فى تذكير الإمام الغزالى رحمه الله
إعلم : إني أنصحك بثمانية أشياء إقبلها مني لئلا يكون علمك خصما عليك يوم القيامة. تعمل منها أربعة وتدع منها أربعة.
Kanyahokeun ku anjeun! Kaula amanah ka anjeun kana 8 perkara. Kudu narima anjeun ti kaula, supaya elmu anjeun hanteu ngadebat anjeun jaga di poe qiamah
Kudu migawe anjeun kana 4 perkara diantawisna jeung kudu ninggalkeun anjeun kana 4 perkara anu sejenna
أما الأربعة اللواتي تدع:.
Anapon 4 perkara anu kudu anjeun kantunkeun nyaeta :
أولاً:
ألا تناظر أحدا في مسألة ما استطعت لأن فيها آفات كثيرة فإثمها أكبر من
نفعها إذ هي منبع كل خلق ذميم كالرياء والحسد والكبر والحقد والعداوة
والمباهاة وغيرها. نعم لو وقع مسألة بينك وبين شخص أو قوم وكانت إرادتك
فيها أن يظهر الحق ولا يضيع جاز البحث.
1.Ulah diskusi anjeun reujeung hiji jalma dina hiji perkara ( elmu ) anu can mampuh anjeun ( tegesna can kaceukeul elmuna ). Sabab
hiji perkara eta ngandung bahaya anu loba. Dosana leuwih loba tibatan
manfaatna.sabab eta nyaeta sumber akhlak anu dicacad, saperti riya,
hasud , adigung, dendam, mumusuhan, ngagulkeun diri, jeung
sanes-sanesna.
Sumuhun, saumpamana karandapan hiji perkara masalah antara anjeun jeung salah sahiji jalma atanapi qoum sedengkeun maksad anjeun nyaeta nembongkeun bebeneuran sareung hanteu ngamomorekeunna mangka meunang anjeun ngabahas
لكن لتلك الإرادة علامتان:
.tatapina, maksad atanapi tujuan sapertos kitu teh eta ngagaduhan 2 tanda
أحداهما: ألا تفرق بين أن ينكشف الحق علي لسانك أو علي لسان غيرك.
:
a. hanteu ngabenteun-benteunkeun anjeun naha bebeneuran eta kabuka ngaliwatan biwir anjeun atanapi ngaliwatan biwir jalma lian
والثانية: أن يكون البحث في الخلاء أحب إليك من أن يكون في الملا.
واسمع
إني أذكر لك ها هنا فائدة واعلم أن السوال عن المشكلات عرض مرض القلب إلى
الطبيب والجواب له سعي لإصلاح مرضه. واعلم أن الجاهلين المرضي قلوبهم
والعلماء الأطباء والعالم الناقص لا يحسن المعالجة والعالم الكامل لا يعالج
كل مريض بل يعالج من يرجو قبول المعالجة والصلاح وإذا كانت العلة مزمنة أو
عقيما لا تقبل العلاج فحذاقة الطبيب فيه أن يقول هذا لا يقبل العلاج فلا
تشتغل فيه بمداواته لأن فيه تضييع العمر.
.
b.eta bahasan dipigawe di tempat anu sepi leuwih dipikareuseup anjeun tibatan ditempat anu rame atanapi ririungan.
Kupingkeun ku anjeun ! didieu kaula nyebatkeun ka anjeun hiji faedah . jeung kanyahokeun ku anjeun yen
tataros ngeunaan perkara-perkara anu hese nyaeta saperti nyodorkeun
nyeuri hate ka dokter jeung jawabannana nyaeta usaha pikeun
nyageurkeunna . kanyahokeun ku anjeun , yen jalma-jalma bodo nyaeta jalma-jalma anu nyeuri hatena sedeungkeun U`lama nyaeta dokter-dokterna. Jalma
a`lim anu kirang elmuna hanteu alus ngubarannana. Sedengkeun jalma
a`lim anu sampurna hanteu bisa ngubaran saban jalma geuring, tatapina
manehna bisa ngubaran jalma anu manehna hareupkeun daek uubar jeung
hayang cageur. Lamun geuringna nyaeta panyakit tataunan atanapi mandul
mangka panyakit eta teu bisa di ubaran. Jadi, dokter anu calakan bakal
nyarios :” Panyakit eta teu bisa di ubaran “. Mangka ulah sibuk anjeun
uubar sabab eta ngamomorekeun kana umur.
ثم اعلم أن مرض الجهل على أربعة أنواع:
Kanyahokeun ku anjeun, ari panyakit kabodoan eta aya 4 rupa panyakit anu bisa diubaran jeung anu henteu ( bisa di ubaran ) :
Anapon ( panyakit ) anu hanteu bisa di ubaran nyaeta :
(1) يقبل العلاج والباقي لا يقبل.
أما
الذي لا يقبل العلاج كان اعتراضه عن حسده وبغضه فكلما تجيبه بأحسن الجواب
وأفصحه وأوضحه فلا يزيد له ذلك إلا بغضا وعداوة وحسدا فالطريق ألا تشتغل
بجوابه فقد قيل: كل العداوة قد ترجي إزالتها إلا عداوة من عاداك عن حسد
فينبغي
أن تعرض عنه وتتركه مع مرضه. قال الله تعالى: "فأعرض عمن تولي عن ذكرنا
ولم يرد إلا الحياة الدنيا". والحسود بكل ما يقول ويفعل يوقد النار في زرع
عمله كما قال النبي (عليه الصلاة والسلام): "ألحسد يأكل الحسنات كما تأكل
النار الحطب".
1. jalma anu naros jeung anu pangaduannana eta jalma bijil tina rasa hasud jeung ijid.
Mangka saban kali anjeun ngajawabna kalayan jawaban anu
pang alusna, pas tur eces tangtu waleuran anjeun eta mung nambihan
kaijidan, pupusuhan jeung hasudna. Jadi, jalanna nyaeta ulah sibuk
anjeun pikeun ngawaleurna. Nyata parantos dicarioskeun :
“saban pupusuhan terkadang bisa dihareupkeun leungitna kajaba pupusuhan jalma anu musuhan anjeun sabab hasud”.
Mangka sakuduna anjeun malengos ti eta jalma jeung nganteupkeunna geuring .
Allah Swt. Parantos ngadawuh :
“ mangka kudu malengos anjeun ti jalma anu malengos tina dzikir / i`badah Ka kaula jeung mung ngahayangkeun kahirupan dunya”.
Hasud
kana saban perkara anu dicaritakeun jeung dipigawe hiji jalma eta bisa
ngahurungkeun seuneu dina pepelakan a`mal. Sakumaha pidawuh Kangjeung
Nabi Saw. :
“ ari hasud eta bisa ngadahar beak kaalusan-kaalusan saperti seuneu ngadahar suluh “.
(2) أن تكون علته من الحماقة وهو أيضا لا يقبل العلاج.
كما
قال عيسى (عليه السلام): "إني ما عجزت عن إحياء الموتى وقد عجزت عن معالجة
الأحمق". وذلك رجل يشتغل بطلب العلم زمنا قليلا ويتعلم شيئا من العلم
العقلي والشرعي فيسأل ويعترض من حماقته على العالم الكبير الذي مضى عمره في
العلوم العقلية والشرعية وهذا الأحمق لا يعلم ويظن أن ما أشكل عليه هو
ايضا مشكل على العالم الكبير. فإذا لم يعلم هذا القدر يكون سؤاله من
الحماقة. فينبغي ألا تشتغل بجوابه.
2.. Panyakitna bijil tina katololan.
Ieu oge teu bisa diubaran, sakumaha pidawuh Nabi Isa As. : “ Kaula Mampuh ngahirupkeun jalma-jalma anu maot ( kalayan widi Alloh ), tapi nyata kaula hanteu mampuh ngubaran jalma tolol “
Jalma
tolol nyaeta jalma anu anu sibuk neangan elmu dina waktu anu singget (
ringkeus saperti sapoe langsung hayang bisa ngaji tuluy ngajar ), jeung
diajar saeutik elmu aqal jeung agama.
Lajeung sabab katololannana manehna tumaros jeung
ngadu ka salah sawios U`lama geude anu parantos nyeepkeun umur na pikeun
nalaah elmu-elmu aqal jeung agama. Si tolol ieu teu nyaho jeung teu
apal yen naon anu hese pikeun manehna eta oge hese pikeun eta U`lama pikeun ngajeulaskeunna ka si tolol .Lamun salah sahiji jalma hanteu nyaho ieu ukuran maka tatarosna eta sabab katololanna.
Jadi, sakuduna anjeun hanteu sibuk pikeun ngajawabna.
(3) أن يكون مسترشدا.
وكل
ما لا يفهم من كلام الأكابر يحمل على قصور فهمه وكان سؤاله للاستفادة لكن
يكون بليدا لا يدرك الحقائق فلا ينبغي الاشتغال بجوابه ايضا كما قال رسول
الله (صلي الله عليه وسلم): "نحن معاشر الأنبياء امرنا أن نكلم الناس على
قدر عقولهم".
3. si “ geuring” nyatana jalma anu menta pituduh.
Saban
perkara anu hanteu faham ( eta si geuring ) tina cariosan pirang-pirang Gegeden ( U`lama ) karandapan sabab deet famahamanna. Tatanya manehna
pikeun diajar tapi manehna nyaeta jalma anu bangeut bodo
jeung teu ngarti elmu-elmu anu jero. Mangka, sakuduna hanteu sibuk
anjeun ngawaler patarosanna oge.
Sabab Rosululloh Saw. Parantos ngadawuh :
“ Kaula sadayana para nabi diparentah pikeun nyarios ka manusa numutkeun ka mampuhan aqalna”.
(4) أما المرض الذي يقبل العلاج فهو أن يكون مسترشدا عاقلا.
فهما
لا يكون مغلوب الحسد والغضب وحب الشهرة والجاه والمال ويكون طالب الطريق
المستقيم ولم يمن سؤاله واعتراضه عن حسد وتعنت وامتحان. وهذا يقبل العلاج
فيجوز أن تشتغل بجواب سؤاله بل يجب عليك إجابته.
Anapon Panyakit anu bisa diubaran :
(
4 ) nyaeta jalma anu menta pituduh, bisa mikir, jeung bisa faham, anu
hanteu dibarengan ku hasud, kaijidan, cinta syahwat jeung jabatan sarta
harta banda. Tatapina eta jalma neangan jalan anu leumpeung jeung tatanyana sarta pangaduanna hanteu bijil tina hasud, rewel jeung ngeutes. ieu jalma bisa di ubaran.
Mangka meunang anjeun sibuk ngajawab patarosanna, sanes wajib ngajawabna.
ثانياً:
مما تدع هو أن تحذر من أن تكون واعظا ومذكرا لأن فيه آفة كثيرة إلا أن
تعمل بما تقول أولا ثم تعظ به الناس. فتفكر فيما قيل لعيسى (عليه السلام):
"يا ابن مريم عظ نفسك فإن اتعظت فعظ الناس وإلا فاستح من ربك".
2. kaleubeut perkara anu kudu ajeun kantukeun, nyaeta sakuduna anjeun sieun jadi panasehat jeung janteun juru pepeling ( tukang ngelingan batur ).
Sabab
dijerona aya bahaya anu loba, kajaba anjeun bisa migawe naon anu anjeun
caritakeun leuwih tiheula, tuluy anjeun nasehatkeun ka manusa, kudu
mikir anjeun naon anu didawuhkeun ka Nabi Isa As. : “ Hey, putra pamegetna Maryam ! Kudu nganasehatan anjeun ka diri anjeun sorangan.lamun
anjeun geus bisa migawe nasehat eta mangka kudu nganasehat anjeun ka
jalma lian. Lamun hanteu mangka kudu era anjeun ka Alloh Pangeran anjeun
“.
وإن ابتليت بهذا العمل فاحترز عن خصلتين:
Jeung lamun diuji anjeun kalawan ieu tugas ( janteun panasehat ) mangka kudu ati-ati anjeun tina 2 perkara :
(1) الخصلة الأولي:
عن التكلف في الكلام بالعبارات والإشارات والطامات والأبيات والأشعار لأن
الله تعالى يبغض المتكلفين والمتكلف المتجاوز عن الحد يدل على خراب الباطن
وغفلة القلب ومعني التذكير أن يذكر العبد نار الآخرة وتقصير نفسه في خدمة
الخالق ويتفكر في عمره الماضي الذي أفناه فيما لا يعينه ويتفكر فيما بين
يديه من العقبات من عدم سلامة الإيمان في الخاتمة وكيفية حاله في قبض ملك
الموت وهل يقدر على جواب منكر ونكير ويهتم بحاله في القيامة ومواقفها وهل
يعبر عن الصراط سالما أم يقع في الهاوية؟ ويستمر ذكر هذه الأشياء في قلبه فيزعجه عن قراره. فغليان هذه النيران ونوحة هذه المصائب يسمي تذكيرا.
وإعلام
الخلق وإطلاعهم على هذه الأشياء وتنبيههم على تقصيرهم وتفريطهم وتبصيرهم
بعيوب أنفسهم لتمس حرارة هذه النيران أهل المجلس وتجزعهم تلك المصائب
ليتداركوا العمر الماضي بقدر الطاقة ويتحسروا على الأيام الخالية في غير
طاعة الله تعالى: هذه الجملة على هذا الطريق تسمى وعظا. كما لو رأيت أن
السيل قد هجم على دار أحد وكان هو وأهله فيها فتقول: الحذر الحذر فروا من
السيل. وهل يشتهي قلبك في هذه الحالة أن تخبر صاحب الدار خبرك بتكلف
العبارات والنكت والإشارات فلا تشتهي البتة فكذلك حال الواعظ فينبغي أن
يتجنبها.
- maksakeun
diri dina nyarios kalayan make kecap-kecap, isyarat-isyarat ,
kaahengan-kaahengan, baet-baet, syiiran-syiiran.
Sabab Alloh ijid ka jalma-jalma anu maksakeun diri. Jalma anu
maksakeun diri jeung ngaliwatan eta wateus nuduhkeun runtuhna
bathin jeung kalalian hatena. Harti Tadzkir ( mere pepeling ) nyaeta salah sahiji jalma ngingeutkeun hiji abdi ngeunaan naraka di akherat jeung kabalangahan dirina dina ibadah ka Alloh anu Maha ngadameul.
Sahingga si abdi mikir ngeunaan umurna anu geus kaliwat anu
dibeakkeun pikeun perkara-perkara anu teu aya mangfaatna. Manehna
mikir ngeunaan parobahan-parobahan kahirupan anu bakal si abdi
singhareupan sabab imanna hanteu salameut ( tina kakirangan ) dina
panungtungan hirupna, jeung mikirkeun kumaha kaayaanna dina waktu
dicabut ( ruh ) ku malaikat maut. Naha si abdi bisa ngajawab
patarosan malaikat Munkar jeung Nakir. Si abdi bakal merhatoskeun
kaayaanna dina poe qiamah jeung tahapan-tahapanna Naha
si abdi bisa mentas Shirot ( cukang ngajugjug ka surga anu di
amparkeun ku Alloh di luhureun naraka ) kalayan salameut atawa si
abdi bakal labuh ka Naraka Hawiyah. Ingetan kana perkara-perkara
ieu terus nyambung dijero hatena tuluy manehna ngahariwangkeun
kaayaan dirina. Kaguligahan kana naraka jeung dangdaman bakal
nyanghareupan musibah-musibah ieu dingaranan Tadzkir ( mere pepeling ).
mere nyaho makhluk , mahamkkeun maranehannana kana perkara-perkara
ieu, ngingeutkeun maranehannana kana kataledoran maranehannana jeung
nembongkeun cacad-cacad diri maranehannana sangkan panasna naraka bisa
dirasakeun ku majlis ( hadirin ) jeung musibah-musibah eta bisa
mikasieunkeun maranehannana sangkan maranehannana daek nambal umur anu
geus kaliwat kalayan sakabeh kamampuhan jeung supaya maranehannana
ngahandeueulkeun poe-poe anu kosong tina kathoatan ka Alloh Ta`alaa, ieu
sakabeh , jeung kalawan ieu cara anu dingaranan nasehat.
