BAB DINA MERTELAKEUN WALI DUA IMAM ( IMAMAIN )
الإمامان إسم المثنى من شكل المفرد ( إمام )
Kalimah imamain mangrupikeun wangun isim tatsniyyah tina wangun mufrod ( Imamun )
ومعناه الزعيمان أو القائدان
Anu ngandung harti 2 imam atanapi 2 pamingpin
قال العارف بالله تعالى الشيخ شمس الدين بن كتيلة رحمه الله تعالى :
وأما الإمامان فهما شخصان ، الذان هما وزيرا القطب ، وأحدهما عن يمين القطب ويقال له عبد الربّ ، والآخر عن شماله ويقال له عبد المالك ، فالذي عن يمينه ينظر فى الملكوت وهو أعلى من صاحبه ، والذى عن شماله ينظر فى الملك ، وصاحب اليمين هو الذي يخلف القطب ،
Arif billah ( tegesna jalmi anu wanoh sareung uninga ka Alloh Swt ) nyatana syekh Syamsuddin bin katilah Rhm. Parantos nyarios :” Anapon wali 2 imam ( imamain ) aranjeunna jumlahna 2 urang, anu 2 nana mangrupikeun palayan Wali Quthub , salah sawios ti aranjeunna duaan aya ti palih tengen ( katuhu ) wali quthub disebat anjeunna Abdurrobbi , sareung anu kadua aya ti palih kiwa ( kenca )wali quthub, disebat anjeunna abdul malik, anu aya ti palih tengen ( katuhu ) wali quthub salawasna nyaksian alam malaikat sareung kalungguhanna langkung luhur tinimbang sobatna anu aya ti palih kiwa ( kenca ) wali quthub, sedeungkeun anu aya ti palih kiwa ( kenca ) wali quthub salawasna nyaksian alam jagat raya , sareung inohong anu aya ti palih tengen ( katuhu ) wali quthub nyeta jalmi anu ngagantikeun wali quthub. ( upami wali quthub tilar dunya )
وقال القاشانى رحمه الله تعالى فى اصطلاحات الصوفية :" الإمامان هما الشخصان اللذان أحدهما عن يمين القطب ونظره فى الملكوت والآخر عن يساره ونظره فى الملك وهو أعلى من صاحبه وهو الذى يخلف القطب قلت وبينه وبين ما قبله مغايره فليتأمّل
Parantos nyarios Syekh Qosyani Rhm. Dina kitab istilah kawalianna :” Wali imamain aya 2 urang anu hiji ti aranjeunna duaan aya ti palih tengen ( katuhu ) wali quthub sareung salawasna naksian alam malaikat sareung anu kadua aya ti palih kiwa ( kenca )wali quthub sareung salawasna nyaksian alam jagat raya sareung kalungguhanna langkung luhur tinimbang sobatna anu aya ti palih tengen ( katuhu ) wali quthub , sareung inohong ti palih kiwa ( kenca )wali quthub nyaeta jalmi anu ngagestoskeun wali quthub ( upami wali quthub tilar dunya )
Nyarios Syekh Al-Qosyani Rhm. :” diantara dirina ( anu aya ti palih kiwa ( kenca )wali quthub ) sareung antara perkara anu samemehna ( anu aya ti palih tengen ( katuhu ) wali quthub) eta ngagaduhan perbenteunan di perkara nyakseni alam.
ذكر الشيخ الأكبر سيدي محيي الدين بن العربي مراتب الأولياء وطبقاتهم على اختلاف أحوالهم في الباب الثالث والسبعين من الفتوحات المكية
Syeikh Agung Sayyid Muhyiddin Ibnu Arabi nyarioskeun pirang-pirang darajat Para Wali Alloh sareung pirang-pirang tingkatanna numutkeun kana perbedaan Ahwal ( kondisi ruhani ) aranjeunna dina bab 73 tina kitab futuhatil makiyyah :
ومنهم رضي الله عنهم: الأئمة لا يزيدون في كل زمان على اثنين لا ثالث لهما. الواحد عبد الرب، والآخر عبد الملك، والقطب عبد الله ولو كانت أسماؤهم ما كانت، وهما اللذان يخلفان القطب إذا مات، وهما له بمنزلة الوزيرين، الواحد منهم مقصور على مشاهدة عالم الملكوت والآخر على عالم الملك
Ari sapalih ti aranjeunna – mugia mikaridho Alloh Swt ka aranjeunna eta :
Wali Aimah ( Wali Imamain ) , hanteu nambihan wali aimah, dina saban zaman, mung saukur 2 urang, nyatana hanteu aya ka 3 na pikeun aranjeunna duaan, ari kahijina disebat Abdur Robbi sareung anu ka 2 disebat Abdul malik, sareung ari wali quthub disebat Abdullah, sok sanajan aya pirang-pirang jenengan aranjeunna anu asli, jeung ari itu wali aimah nyaeta dua jalmi anu ngagantikeun dua nana ka wali Quthub dimana maot wali quthub, jeung duanana eta ngagaduhan kalungguhan salaku 2 palayan wali quthub , salahsahiji ti aranjeunna duaan diwateus ku nyaksian Alam Kamalaikatan sareung anu akhir ( anu ka dua ) , diwateus ku nyaksian Alam dunya nyata.
ولهما أربعة أعمال باطنة وأربعة ظاهرة :
Pikeun eta Wali Imamain eta ngagaduhan 4 pirang-pirang amal bangsa bathin sareung 4 pirang-pirang amal bangsa Zhohir :
فأما الظاهرة ، فالزهد والورع والأمر بالمعروف والنهي عن المنكر
Anu sifatna Lahiriyah nyaeta: Zuhud, Wara’, Amar Ma’ruf sareung Nahi Munkar.
وأما الباطنة فالصدق والإخلاص والحياء والمراقبة
Seudeungkeun anu sifatna Batiniyah: Sidiq ( kajujuran hate) , Ikhlas, Miara kaisin sareung Muraqabah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar