله تعالى عز وجل ورحمته , لأن الغالب في طباعهم الزيغ عن منهج الشرع والسعي فيما لا يرضى الله تعالي به والاستعثار بالأخلاق الردية. فألق في قلوبهم الرعب وروعهم وحذرهم عما يستقبلون من المخاوف لعل صفات باطنهم تتغير ومعاملة ظاهرهم تتبدل ويظهر الحرص والرغبة في الطاعة والرجوع عن المعصية. وهذا طريق الوعظ والنصيحة وكل وعظ لا يكون هكذا فهو وبال على من قال وسمع بل قيل: إنه غول وشيطان يذهب بالخلق عن الطريق ويهلكهم فيجب عليهم أن يفروا منه لأن ما يفسد هذا القائل من دينهم لا يستطيع بمثله الشيطان. ومن كانت له يد وقدرة يجب عليه أن ينزله عن منابر المواعظ ويمنعه عما باشر فإنه من جملة الأمر بالمعروف والنهي عن المنكر.

2.sakuduna sumangeut anjeun dijero nganasehatan, lain supaya makhluk ngabring  ka majlis anjeun , atawa supaya maranehna nembongkeun kasenengan ka majlis anjeun jeung supaya maranehna ngagulungkeun leungeun baju pikeun hadir di majlis anjeun. Supaya majlis anjeun diomongkeun :
Ieu nyaeta majlis au pangalusna. Sabab sakabeh ieu nyaeta doyong kana dunya jeung ari eta ngalahirkeun kalalian ka Alloh Swt.
Tatapina, sakuduna tekad jeung sumangeut anjeun eta supaya anjeun bisa ngajak manusa tina dunya kana akherat, tina ma`siat kana thoat, tina sarakah kana Zuhud, tina koret kana barahan, tina mangmang kana yaqin tina kalalian kana kasadaran, tina katipu ( ku kani`matan dunya ) kana Taqwa; jeung pikeun mikacinta maranehannana kana akherat, mikaijid maranehannana kana dunya, sarta ngajar maranehannana elmu i`badah jeung zuhud. Ulah nipu anjeun ka maranehannana kalayan kamulyaan jeung Rohmat AllohTa`alaa Aza Wa Jalla. Sabab wateuk maranehannana kabiasaan mengpar tina jalan agama, migawe perkara anu hanteu dipikaridho ku Alloh Ta`alaa sarta labuh kajero akhlak-akhlak anu handap.
Tapi asupan kajero hate maranehannana rasa hariwang, sieun jeung kariweuhan ngeunaan perkara-perkara pikasieuneun anu bakal maranehna randapan ( singhareupan ). Supaya mugia sifat bathin maranehannana barobah jeung tingkah laku dhohir maranehannana bagenti, sangkan tembong kasonoan jeung kasenengan maranehannana kana thoat balik tina ma`siyat. Ieu nyaeta prinsip ngieutkeun jeung nganasehatan.
Saban nasehat anu hanteu saperti eta nyaeta bahaya pikeun jalma anu nyarita jeung anu ngarungukeun . malahan dicaritakeun eta nyaeta kagoncangan ( godaan ) jeung syetan anu leungitkeun makhluk tina jalan Alloh sarta ngancurkeun maranehannana. Mangka sakuduna maranehannana lumpat ti panasehat eta. Sabab perkara anu diruksak tina agama maranehannana ku panasehat ieu hanteu mampuh dipigawe ku syetan samisalna
Jeung singsaha jalma boga lengeun jeung kakawasaan mangka manehna wajib ngamusnakeunna tina mimbar-mimbar nasehat jeung nyegahna tina naon anu dipigawena. Sabab tindakan eta kaleubeut Al-amru bil ma`ruf jeung nahyi a`nil mungkar ( nitah kaalusan jeung nyeugah pamungkaran ).
ثالثاً: مما تدع ألا تخالط الأمراء والسلاطين ولا تراهم لأن رؤيتهم ومجالستهم ومخالطتهم آفة عظيمة ولو ابتليت بها دع عنك مدحهم وثناهم لأن الله تعالى يغضب إذا مدح الفاسق والظالم. ومن دعا لطول بقائهم فقد أحب أن يعصى الله تعالى في أرضه.

3. kaleubeut perkara anu kudu ajeun kantunkeun, nyaeta ulah cacampuran anjeun reujeung para pajabat, para pangawasa / raja jeung ulah merhatikeun anjeun ka maranehannana, sabab merhatikeun, gaul jeung cacampuran reujeung maranehannana nyaeta hiji perkara anu geode bahayana, jeung lamun anjeun kakeunaan bala` ( ujian ) ieu mangka ulah ngempuk-ngempuk hate anjeun jeung muji-muji anjeun kamaranehannana . sabab Alloh Ta`alaa bendu lamun jalma fasiq jeung dholim dipuji. Jeung singsaha jalma ngadu`a supaya maranehannana teuteup lima ngawasaan mangka nyata anjeun hayang ma`siyat ka alloh di dunya-Na.
رابعاً: مما تدع ألا تقبل شيئا من عطاء الأمراء وهداياهم وإن علمت أنها من الحلال. لأن الطمع منهم يفسد الدين لأنه يتولد منه المداهنة ومراعاة جانبهم والموافقة في ظلمهم. وهذا كله فساد في الدين وأقل مضرته أنك إذا قبلت عطاياهم وانتفعت من دنياهم أحببتهم ومن أحب أحدا يحب طول عمره وبقائه بالضرورة وفي محبة الظالم إرادة في الظلم على عباد الله تعالى وإرادة خراب العالم. فأي شيء يكون أضر من هذا للدين والعاقبة؟ وإياك إياك أن يخدعك استهواء الشياطين أو قول بعض الناس لك بأن الأفضل والأولى أن تأخذ الدينار والدرهم منهم وتفرقهما بين الفقراء والمساكين فإنهم ينفقون في الفسق والمعصية وإنفاقك على ضعفاء الناس خير من إنفاقهم فإن اللعين قد قطع أعناق كثير من الناس بهذه الوسوسة وقد ذكرناه في إحياء العلوم فاطلبه ثمة.

4. kaleubeut perkara anu kudu ajeun kantunkeun, nyaeta ulah narima anjeun saeutik oge pamere jeung hadiah ti para pangawasa. Sok sanajan anjeun nyaho yen eta teh kaleubeut halal. Sabab kasarakahan ti maranehannana bisa ngaruksak agama jeung eta the bisa medalkeun wujukkan, janteun perhatian ti jalma-jalma samisil maranehannana sarta satuju kana kadholiman maranehannana.
Ieu sakabeh nyaeta karuksakan dina agama . bahaya pangsaeutikna nyaeta saumpama narima anjeun paparin-paparin maranehannana jeung ngamangfaatkeun anjeun sabagean dunya maranehannana mangka ngandung harti anjeun seneng ka maranehannana. Jeung singsaha jalma  seneng ka salah saurang mangka tangtu manehna hayang panjang umur jeung teuteupna jawatan pikeun si dholim, ngandung harti ngahayangkeun ancurna alam. Naon anu leuwih bahaya pikeun agama jeung akherat tibatan ieu ? singkahan jeung jauhan ku anjeun tina katipu ku kahayang eta  syetan- syetan, atawa katipu ku ucapan sawareh jalma ka anjeun :” anu langkung sae sareung utami nyaeta nyokot anjeun kana Dinar jeung dirham ti maranehannana jeung bagi-bagikeun ku anjeun ka para fakir miskin”. Sabab maranehannana shodaqoh dina kafasikan jeung ma`siyat.
Sedeungkeun shodaqoh anjeun ka jalma-jalma leumah tadi leuwih alus tinimbang shodaqoh maranehannana. Nyata syetan anu di la`nat geus maehan kalolobaanna manusa kalawan ieu godaan. Nyata ieu geus kaula sebatkeun dijero Kitab Ihya Uluumiddin . pilari diditu ( tegesna pilari dina  Kitab Ihya Uluumiddin ).



وأما الأربعة التي ينبغي لك أن تفعلها :

Anapaon 4 perkara anu kudu anjeun pigawe nyaeta;
أولاً: أن تجعل معاملتك مع الله تعالى بحيث لو عامل معك بها عبدك ترضى بها منه ولا يضيق خاطرك عليه ولا تغضب والذي لا ترضى لنفسك من عبدك المجازي فلا ترض أيضا لله تعالى وهو سيدك الحقيقي.

1.janteunkeun hubungan anjeun reujeung Alloh Ta`alaa, saumpamana abid anjeun hubungan reujeung anjeun samodel kitu mangka anjeun ridho ka manteunna. Ulah susah hate anjeun sababna, jeung ulah ambeuk. Mangka naon anu hanteu anjeun ridhoan dipigawe ku abid anjeun ka diri anjeun mangka anjeun oge hanteu ridho ( anjeun pigawe ) ka Alloh Ta`alaa. Manteunna Pangeran anjeun anu saleureusna.
ثانياً: كلما عملت بالناس اجعله كما ترضى لنفسك منهم لأنه لا يكمل إيمان عبد حتى يحب لسائر الناس ما يحب لنفسه.


2.Saban kali anjeun migawe pikeun manusa , mangka janteunkeun  anjeunna saperti anjeun ridho ( maranehannana migawe ) pikeun diri anjeun. Sabab hanteu sampurna iman hiji abdi sahingga anjeunna seuneung pikeun sakabeh jalma saperti perkarana anjeunna seuneung pikeun dirina sorangan

ثالثاً: إذا قرأت العلم أو طالعته ينبغي أن يكون علمك يصلح قلبك ويزكي نفسك كما لو علمت أن عمرك ما يبقى غير أسبوع فبالضرورة لا تشتغل فيها بعلم الفقه والأخلاق والأصول والكلام وأمثالها لأنك تعلم أن هذه العلوم لا تغنيك. بل تشتغل بمراقبة القلب ومعرفة صفات النفس والإعراض عن علائق الدنيا وتزكي نفسك عن الأخلاق الذميمة وتشتغل بمحبة الله تعالى وعبادته والاتصاف بالأوصاف الحسنة ولا يمر على عبد يوم وليلة إلا ويمكن أن يكون موته فيه.

3.Lamun anjeun maca atawa nalaah elmu , mangka sakuduna elmu anjeun eta bisa ngomean hate anjeun, jeung mersihkeun jiwa anjeun. Saperti, saumpamana anjeun nyaho umur anjeun mung kantun saminggu mangka tangtu anjeun hanteu sibuk kalawan elmu-elmu fiqih, akhlaq, ushul, kalam jeung sabagianna. Sabab lamun nyaho yen elmu-elmu ieu hanteu perlu pikeun anjeun.tatapina, anjeun bakal sibuk kalayan muroqobah hate, wanoh kana sifat-sifat nafsu jeung malengos kakaitan kalayan dunya. Anjeun mersihkeun jiwa anjeun tina akhlak-akhlak anu dicacad. anjeun sibuk ku cinta jeung ibadah ka Allah Ta`alaa jeung ngabogaan sifat kalawan sifat-sifat anu alus. Hanteu ngaliwat hiji poe atawa hiji peuting kajaba mumkin sasaurang maot dijerona.


أيها الولد: إسمع مني كلاما آخر وتفكر فيه حتى تجد خلاصا: لو أنك أخبرت أن السلطان بعد أسبوع يجيئك زائرا فأنا أعلم أنك في تلك المدة لا تشتغل إلا بإصلاح ما علمت أن نظر السلطان سيقع عليه من الثياب والبدن والدار والفراش وغيرها والآن تفكر إلى ما أشرت به فإنك فهم والكلام الفرد يكفي الكيس
Hei Anaking  ! Kudu ngarungu anjeun kana ucapan kaula anu sejen jeung kudu mikir anjeun, sahingga anjeun meunangkeun hiji kasimpulan nyaeta ;
Saumpaana anjeun dibere nyaho yen minggu hareup raja / pangawasa bakal datang ngadatangan anjeun, mangka kaula nyaho yen dijero waktu saminggu eta anjeun mung bakal sibuk ngabenahan perkara-perkara anu anjeun nyaho bakal katingali ku raja / pangawasa eta, naha mangrupa badan, imah, permadani ( tempat diuk ) jeung sajabana.
Ayeuna pikirkeun naon anu kaula tuduhkeun ka anjeun, tangtu anjeun faham.
Sakali nyarios eta ceukap pikeun jalma anu calakan.
قال سيدنا رسول الله (عليه الصلاة والسلام):
Rosululloh saw. Parantos ngadawuh :
"إن الله لا ينظر إلى صوركم ولا إلى أعمالكم ولكن ينظر إلى قلوبكم ونياتكم"
Saestuna Aloh hanteu ninggal kana wangun-wangun awak jeung pagawean-pagawean aranjeun, tatapina Alloh ninggal hate-hate jeung niat-niat araranjeun.
وإن أردت علم أحوال القلب فانظر إلى "الإحياء". وهذا العلم فرض عين وغيره فرض كفاية إلا مقدار ما يؤدى به فرائض الله تعالى وهو يوفقك حتى تحصله.
Lamun anjeun hayang nyaho perkara elmu hate, tinggal dijero Kitab Ihya Ulumiddin
Ilmu ngeunaan ieu hukumna fardhu ain. Sedengkeun anu sejen hukumna fardhu kifayah, kajaba sakira elmu anu dijieun migawe kawajiban-kawajiban ti Alloh Ta`alaa. Mugia Alloh bakal nulungan anjeun nepika anjeun hasil.
رابعاً: ألا تجمع من الدنيا أكثر من كفاية سنة كما كان سيدنا رسول الله (عليه الصلاة والسلام) يعد ذلك لبعض حجراته
4.Ulah ngumpulkeun dunya anjeun leuwih ti kacukupan anu disunahkeun. Sakumaha baheula Rosululloh Saw. Ngajangjikeunna pikeun sabagean para Ahli bait ( kulawarga cakeut ) manteunna .
وقال:
Manteunna parantos ngadawuh :
"أللهم اجعل قوت آل محمد كفافا".
Nun Gusti Pangeran abdi, mugi ngajanteunkeun kadaharan anu cekap pikeun keluarga Muhammad.
ولم يكن يعد ذلك لكل حجراته بل كان يعده لمن علم أن في قلبها ضعفا. وأما من كانت صاحبة يقين فما كان يعد لها أكثر من قوت يوم أو نصف.
Rosul hanteu ngajangjikeun eta pikeun saban kulawarga manteunna, tatapina baheula manteunna ngajangjikeunna pikeun jalma-jalma anu manteuna uninga lemah hatena. Anapon kulawarga manteuna anu gaduh kayakinan, mangka baheula manteuna hanteu ngajangjikeun leuwih ti tuang pikeun sapoe atawa satengah poe pikeun maranehna.  

Tujuh Pirang-pirang Rupi Hate


في سبعة الأنواع القلب

Dina mertelakeun Tujuh Pirang-pirang Rupi Hate

وَأَمَّا اْلقَلْبُ فَعَلَى سَبْعَةَ أَشْيَاءٍ : أَوَّلُهَا قَلْبُ اْلمَوْتِ وَهُوَ قَلْبُ اْلكَافِرُ وَنَفْسُهُ اْلأَمَّارَةُ الشَّيْطَانِيَّةُ وَهُوَ إِنْسَانُ لَفْظِيُّ وَشَيْطَانِيُّ مَعْنَوِيُّ

Anapon ari hate eta netepan kana 7 pirang-pirang bagean : Kahijina,Qalb al-Maut ( hate anu paeh ),nyatana hatena jalmi anu kafir, jiwana amaroh. Nurutkeun lafal manehna nyaeta saurang manusa,sedengkeun dina pangartianna manehna nyaeta saurang syetan.

وَثَانِيْهَا قَلْبُ اْلمَرِيْضِ وَهُوَ قَلْبُ اْلفَاسِقُ وَنَفْسُهُ السَّوِيَةُ الْحَيَوَانِيَّةُ وَالشَّيْطَانِيَّةُ وَهُوَ إِنْسَانُ نَاقِصٌ

Kadua,Qalb al-Maridh( hate anu gering ), nyatana hatena jalma anu fasek,jiwana sarua rejeung sato jeung syetan. nyaeta manusa anu kurang sampurna.