Saperti
perkarana, saumpama anjeun ningali yen nyata aya banjir neumbrag imah
hiji jalma , sedengkeun manehna jeung kulawargana aya dijerona . mangka anjeun ngomong :” ati-ati, ati-ati ! kudu lumpat anjeun tina banjir.
Naha
dina kaayaan saperti kitu, hate anjeun hayang merenyahokeun pangalaman
anjeun kanu ngamilik imah kalayan kecap-kecap ngupamakeun,
sindiran-sindiran jeung isyarat anu dipaksakeun ?
Jelas anjeun hanteu hayang samasakali . kitu deui perkarana kalayan salah sawios panasehat. Jadi, manehna kudu ngajauhanna.
(2) والخصلة الثانية:
ألا تكون همتك في وعظك أن ينعر الخلق في مجلسك أو يظهروا الوجد ويشقوا
الثياب ليقال: نعم المجلس هذا! لأن كله ميل للدنيا وهو يتولد من الغفلة. بل
ينبغي أن يكون عزمك وهمتك أن تدعو الناس من الدنيا إلى الآخرة ومن المعصية
إلى الطاعة ومن الحرص إلى الزهد ومن البخل إلى السخاء ومن الشك إلى اليقين
ومن الغفلة إلى اليقظة ومن الغرور إلى التقوى وتحبب إليهم الآخرة وتبغض
إليهم الدنيا وتعلمهم علم العبادة والزهد ولا تغرهم بكرم الله تعالى عز وجل
ورحمته , لأن الغالب في طباعهم الزيغ عن منهج الشرع والسعي فيما لا يرضى
الله تعالي به والاستعثار بالأخلاق الردية. فألق في قلوبهم الرعب وروعهم
وحذرهم عما يستقبلون من المخاوف لعل صفات باطنهم تتغير ومعاملة ظاهرهم
تتبدل ويظهر الحرص والرغبة في الطاعة والرجوع عن المعصية. وهذا طريق الوعظ
والنصيحة وكل وعظ لا يكون هكذا فهو وبال على من قال وسمع بل قيل: إنه غول
وشيطان يذهب بالخلق عن الطريق ويهلكهم فيجب عليهم أن يفروا منه لأن ما يفسد
هذا القائل من دينهم لا يستطيع بمثله الشيطان. ومن كانت له يد وقدرة يجب
عليه أن ينزله عن منابر المواعظ ويمنعه عما باشر فإنه من جملة الأمر
بالمعروف والنهي عن المنكر.
2.sakuduna sumangeut anjeun dijero nganasehatan, lain supaya makhluk ngabring ka
majlis anjeun , atawa supaya maranehna nembongkeun kasenengan ka majlis
anjeun jeung supaya maranehna ngagulungkeun leungeun baju pikeun hadir
di majlis anjeun. Supaya majlis anjeun diomongkeun :
Ieu nyaeta majlis au pangalusna. Sabab sakabeh ieu nyaeta doyong kana dunya jeung ari eta ngalahirkeun kalalian ka Alloh Swt.
Tatapina, sakuduna tekad jeung sumangeut anjeun eta supaya
anjeun bisa ngajak manusa tina dunya kana akherat, tina ma`siat kana
thoat, tina sarakah kana Zuhud, tina koret kana barahan, tina mangmang
kana yaqin tina kalalian kana kasadaran, tina katipu ( ku kani`matan
dunya ) kana Taqwa; jeung pikeun mikacinta maranehannana kana akherat,
mikaijid maranehannana kana dunya, sarta ngajar maranehannana elmu
i`badah jeung zuhud. Ulah nipu anjeun ka maranehannana kalayan kamulyaan
jeung Rohmat AllohTa`alaa Aza Wa Jalla. Sabab wateuk maranehannana
kabiasaan mengpar tina jalan agama, migawe perkara anu hanteu
dipikaridho ku Alloh Ta`alaa sarta labuh kajero akhlak-akhlak anu
handap.
Tapi
asupan kajero hate maranehannana rasa hariwang, sieun jeung kariweuhan
ngeunaan perkara-perkara pikasieuneun anu bakal maranehna randapan (
singhareupan ). Supaya mugia sifat bathin maranehannana barobah jeung
tingkah laku dhohir maranehannana bagenti, sangkan tembong kasonoan
jeung kasenengan maranehannana kana thoat balik tina ma`siyat. Ieu nyaeta prinsip ngieutkeun jeung nganasehatan.
