Bahan Karangan 3 Hak Milik Kang H.Aby Sufyan bin Hasanuddin



الباب فِى الأوتاد
BAB DINA MERTELAKEUN WALI AUTAD ( PAKU BUMI )

الأتاد جمع التكسير ومفرده ( وتد ) ومعناه أعمدة أو مسمار الأرض كما قال تعالى : والجبال أوتادا ( النباء : 7 )

Kalimah autad mangrupikeun jama` taksir ( jama` anu teu aya aturan ) sareung ari wangun mufrodna nyaeta ( watadun ) anu ngandung hartos tihang atanapi paku bumi.
Sakumaha pidawuh Alloh Swt. :” sareung pirang-pirang gunung salaku tihang “. ( Q.S.An-Naba : 7 )

قال العارف بالله سيدي محيي الدين بن العربي رحمه الله تعالى فى كتابه الفتوحات المكية:
الأوتاد  وهم الأربعة في كل زمان لا يزيدون ولا ينقصون. رأينا شخصاً منهم بمدينة فاس يقال له ابن جعدون كان ينخل الحناء بالأجرة. الواحد منهم يحفظ الله به المشرق وولايته فيه، والآخر المغرب، والآخر الجنوب والآخر الشمال والتقسيم من الكعبة، وقد يكون منهم النساء، وكذلك غيرهم،وألقابهم عبدالحي، وعبد العليم، وعبد القادر، وعبد المريد

Parantos nyarios Arif billah Sayyid Muhyiddin Ibnu Aroby Rhm. Dina kitabna Futuhatil Makkiyyah : ”Ari Wali Autad eta jumlahna 4 urang dina saban zaman , ( tegesna anu meunangkeun tingkatan Al-Autad mung aya 4 urang dina satiap zamanna ) hanteu nambahan jeung hanteu ngurangan, kaula sadaya kantos ninggal hiji jalma ti sapalih aranjeunna di dayeuh Fez ( nagara maroko ) anjeunna disebat  Ibnu Ja`dun nuju nyaring kembang pacar ( inai ) kalawan dipasihan buruh. Salahsahiji ti aranjeunna Alloh Swt. Miara ka Salahsahiji ti aranjeunna ti tungtung wetan ( masyriq ) sarta miara kawalian Salahsahiji ti aranjeunna , sareung anu sanesna ti tungtung  kulon ( maghrib ) sareung anu sanesna ti tungtung  kidul sareung anu sanesna ti tungtung kaler (  tegesna aranjeunna linggih di tungtung kulon, wetan, kaler sareung kidul dunya , aranjeunna sapertos  penjaga di satiap pelosok bumi  ) jeung narima kabagi kabagi  ti Ka`bah  ( tegesna Nafsi-nafsi ngawasaan 4 mata angin anu pusatna  di Ka'bah Makkah Al-Mukarromah ) ,  sareung dina  maqam Autad terkadang  aya Wali Awewe, nyakitu oge salianna, jeung ngaran panggilan aranjeunna nyaeta :
عَبْدُ الْحَيِّ1. Abdul Hayyi 
عَبْدُ الْعَالِيْمِ2. Abdul Alim 
عَبْدُ الْقَادِرِ3.Abdul Qadir
عَبْدُ الْمُرِيْدِ4. Abdul Murid

قال العارف بالله أحمد بن محمد بن عياد رحمه الله تعالى فى كتابه المفاخر العالية :
أنّ الأوتاد وهم عبارة عن أربعة رجال منازلهم منازل الأربعة أركان من العالم شرقا وغربا وجنوبا وشمالا ومقام كل واحد منهم تلك ولهم ثمانية أعمال أربعة ظاهرة وأربعة باطنة ،

Parantos nyarios Arif billah Ahmad bin Muhammad bin Iyad rhm .dina kitabna mafakhirul aliyyah :” Saestuna Wali Autad aranjeunna jumlahna 4 jalmi, tempat aranjeunna ngagaduhan 4 juru pirang-pirang tihang, ngawitan ti juru alam wetan, kulon, kidul sareung kaler tur ngagaduhan maqom saban-saban sahiji ti   aranjeunna,  Pikeun aranjeunna ngagaduhan 8 pirang-pirang amaliyah,  opat amaliyah bangsa zhohir sareung  4 amaliyah deui bangsa batin :

فالظاهرة :كثرة الصيام ، وقيال الليل والناس نيام ، وكثرة الإيثار ، والإستغفار بالأسحار

Mangka ari anu sifatna lahiriyah eta: 1) Seueur Puasa, 2) Seueur Sholat Wengi, 3) Seueur Pangutamian sareung 4) seueur maos istigfar dina waktu saur ( samemeh fajar shodiq ).
وأما الباطنة : فالتوكل والتفويض والثقة والتسليم ولهم واحد منهم هو قطبهم

Anapon ari anu sifatna Bathiniyah eta : 1) Tawakkal, 2) Tafwidh , 3) tiasa dipercanteun ( Tsiqoh) sareung 4) taslim.

Sareung pikeun aranjeunna eta ngagaduhan hiji imam ( pamingpin ) ti para autad sareung ari eta imam eta salaku Qutubna para autad ( Quthbul Autad )




Tidak ada komentar:

Posting Komentar