   
وَثَالِثُهَا قَلْبُ اْلكَاذِبِ  وَهُوَ قَلْبُ اْلمُنَافِقُ وَنَفْسُهُ اللَّوَّامَةُ  الْحَيَوَانِيَّةُ وَهُوَ إِنْسَانُ لَفْظِيُّ وَحَيَوَانِيُّ مَعْنَوِيُّ

Katilu,Qalb al-Kadzib( hate anu wadul ), nyatana hate jalma munapek,jiwana lowwamah hayawaniyyah nurutkeun lafal manehna nyaeta jalma sedengkeun pangartianna sabenerna manehna nyaeta jiwana seperti sato.

وَرَابِعُهَا قَلْبُ السَّالِمِ وَهُوَ قَلْبُ الْمُؤْمِنُ الصَّالِحُ وَنَفْسُهُ الْمُطْمَئِنَةُ اْلمُحَمَّدِيَّةُ الَّتِي كُشِفَتْ إِلَى عَالَمِ النَّاسُوْتِ وَهُوَ أَهْلُ  الشَّرِيْعَةُ

Kaopat,Qalb al-Salim( hate anu salamet ), nyatana hatena jalmi mu’min anu sholih. Jiwana nyaeta “muthma’innah al-muhammadiyyah,anu dibukakeun jalan ka “ ‘alam an-nasut”. Ari eta  Qalb al-Salim nyaeta Qalb ahli syareat. 

وَخَامِسُهَا قَلْبُ التَّوَجُّهِ وَهُوَ قَلْبُ الْمُؤْمِنُ اْلكَامِلُ الَّذِي قَدْ كُشِفَ إِلَى عَالَمِ الْمَلَكُوْتِ وَهُوَ أَهْلُ  الطَّرِيْقَةُ

Kalima,Qalb al-Tawajjuh( hate anu madep ), nyatana hatena jalmi mu’min anu sampurna,anu atos dibukakeun jalan ka alam al-malakut. Ari eta  Qalb al-Tawajjuh nyaeta Qalb ahli thoriqoh.


وَسَادِسُهَا اْلقَلْبُ الْمُجَرَّدِ وَهُوَ قَلْبُ الْمُؤْمِنُ اْلكَامِلُ الَّذِي قَدْ كُشِفَ إِلَى عَالَمِ الجبروت وَهُوَ أَهْلُ  الْحَقَيْقَةُ

Kagenep,Qalb al-Mujarrad( hate anu murni ), nyatana hatena jalmi mukmin anu sampurna,jeung geus dibukakeun jalan ka ‘alam al-jabarut. Ari eta Qalb al-Mujarrad nyaeta Qalb ahli hakekat.


وَسَابِعُهَا اْلقَلْبُ الرَّبَّانِيِّ وَهُوَ قَلْبُ الْمُؤْمِنُ الَّذِي شَدِيْدُ شُهُوْدُهُ وَفَنَاءُهُ فِي ذَاتِهِ تَعَالَى وَهُوَ أَهْلُ  اْلمَعْرِفَةُ

Katujuh ,Qalb al-Robbany ( hate anu boga sipat Kapangeranan ), nyatana, hatena jalmi mu`min anu kiat ibadah sarta fanana ka Dzat Allah Ta’ala. Ari eta Qalb al-Rabbany  nyatana Qalb ahli ma`rifah.

 وَقَالَ اْلقُطْبُ اْلأَوْتَادِ الرُّوْحَانِيِّ وَاْلغَوْثُ اْلفَتْحِ الرَّبَّانِيِّ سَيِّدِى الشَّيْخُ عَبْدُ اْلقَادِرِ الْجَيْلَانِيِّ رَحِمَهُ اللهُ : وفى القلب خواطر ستة  : أحدها : خاطر النفس والثانى خاطر الشيطان والثالث خاطر الروح والرابع خاطر الملَك والخامس خاطرا لعقل والسادس خاطر اليقين
Parantos ngadawuh Wali Qutbul Autadir Ruhaniy wa Gautsul Fathir Robbany Sayyidisy Syekh Abdul Qodir Al-Jailany Rhm. : “Dijero hate manusa eta aya 6 pirang-pirang geduran nyatana :
1.Geduran Nafsu
2.Geduran Syetan
3.Geduran Ruh
4.Geduran Malaikat
5.Geduran Akal
6.Geduran Kayakinan

فخاطر النفس يأمر بتناول الشهوات ومتابعة الهوى المباح منه والجرح

Geduran Nafsu salawasna marentah pikeun minuhan syahwat jeung nuturkeun hawa nafsu