Saban
nasehat anu hanteu saperti eta nyaeta bahaya pikeun jalma anu nyarita
jeung anu ngarungukeun . malahan dicaritakeun eta nyaeta kagoncangan (
godaan ) jeung syetan anu leungitkeun makhluk tina jalan Alloh sarta
ngancurkeun maranehannana. Mangka sakuduna maranehannana lumpat ti
panasehat eta. Sabab perkara anu diruksak tina agama maranehannana ku
panasehat ieu hanteu mampuh dipigawe ku syetan samisalna
Jeung
singsaha jalma boga lengeun jeung kakawasaan mangka manehna wajib
ngamusnakeunna tina mimbar-mimbar nasehat jeung nyegahna tina naon anu
dipigawena. Sabab tindakan eta kaleubeut Al-amru bil ma`ruf jeung nahyi
a`nil mungkar ( nitah kaalusan jeung nyeugah pamungkaran ).
ثالثاً:
مما تدع ألا تخالط الأمراء والسلاطين ولا تراهم لأن رؤيتهم ومجالستهم
ومخالطتهم آفة عظيمة ولو ابتليت بها دع عنك مدحهم وثناهم لأن الله تعالى
يغضب إذا مدح الفاسق والظالم. ومن دعا لطول بقائهم فقد أحب أن يعصى الله
تعالى في أرضه.
3. kaleubeut perkara anu kudu ajeun kantunkeun,
nyaeta ulah cacampuran anjeun reujeung para pajabat, para pangawasa /
raja jeung ulah merhatikeun anjeun ka maranehannana, sabab merhatikeun,
gaul jeung cacampuran reujeung maranehannana nyaeta hiji perkara anu
geode bahayana, jeung lamun anjeun kakeunaan bala` ( ujian ) ieu mangka
ulah ngempuk-ngempuk hate anjeun jeung muji-muji anjeun kamaranehannana .
sabab Alloh Ta`alaa bendu lamun jalma fasiq jeung dholim dipuji. Jeung
singsaha jalma ngadu`a supaya maranehannana teuteup lima ngawasaan
mangka nyata anjeun hayang ma`siyat ka alloh di dunya-Na.
رابعاً: مما
تدع ألا تقبل شيئا من عطاء الأمراء وهداياهم وإن علمت أنها من الحلال. لأن
الطمع منهم يفسد الدين لأنه يتولد منه المداهنة ومراعاة جانبهم والموافقة
في ظلمهم. وهذا كله فساد في الدين وأقل مضرته أنك إذا قبلت عطاياهم وانتفعت
من دنياهم أحببتهم ومن أحب أحدا يحب طول عمره وبقائه بالضرورة وفي محبة
الظالم إرادة في الظلم على عباد الله تعالى وإرادة خراب العالم. فأي شيء
يكون أضر من هذا للدين والعاقبة؟ وإياك إياك أن يخدعك استهواء الشياطين أو
قول بعض الناس لك بأن الأفضل والأولى أن تأخذ الدينار والدرهم منهم
وتفرقهما بين الفقراء والمساكين فإنهم ينفقون في الفسق والمعصية وإنفاقك
على ضعفاء الناس خير من إنفاقهم فإن اللعين قد قطع أعناق كثير من الناس
بهذه الوسوسة وقد ذكرناه في إحياء العلوم فاطلبه ثمة.
4. kaleubeut perkara anu kudu ajeun kantunkeun,
nyaeta ulah narima anjeun saeutik oge pamere jeung hadiah ti para
pangawasa. Sok sanajan anjeun nyaho yen eta teh kaleubeut halal. Sabab
kasarakahan ti maranehannana bisa ngaruksak agama jeung eta the bisa
medalkeun wujukkan, janteun perhatian ti jalma-jalma samisil
maranehannana sarta satuju kana kadholiman maranehannana.