وخاطر الشيطان يأمر في الأصل بالكفر والشرك والشكوى والتهمة لله عز وجل في وعده  وفي الفرع بالمعاصي والتسويف بالتوبة  وما فيه هلاك النفس في الدنيا والآخرة فالخاطران مذمومان محكوم لهما بالسوء، وهما لعموم المؤمنين وخاطر الروح وخاطر الملَك يردان بالحق والطاعة لله عز وجل، وما يكون عاقبته سلامة الدنيا والآخرة  ، وما يوافق العلم فهما محمودان لا يعدمهما خصوص الناس وأما خاطر العقل فتارة يأمر بما تأمر به النفس والشيطان وتارة بما يأمر به الروح والملَك وذلك حكمة من الله وإتقان لصنعه، ليدخل العبد في الخير والشر بوجود معقول وصحة شهود وتميز، فيكون عاقبة ذلك من الجزاء والعقاب عائداً له وعليه؛ لأن الله تعالى جعل الجسم مكاناً لجريان أحكامه، ومحلاً لنفاذ مشيئته في مباني حكمته، كذلك جعل العقل مطية الخير والشر، يجري معهما في خزانة الجسم إذ كان مكاناً للتكليف وموضعاً للتصريف وسبباً للتعريف العائد إلى لذة النعيم أو عذاب أليم. وأما خاطر اليقين  وهو روح الإيمان ومورد العلم  فيرد من الله تعالى ويصدر عنه، وهو مخصوص بخواص من الأولياء الموقنين الصديقين والشهداء والأبدال، لا يرد إلا بحق وإن خفي وروده ودقّ مجيئه، ولا ينقدح إلا بعلم لدني وأخبار الغيوب وأسرار الأمور، فهو للمحبوبين والمرادين والمختارين الفانين بالله فيه عنهم، الغائبين عن ظواهرهم، الذين انقلبت عبادتهم الظاهرة إلى باطنة، ما خلا الفرائض والسنن المؤكدات فهؤلاء أبداً في مراقبة بواطنهم، والله تعالى يتولى تربية ظواهرهم

Geduran Syetan marentah kana kufur , syirik, rumahuh jeung nyempad Alloh Swt. Jeung marentah kana sadaya perkara anu ngajurus kana kasasaran jeung karuksakan
Sedengkeun geduran Ruh jeung Malaikat salawasna marentah kana bebeneran jeung kathoatan ka Alloh sarta maparin kasaean didunya jeung akherat.Eta dua geduran ( tegesna geduran Ruh jeung Malaikat )mangrupikeun dua perkara anu dipuji, sedengkeun geduran akal , terkadang akal marentah migawe naon anu diparentahkeun ku nafsu jeung setan jeung terkadang akal marentah migawe naon anu  diparentahkeun ruh jeung malaikat eta mangrupikeun hikmah ti Alloh , supaya manusa bisa asup kajero kaalusan atawa kagorengan kalawan panileyan akalna , eta dua pilihan eta bakal ngalahirkeun ganjaran atawa siksaan Alloh parantos ngajantenkeun awak ieu tempat kalakuna pirang-pirang hukumna sakaligus tempat pikeun kalakuna ngersakeunna  Alloh, sareng Alloh parantos ngajanteunkeun akal pangbeda antara kaalusan jeung ka gorengan anu tina duanana eta bakal ngakibatkeun kana datangna ganjaran atawa siksaan , gumantung kana naon anu ditangtukeun. sedengkeun geduran kayakinan mangrupikeun ruh kaimanan jeung sumber elmu, geduran ieu sumberna ti Alloh jeung ngagaduhan sifat khusus kalawan rupi-rupi kaistimewaan, geduran ieu dipimilik ku para  wali anu leres-leres taqwa jeung para syuhada . mangka ieu pirang-pirang jalma anu dipikacinta , diharepkeun jeung dipilih ku Alloh. Ibadah aranjeunna balik deui tina lahir kana batin . aranjeunna ngajalankeun ibadah wajib jeung ibadah sunnah anjeunna nyaeta jalma-jalma anu salawasna aya dijero pangawasan Alloh SWT. Alloh bakal nangtayungan lahiriah aranjeunna.

 كما قال عز وجل في كتابه العزيز إن وليي الله الذي نزل الكتاب وهو يتولى الصالحين [الأعراف:196

Sakumaha pidawuh Alloh SWT.:”Saestuna panyalindungan kaula nyaeta Alloh anu parantos nurunkeun Al-Kitab (Al-Qur`an) sareng Alloh nangtayungan pirang-pirang jalma anu sarolih “.

تولاهم وكفاهم، وشغل قلوبهم بمطالعة أسرار الغيوب، ونورها بالتجلي في كل قريب، فاصطفاهم لمحادثته، واختصهم بالأنس به والسكون إليه والطمأنينة لديه، فهم في كل يوم في مزيد علم ونمو معرفة وتوفير نور وقربٍ من محبوبهم ومعبودهم، وهم في نعيم لا نفاد له، وآلاء لا انقطاع لها، وسرور لا غاية له ولا منتهى فإذا بلغ الكتاب أجله وانتهى ما قدر لهم من البقاء فى دار الفناء نقلهم منها بأحسن الانتقال كما ينقل العروس من حجرة إلى دار من الأدنى إلى الأعلى فالدنيا فى حقهم جنة وفى الآخرة لأعينهم قرة وهو النظر إلى وجهك الكريم من غير حجاب

Salajeungna hate anjeunna disibukkeun pikeun nalaah rupi-rupi rusiah goib, sahingga aranjeunna kengeng katenangan , saban poe elmu aranjeunna nambahan jeung ma`rifat aranjeunna teras mekar sahingga dunya ieu pikeun aranjeunna mangrupikeun surga . jeung jaganing geto di akherat aranjeunna bakal kengeng kabagjaan jeung katenangan sarta kengeng kasempetan ninggal raray ( kakawasaan ) Alloh anu maha mulya kalawan hanteu aya hahalang ( tegesna ninggal kalawan soca mastakana aranjeunna ).