Ieu
sakabeh nyaeta karuksakan dina agama . bahaya pangsaeutikna nyaeta
saumpama narima anjeun paparin-paparin maranehannana jeung
ngamangfaatkeun anjeun sabagean dunya maranehannana mangka ngandung
harti anjeun seneng ka maranehannana. Jeung singsaha jalma seneng
ka salah saurang mangka tangtu manehna hayang panjang umur jeung
teuteupna jawatan pikeun si dholim, ngandung harti ngahayangkeun ancurna
alam. Naon anu leuwih bahaya pikeun agama jeung akherat tibatan ieu ?
singkahan jeung jauhan ku anjeun tina katipu ku kahayang eta syetan-
syetan, atawa katipu ku ucapan sawareh jalma ka anjeun :” anu langkung
sae sareung utami nyaeta nyokot anjeun kana Dinar jeung dirham ti
maranehannana jeung bagi-bagikeun ku anjeun ka para fakir miskin”. Sabab
maranehannana shodaqoh dina kafasikan jeung ma`siyat.
Sedeungkeun
shodaqoh anjeun ka jalma-jalma leumah tadi leuwih alus tinimbang
shodaqoh maranehannana. Nyata syetan anu di la`nat geus maehan
kalolobaanna manusa kalawan ieu godaan. Nyata ieu geus kaula sebatkeun
dijero Kitab Ihya Uluumiddin . pilari diditu ( tegesna pilari dina Kitab Ihya Uluumiddin ).
وأما الأربعة التي ينبغي لك أن تفعلها :
Anapaon 4 perkara anu kudu anjeun pigawe nyaeta;
أولاً:
أن تجعل معاملتك مع الله تعالى بحيث لو عامل معك بها عبدك ترضى بها منه
ولا يضيق خاطرك عليه ولا تغضب والذي لا ترضى لنفسك من عبدك المجازي فلا ترض
أيضا لله تعالى وهو سيدك الحقيقي.
1.janteunkeun hubungan anjeun reujeung Alloh Ta`alaa,
saumpamana abid anjeun hubungan reujeung anjeun samodel kitu mangka
anjeun ridho ka manteunna. Ulah susah hate anjeun sababna, jeung ulah
ambeuk. Mangka naon anu hanteu anjeun ridhoan dipigawe ku abid anjeun ka
diri anjeun mangka anjeun oge hanteu ridho ( anjeun pigawe ) ka Alloh
Ta`alaa. Manteunna Pangeran anjeun anu saleureusna.
ثانياً: كلما عملت بالناس اجعله كما ترضى لنفسك منهم لأنه لا يكمل إيمان عبد حتى يحب لسائر الناس ما يحب لنفسه.
2.Saban kali anjeun migawe pikeun manusa , mangka janteunkeun anjeunna saperti anjeun ridho ( maranehannana migawe ) pikeun diri anjeun.
Sabab hanteu sampurna iman hiji abdi sahingga anjeunna seuneung pikeun
sakabeh jalma saperti perkarana anjeunna seuneung pikeun dirina sorangan
ثالثاً:
إذا قرأت العلم أو طالعته ينبغي أن يكون علمك يصلح قلبك ويزكي نفسك كما لو
علمت أن عمرك ما يبقى غير أسبوع فبالضرورة لا تشتغل فيها بعلم الفقه
والأخلاق والأصول والكلام وأمثالها لأنك تعلم أن هذه العلوم لا تغنيك. بل
تشتغل بمراقبة القلب ومعرفة صفات النفس والإعراض عن علائق الدنيا وتزكي
نفسك عن الأخلاق الذميمة وتشتغل بمحبة الله تعالى وعبادته والاتصاف
بالأوصاف الحسنة ولا يمر على عبد يوم وليلة إلا ويمكن أن يكون موته فيه.
3.Lamun anjeun maca atawa nalaah elmu , mangka sakuduna elmu anjeun eta bisa ngomean hate anjeun, jeung mersihkeun jiwa anjeun.
Saperti, saumpamana anjeun nyaho umur anjeun mung kantun saminggu
mangka tangtu anjeun hanteu sibuk kalawan elmu-elmu fiqih, akhlaq,
ushul, kalam jeung sabagianna. Sabab lamun nyaho yen elmu-elmu ieu
hanteu perlu pikeun anjeun.tatapina, anjeun bakal sibuk kalayan muroqobah hate, wanoh kana sifat-sifat nafsu jeung malengos kakaitan kalayan dunya.