كَمَا قَالَ اللهُ تَعَالَى : وُجُوْهٌ يَّوْمَئِذٍ نَاضِرَةٌ  إِلَى رَبِّهَا نَاظِرَةٌ

sakumaha pidawuh Alloh Swt.:” Raray-raray ( pirang-pirang  jalma mu`min ) dina eta poe berseri-seri/ marahmay, ka Pangeran-Na aranjeunna ninggal ( kalawan soca mastaka di akherat )
( Q.S. al-Qiyamah 75 : 22 )

وَقَوْلُهُ تَعَالَى  : لِلَّذِيْنَ أَحْسَنُوْا الْحُسْنَى وَزِيَادَةٌ
Sareung dawuhan-Na  Swt. :”pikeun jalma-jalma anu nyieun kahadean , aya ganjaran anu pangsaena ( nyatana surga ) sareung tambihanna ( nyatana kani`matan ninggal Alloh kalawan soca mastaka di akherat )( Q.S. al-Yunus  10  : 26 )

وَقَالَ النَّبِيُّ صلعم : إِنَّكُمْ سَتَرَوْنَ رَبَّكُمْ كَمَا تَرَوْنَ اْلقَمَرَ لَيْلَةَ اْلبَدْرِ لَا تَضَامُوْنَ فِي رُؤْيَتِهِ يَوْمَ اْلقِيَامَةِ

Sareung dawuhan Kangjeung  Nabi Saw. :”Saestuna aranjeun ( pirang-pirang  jalma mu`min ) bakal ninggal Pangeran aranjeun sakumaha aranjeun ninggal  bulan purnama sareung hanteu ngarasa mangmang aranjeun ningali-Na Swt. Di poe qiamat. ( hadits shahih anu dikaluarkeun ku Imam Ahmad , Asy-Syaikhan ( nyatana Imam Bukhori sareung Imam Muslim ) tur sadaya  Al-Jama`ah.

MARTABAT PIRANG-PIRANG NAFSU JEUN BAGEANNA


بيان مراتب النفوس وأنواعها
DINA MERTELAKEUN MARTABAT PIRANG-PIRANG NAFSU JEUN BAGEANNA

قال بعض الحكماء النفس وهو ما كان معلولاً من أوصاف العبد مذموماً من أخلاقه وأفعاله
Parantos ngadawuh sapalihna Para Wali :"Nafsu nyaeta perkara anu dicawad dina pirang-pirang sifat Abdi , akhlak abdi sareung padameulan abdi
ثم إن المعلولات من أوصاف العبد على ضربين: أحدهما: ما يكون كسباً له؛ كمعاصية ومخالفته.
.
Tingkahlaku anu dicawad tina pirang-pirang sifat abdi kabagi kana 2 bagean :
1.ngabogaan sifat upaya ti abdi saperti pagawean maksiat sareung mungkir kana parentah sareung larangan.
والثاني: أخلاقه الدنيئة، فهي في أنفسها مذمومة، فإذا عالجها العبد ونازلها، تنتفي عنه بالمجاهدة تلك الأخلاق على مستمر المادة.
2.tingkah lacuna anu goreng dijero dirina anu dicawad.
Mangka terapi cara nyageurkeunna pikeun diri abdi nyaeta bajoang ngalawan kahinaan tingkah laku eta anu tos jadi kabiasaan sapopoe.

والقسم الأوَّل من أحكام النفس: ما نهي عنه نهي تحريم، و نهي تنزيه.
Dina sifat anu kahiji kaleubeut pirang-pirang hukum nafsu  nyaeta pirang-pirang perkara anu dilarang satara rejeung kaharaman atanapi larangan anu ngabogaan sifat dibendu,
وأما القسم الثاني، من قسمي النفس: فسفساف الأخلاق، والدنيء منها.
وهذا حُّه على الجملة. ثم تفصيلها: فالكبر، والغضب، والحقد، والحسد، وسوء الخلق، وقلَّة الاحتمال، وغير ذلك من الأخلاق المذمومة.
sedeungkeun dina sifat anu kadua mangrupi kagorengan sareung kahinaan akhlak. Ieu wateusan umumna, lajeung wincikanna sapertos takabur, amarah, dendam , sirik ( ngewa), goreng akhlak, saeutik syukuran, sareung anu sanesna anu kagolong akhlak anu dicawad.

قال الإمام القشيري رحمه الله تعالى النفس وهو لطيفة مودعة في هذا القالب، هي محل الأخلاق المعلومة.
Parantos ngadawuh imam qusyairy rhm. Nafsu nyaeta nuansa leuleumeus  anu aya dijero hate nyaeta tempatna akhlak anu di cawad
كما أن الروح: لطيفة، مودعة في هذا القالب هي محل الأخلاق المحمودة
Sakumaha ruh anu mangrupikeun nuansa leuleumeus di jero hate namung salaku tempat akhlak anu dipuji

أى محل الأوصاف الحميدة: القلب والروح ومحل الأوصاف المذمومة: النفس.
Tegesna Pirang-pirang sifat anu pinuji tempatna nyaeta hate sareung ruh
Sedengkeun Pirang-pirang sifat anu dicawad tempatna nyaeta Nafsu.
كما يصح أن يكون البصر محلَّ الرؤية، والأذن محل السمع، والأنف محل الشم، والفم محلَّ الذوْق، والسميع، والبصير والشامُّ، والذائق إنما هي الجملة. التي هي الإنسان
Sapertos saleureusna soca salaku tempat ninggal, ceupil salaku tempat ngarungu, pangambung salaku tempat ngangseu, baham salaku tempat rasa. Mangka nyakitu deui jalma anu ngarungu, anu ninggal, anu ngangseu jeung anu ngarasakeun , sakabehna kaasup dijero bagan manusa.


فالنفس سبع مراتب
Mangka ari nafsu eta aya tujuh pirang-pirang martabat:
فالأولى الأمارة وهى التى تأمر بالسوء ولاتأمر بالخير
1.Nafsu Amarah nyaeta nafsu anu marentah kagorengan jeung jarang marentah kana kaalusan.
ومحلها الصدر، وجنودها: البخل, والحرص, والحسد, والجهل, والكبر, والشهوة, والغضب.
Jeung ari tempatna  eta dada jeung ari pirang-pirang balad tentarana eta koret, kadedeumeus, hasud,bodo, gumeude, syahwat jeung ngambeuk

والثانية اللوامة وهى التى تغلب صاحبها ثم ترجع عليه باللوم على ما وقع منه لكونها أذعنت للحق بسبب المجاهدة
2.Nafsu Lawwamah nyaeta nafsu anu ngelehkeun anu ngamilikna lajeung balik deui ka anjeunna kalawan cawadan kana naon anu geus karandapan sabab kaayaanna anu tiasa ngarungukeun kasaean kalawan sabab mujahadah ( bajoang ngalawan hawa nafsu eta ).
ومحلها القلب، وهو تحت الثدي الأيسر بقدر أصبعين، وجنودها: اللوم, والهوى, والمكر, والعجب, والغيبة, والرياء, والظلم, والكذب, والغفلة.
Jeung ari tempatna  eta hate jeung ari tempatna  hate eta dihandapeun susu  anu Beulah kenca kalawan kira-kira dua ramo jeung ari pirang-pirang balad tentarana eta nyeula, hawa, ngawujuk , ujub, ngupat, riya, zholim, ngabohong, jeung lali


والثالثة الملهمة  وهى التى ألهمت فجورها وتقواها بسبب المجاهدة
3.Nafsu Mulhimah  nyaeta nafsu anu tiasa ngailhamkeun kajahatan sareung kataqwaanna kalawan sabab mujahadah
ومحلها الروح، وهو تحت الثدي الأيمن بقدر أصبعين، وجنودها: السخاوة, والقناعة, والحلم, والتواضع, والتوبة, والصبر, والتحمل.
Jeung ari tempatna  eta ruh jeung ari tempatna ruh eta dihandapeun susu  anu Beulah katuhu kalawan kira-kira dua ramo jeung ari pirang-pirang balad tentarana eta berehan, qonaah, hilim , tawadhu, tobat, shobar jeung mikul pilara

والرابعة المطمئنة وهى التى اطمأنت إلى مكارم الأخلاق
4.Nafsu Muthmainnah  nyaeta nafsu anu teunang kana pirang –pirang kamulyaan akhlak ( akhlak mulya )
ومحلها: السر, وهو في جانب الثدي الأيسر بقدر أصبعين إلى جهة الصدر، وجنودها: الجود, والتوكل, والعبادة, والشكر, والرضا, والخشية.
Jeung ari tempatna  eta rasa  jeung ari tempatna rasa eta digigir susu  anu beulah kenca kalawan kira-kira dua ramo ka jihat dada jeung ari pirang-pirang balad tentarana eta loman, tawakkal, ibadah, syukur, ridho, jeung sieun ku Alloh.

والخامسة الراضية وهى التى رضيت بالله ربا من غير منازعة باطنية بسبب المجاهدة
5.Nafsu Rodhiyyah nyaeta nafsu anu Ridho yen Pangeran eta Alloh  kalawan teu aya patojaiyah bathin kalawan sabab mujahadah
ومحلها: سر السر, ولعل المراد بها القالَب _ بالألف بعد القاف وبفتح اللام، وهو جميع الجسد، وجنودها: الكرم, والزهد, والإخلاص, والورع, والرياضة, والوفاء.
Jeung ari tempatna  eta rusiah rasa  jeung Manawa-manawa anu dikarepkeun kalawan rusiah rasa eta qolab kalawan make alif saparantos qof jeung kalawan fatah lam jeung ari qolab eta sakabehna jasad  jeung ari pirang-pirang balad tentarana eta berehan ( karom ), zuhud, ikhlash, waro, riyadhoh jeung nyumponan ( wafa )

والسادسة المرضية وهى التى تجلى الله عليها بالرضا والعفو عمامضى
6.Nafsu Madhiyyah  nyaeta nafsu anu tajali Alloh kana eta nafsu kalawan karidhoan jeung pangampura kana naon anu geus kaliwat.
ومحلها الخفي: وهو في جانب الثدي الأيمن بقدر أصبعين إلى أوسط الصدر, وجنودها: حسن الخلق, وترك ما سوى الله, واللطف بالخلق, وحملهم على الصلاح والصفح عن ذنوبهم وحبهم، والميل إليهم لإخراجهم من ظلمات طبائعهم وأنفسهم إلى أنوار أرواحهم.
Jeung ari tempatna  eta khofi  jeung ari tempatna khofi eta digigir susu  anu beulah katuhu kalawan kira-kira dua ramo ka tengah-tengah dada jeung ari pirang-pirang balad tentarana eta  pialus kalakuan, ninggalkeun perkara anu salian Alloh, lemah lembut ka makhluk, ngajurung laku jalma-jalma kana kaberesan, ngahampura tina pirang-pirang dosa jalma-jalma , mikacinta ka jalma-jalma, condong ka jalma-jalma pikeun ngaluarkeun jalma-jalma tina popoek kana pirang-pirang watekna jalma-jalma jeung pirang-pirang nafsuna jalma-jalma kana pirang-pirang cahaya pirang-pirang ruhna jalma-jalma

والسابعة الكاملة وهى التى صارت الكمالات لها طبعا وسجية
7.Nafsu Kamilah nyaeta nafsu anu mana sagala kasampurnaan parantos karandapan pikeun eta nafsu salaku hiji tabeat jeung wateuk

ومحلها الأخفى: وهو وسط الصدر، وجنودها: علم اليقين, وعين اليقين, وحق اليقين.
Jeung ari tempatna  eta Akhfa  jeung ari tempatna Akhfa eta tengah-tengah dada jeung ari pirang-pirang balad tentarana eta elmu yaqin , Ainul Yaqin jeung haqqul yaqin.


قال العمري : فرع الإيمان ثلاثة : علم اليقين وهو ماحصل من نظر واستدلال علم قطعيا
Parantos ngadawuh Sayyiduna Al-Umari : Ari cabang Iman eta aya 3 rupi :
1.Elmu yaqin nyaeta hasil paningali kalawan dalil ( bukti ) elmu barina pasti

وعين اليقين وهو ماحصل من مشاهدة وعيان
2.Ainul Yaqin nyaeta hasil tina panyaksian barina nyata
وحقّ اليقين  وهو ماحصل عن العيان مع المباشرة
3 Haqqul yaqin nyaeta naon anu karandapan barina nyata sarta ngadadak
فالأول كمن علم بالعادة أنّ فى البحر ماء
Mangka anu kahiji saperti jalma anu uninga yen dilaut eta aya cai
والثانى والثالث : كمن خاض فيه واغتسل وشرب منه
Anu kadua jeung ka tilu saperti jalma anu terjun ka jero cai pikeun mandi jeung nginum tina eta cai
فعلم اليقين يكتسب ، وعين اليقين حاله
Mangka elmu yaqin bisa di usahakeun, sedengkeun Ainul yaqin saperti eta oge
وحقّ اليقين فناء ، وهو الذى حق استقراره فى القلب فلم يكن يزول بعد ذلك بدليل آخر فما كل علم اليقين يحق له هذا الاستقرار ، وإلا فأين يقين الأنبياء عليهم الصلاة والسلام من يقين آحاد الأمة ؟ 
jeung Haqqul Yaqin Langgeung , jeung nyaeta anu ngabogaan haq tumeuteup di jero hate jeung sanggeus eta moal rek ngaleungit. Kalawan dalil sejen , mangka hanteu sakabeh elmu yaqin ngabogaan haq tumeuteup, jeung lamun kitu, mangka dimana posisi kayakinan para nabi a.s. tina kayakinan pirang-pirang manusa

وقال الإمام القشيري رحمه الله تعالى فعلم اليقين وهو ما كان بشرط البرهان وعين اليقين ما كان بحكم البيان وحقّ اليقين ما كان بنعت العيان
Parantos ngadawuh Imam Qusyairi rhm. :
1.Elmu yaqin nyaeta perkara anu aya kalawan syarat ayana bukti
2.Ainul Yaqin nyaeta perkara anu aya kalawan dibarengan kajeulasan
3 Haqqul yaqin nyaeta perkara anu aya kalawan pirang-piang sifat anu mareungan kanyataan
فعلم اليقين لأرباب العقول وعين اليقين لأصحاب العلوم وحقّ اليقين لأصحابه المعارف
-Elmu yaqin pikeun pirang-pirang jalma anu baroga akal
-Ainul Yaqin pikeun pirang-pirang jalma anu baroga elmu
-Haqqul yaqin pikeun pirang-pirang jalma anu ma`rifat

وقال العمري : الإيمان خطرات عند غيبتهم عن الحضرة ، واليقين ثابت لدوام الحضور ،
Parantos ngadawuh Sayyiduna Al-Umari : ari iman eta mangrupa pirang-pirang lintasan hate nalika ka hanteu hadiran ti al-hadrah jeung yaqin nyaeta teuteup salami hadir ,
فمن صحّ علمُه صحَّت عقيدتُهُ ،
mangka singsaha jalma anu bener elmuna mangka bener aqidahna,
ومن صحَّت عقيدتُهُ صحّ إيمانه ،
jeung bener singsaha jalma anu bener aqidahna mangka bener imanna .
ومن صحّ إيمانه صحَّت معرفتُهُ ،
jeung singsaha jalma anu bener imanna mangka bener ma`rifatna.
ومن صحَّت معرفتُهُ صحَّ توحيده ،
jeung singsaha jalma anu bener  ma`rifatna mangka bener tauhidna.
ومن صحَّ توحيده فى الدنيا صحَّت رؤيتُهُ فى الأخرى ،
Jeung singsaha jalma anu bener tauhidna di dunya mangka bener pateupangna reujeung Alloh di akherat.
فالإيمان هو أصل اليقين ، وعلم اليقين و عين اليقين وحقّ اليقين فروعه ، وبعضها أبلغ من بعض
Mangka ari iman nyaeta dasar tina yaqin, jeung ari elmu yaqin , Ainul Yaqin jeung haqqul yaqin eta pirang-pirang cabangna jeung sabagean ngaleuwihan sabagean anu sejen.

وقد جاء فى الخبر : الإيمان يقين كله
Jeung nyata Parantos datang ( diteurangkeun ) dina hadits :”Iman nyaeta kayakinan halna sakabehna “.