Anjeun mersihkeun jiwa anjeun tina akhlak-akhlak anu dicacad. anjeun
sibuk ku cinta jeung ibadah ka Allah Ta`alaa jeung ngabogaan sifat
kalawan sifat-sifat anu alus. Hanteu ngaliwat hiji poe atawa hiji
peuting kajaba mumkin sasaurang maot dijerona.
أيها
الولد: إسمع مني كلاما آخر وتفكر فيه حتى تجد خلاصا: لو أنك أخبرت أن
السلطان بعد أسبوع يجيئك زائرا فأنا أعلم أنك في تلك المدة لا تشتغل إلا
بإصلاح ما علمت أن نظر السلطان سيقع عليه من الثياب والبدن والدار والفراش
وغيرها والآن تفكر إلى ما أشرت به فإنك فهم والكلام الفرد يكفي الكيس
Hei Anaking
!
Kudu ngarungu anjeun kana ucapan kaula anu sejen jeung kudu mikir
anjeun, sahingga anjeun meunangkeun hiji kasimpulan nyaeta ;
Saumpaana
anjeun dibere nyaho yen minggu hareup raja / pangawasa bakal datang
ngadatangan anjeun, mangka kaula nyaho yen dijero waktu saminggu eta
anjeun mung bakal sibuk ngabenahan perkara-perkara anu anjeun nyaho
bakal katingali ku raja / pangawasa eta, naha mangrupa badan, imah,
permadani ( tempat diuk ) jeung sajabana.
Ayeuna pikirkeun naon anu kaula tuduhkeun ka anjeun, tangtu anjeun faham.
Sakali nyarios eta ceukap pikeun jalma anu calakan.
قال سيدنا رسول الله (عليه الصلاة والسلام):
Rosululloh saw. Parantos ngadawuh :
"إن الله لا ينظر إلى صوركم ولا إلى أعمالكم ولكن ينظر إلى قلوبكم ونياتكم"
Saestuna
Aloh hanteu ninggal kana wangun-wangun awak jeung pagawean-pagawean
aranjeun, tatapina Alloh ninggal hate-hate jeung niat-niat araranjeun.
وإن
أردت علم أحوال القلب فانظر إلى "الإحياء". وهذا العلم
فرض عين وغيره فرض كفاية إلا مقدار ما يؤدى به فرائض الله تعالى وهو يوفقك
حتى تحصله.
Lamun anjeun hayang nyaho perkara elmu hate, tinggal dijero Kitab Ihya Ulumiddin
Ilmu ngeunaan ieu hukumna fardhu ain.
Sedengkeun anu sejen hukumna fardhu kifayah, kajaba sakira elmu anu
dijieun migawe kawajiban-kawajiban ti Alloh Ta`alaa. Mugia Alloh bakal
nulungan anjeun nepika anjeun hasil.
رابعاً: ألا تجمع من الدنيا أكثر من كفاية سنة كما كان سيدنا رسول الله (عليه الصلاة والسلام) يعد ذلك لبعض حجراته
4.Ulah
ngumpulkeun dunya anjeun leuwih ti kacukupan anu disunahkeun. Sakumaha
baheula Rosululloh Saw. Ngajangjikeunna pikeun sabagean para Ahli bait (
kulawarga cakeut ) manteunna .
وقال:
Manteunna parantos ngadawuh :
"أللهم اجعل قوت آل محمد كفافا".
Nun Gusti Pangeran abdi, mugi ngajanteunkeun kadaharan anu cekap pikeun keluarga Muhammad.
ولم يكن يعد ذلك لكل حجراته بل كان يعده لمن علم أن في قلبها ضعفا. وأما من كانت صاحبة يقين فما كان يعد لها أكثر من قوت يوم أو نصف.
Rosul
hanteu ngajangjikeun eta pikeun saban kulawarga manteunna, tatapina
baheula manteunna ngajangjikeunna pikeun jalma-jalma anu manteuna uninga
lemah hatena. Anapon kulawarga manteuna anu gaduh kayakinan, mangka baheula manteuna hanteu ngajangjikeun leuwih ti tuang pikeun sapoe atawa satengah poe pikeun maranehna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar