كتاب طلب الشفاء للقلوب إلى الأولياء الله المحبوب


طَلَبُ الشِّفَاءِ لِلْقُلُوْبِ
 إِلَى اْلأَوْلِيَاءِ اللهِ اْلمَحْبُوْبِ
للراغبين من المؤمنين والطالبين والمريدين والسالكين والسّائرين والطائرين والواصلين في سلوك طريق النفوس المغلوب



تأليف:
العبد الذليل الحقير والعاجز الفقير والراجي عفو ربه القدير
محمّد أبى سفيان بن حسن الدين السُّنْدَنِيّ اْلجَاوِى  المشهور بأبى سفيان
غفر الله له ولوالديه  ولجميع المؤمنين والمؤمنات
فى دار الفناء إلى دار البقاء
 آمين


طبع على نفقة
مجلس التعليم سيّد الأرواح
بندوج  -  إندنيسيا








بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَانِ الرَّحِيْمِ
أَللَّهُمَّ صَلِّى وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا يَنْبُوْعِ اْلبَرَكَاتِيَّةِ مِنْ زُمْرَةِ اْلإِنْسَانِيَّةِ قِبْلَتِنَا مُحَمَّدٍ خَيْرِ اْلبَرِيَّـةِ وَنَافِذِ السَّبْعِْاْلأَرَضِيَّـةِ مِنَ اْلعَالَمِ اْلبَشَرِيَةِ إِلَى اْلمَلاَئِكَتِـيَّـةِ وَمُخْـتَرِقِ السَّبْعِ الطِّبَاقِـيَّةِ مِنَ السَّمَاءِ الرَّقِيْعَةِ إِلَى اللَّـأْبِـيَّةِ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ ذَوِى النُّفُوْسِ الزَّكِـيَّةِ

Ya Alloh mugi ngawuwuhkeun rohmat Gusti sareng kasalameutan Gusti sarta kabarokahan Gusti ka jungjunan abdi sadaya anu janteun sumberna pirang-pirang barokah ti golongan manusa nyatana Qiblatuna Muhammad Saw. Anu langkung utami ti sadaya makhluk anu norobos tujuh lapis bumi nyatana ti kawit :
1. Alam Kamanusaan { عَالَمُ ْالبَشَرِيَّـةِ }
2. Alam Jin { عَالَمُ ْالجَانِّـيَّةِ }
3. Alam Kala { عَالَمُ ْالعَقَارِبِـيَّةِ }
4. Alam Oray-oray { عَالَمُ ْالحَـيَّاتِـيَّةِ }
5. Alam Setan-setan { عَالَمُ الشَّـيَاطِيْنَ}
6. Alam Iblis jeung pembantu-pembantuna { عَالَمُ ْالإِبْلِيْسِ وَجُنُوْدِهِمْ } dugi ka
7. Alam Malaikat { عَالَمُ ْالمَلاَئِكَتِـيَّـةِ }
Jeung anu norobos tujuh lapis langit anu ditutup ti kawit langit anu kahiji anu wastana :
1. Roqii`ah { رَقِيْعَة }
2. Faiiduum atanapi Maa`uun { فَيْدُوْم أَوْ مَاعُوْن}
3. Malakuut atanapi Haaroyuun { مَلَكُوْت أَوْ هَارَيُوْن }
4. Zaahiroh { الزَّاهِـرَة }
5. Muzayyanah atanapi Musahharoh { المُـزَيّـنَة أَوْ المُـسَـهَّرَة }
6. Kholishoh { الخَالِصَة } dugi ka
7. La,biyyah atanapi Daami`ah { اللَّـأْبِـيَّة أَوِ الدَّامِعَة }
Sareung mugi ngawuwuhkeun rohmat Gusti sareng kasalameutan Gusti tur kabarokahan Gusti ka para kulawargina kangjeung Nabi Saw. Sareng ka para Shohabatna kangjeung Nabi Saw. Anu ngagaduhan Manah anu bersih tina kokotor syahwat hawa nafsu.
تأليف للفقير إلى رحمة الربّ الغفّار : محمّد أبى سفيان بن حسن الدين السُنْدَنِيّ الْجَاوِى

مُقَدِّمَةٌ

اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِى بِنُوْرِجَمَالِهِ أَضَاءَ قُلُوْبَ اْلعَارِفِيْنَ وَبِهَيْـبَةِ جَلَالِهِ أَحْرَقَ فُؤَادَ اْلعَاشِقِيْنَ وَبِلَطَائِفِ عِنَايَـتِهِ عَمَّرَ سِرَّ اْلوَاصِلِيْنَ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ أَبَدًا عَلىَ خَيْرِ خَلْقِهِ سَيِّدِنَامُحَمَّدٍ خَاتِمِ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلمُرْسَلِيْنَ وَذِى الشَّفَاعَةِ اْلعَظِيْمِ وَقَائِدِ اْلغُرِّ اْلمُحَجَلِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَ سَائِرِ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلمُرْسَلِيْنَ وَاْلمَلَائِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَاْلأَصْحَابِهِ وَالشُّهَدَائِهِ وَاْلعُلَمَائِهِ اْلعَامِلِيْنَ وَاْلأَوْلِيَائِهِ صَلَوَاتُ اللهُ وَسَلَامُهُ عَلَيْهِمْ أَجْمَعِيْنَ … آمِيْنَ

BUBUKA
Sadaya jenis puji eta tetep kagungan Alloh anu nyaangan kana ( Aqal anu aya di jero ) pirang-pirang hate jalma anu uninga ka Allohna, kalayan cahaya kageulisan-Na. Ngaduruk hate jalma anu asyik mikasono-Na, kalayan kahebatan kamulyaan-Na. Ngamakmurkeun rusiah jalmi-jalmi anu janteun panghubung ka jalan-Na, kalayan pitulung-Na anu lemah -lembut. Sholawat sareung salam ِsalamina di wuwuhkeun ka makhluk-Na anu pang hadena, pamingpin abdi sadaya Qiblat abdi sadaya Muhammad Saw. Anu janteun panutup para Nabi sareung Rosul anu ngagaduhan syafa`at Uzhma sareung pamingpin para abdi anu moronyoy sareung sholawat sarta salam ِsalamina diwuwuhkeun kakulawargi-Na Saw. Kitu deui ka sadaya para nabi sareung para rosul, para malaikat muqarrobin ( malaikat anu salawasna cakeut reujeung Alloh ), para shohabatna, syuhadana, para u`lamana anu ngamalkeun kana elmuna sareung para walina. Sholawat Allah sareung salam-Na eta teuteup ka aranjeunna sadayana. Aaaaaamiiiin.


وَبَعْدُ فَقَدْ بَلَغَنِي عَنْ بَعْضٍ مَنْ لَا عِلْمً عِنْدَهُ إِنْكَارٌ مَا اِشْتَهَرَ عَنِ السَّادَةِ اْلأَوْلِيَاءِ مَنْ أَنَّ مِنْهُمْ أَبْدَالًا وَنُقَبَاءً وَنُجَبَاءً وَأَوْتَادًا وَأَقْطَابًا


Anapon saparantos eta:”mangka nyata parantos dugi  khobar  ka kaula ngeunaan kalakuan sapalih jalmi-jalmi anu  henteu miboga élmu wani-wani ingkar kana ayana pamingpin  para wali sedengkeun pirang-pirang jalmi anu  saenya-enyana tina sapalihna tingkatan pamingpin para wali  téh eta aya wali abdal,wali nuqaba' wali nujaba' wali awtad sareung wali aqthab ( para wali qutb ).

وَقَدْ وَرَدَتِ اْلأَحَادِيْثُ وَاْلآثَارُ بِإِثْبَاتِ ذَلِكَ فَجَمَعْتُهَا فِي هَذَا الْجُزْءِ لِتُسْتَفَاد ( نقل فى الخبر الدال على وجود القطب والأوتاد والنجباء والأبدال ص. 11 )

Jeung nyata parantos dugi pirang-pirang hadist sareung atsar  ngeunaan dalil ayana pituduh ngeunaan hal eta mangka ngumpulkeun kaula kana pirang-pirang dalilna dina ieu bagean sangkan bisa di cokot ka manfaatanna 


وَقَدْ أَلَّفْتُ هَذَا اْلكِتَابَ لِيَتَمَسَّكَ بِهِ طَالِبُ ْالحَقِّ وَيَسْتَعِيْنَ بِهِ عَلَى سُلُوْكِهِ إِنْ شَاءَ الله تَعَالَى , وَأسْتَعِيْنُ فِى ذَلِكَ بِاللهِ تَعَالَى مِنَ ْالخَلَلِ وَالزَّلَلِ وَهُوَ خَيْرٌ نَاضِرٌ وَمُعِيْنٌ وَإِ يَّاهُ أَسْأَلُ أنْ يَنْفَعَ بِهِ أَنَّهُ قَرِيْبٌ مُجِيْبٌ


Simkuring ngarang buku ieu supados tiasa janteun ceuceukeulan pikeun jalmi anu milari bebeneran , sareung janteun cetakan pikeun dijanteunkeun ceuceukeulan moralitas anu luhur ( suluk ). Insya Alloh. Simkuring salawasna nyuhunkeun ka Alloh Swt. Supados dijero ngarang ieu diteubihkeun tina cacad sareung sasar.Karana mung Alloh anu Maha Panulung sareung Maha Panyalameut anu langkung sae, sareung tangtu, mung ka Alloh simkuring nyuhunkeun supados buku ieu tiasa mere mangfa`at, mung Alloh anu maha Cakeut tur Maha ngobulkeun kana sadaya du`a.
وربما قال قائل ممن لا يعقل: الكتب كثيرة وفيها غنية وكفاية فلا فائدة في تصنيف الكتب في هذا الزمان، فهذا القائل إن أصاب في قوله: إن في الكتب غنية وكفاية فقد أخطأ في قوله: لا فائدة للتصنيف في هذا الزمان، لأن للقلوب ميلاً بحكم الجبلة إلى كل جديد، وأيضاً فإن الله يُنطِق علماء كل زمان بما يوافق أهله، والتصانيف تبلغ الأماكن البعيدة وتبقى بعد موت العالم فيحصل له بذلك فضل نشر العلم ويكتب معلماً داعياً إلى الله في قبره،.
Jeung terkadang ( Meureun ) aya anu nyarios :” Geus loba kitab anu disusun kalayan rupi-rupi uraian sareung panjeulasan anu akurat , mangka teu aya gunana deui urang ngarang di zaman kiwari.
Ieu jalma , sok sanajan anjeuna meureun beuneur dina cariosanna, yen kitab geus loba , tapi anjeunna geus saliru nyarioskeun yen teu aya gunana deui nyusun kitab di zaman kiwari, sabab geus jadi tabeat manusa anu doyong kana perkara-perkara anu anyar .Alloh Swt. oge parantos nganjurkeun ka para U`lama sangkan tiasa adaptasi ka masyarakat anu hirup dina zamanna.
Karya tulis tiasa ngadugikeun kana tempat-tempat anu jauh sareung mangfaatna tiasa salawasna diraoskeun sok sanajan si panulis geus maot, mangka kalawan karya tulisna eta , anjeunna meunang kautamaan salaku saurang panyeubar elmu , sareung bakal di cateut di leubeut kuburna salaku Muallim anu umajak ka jalan Alloh Swt.
كما قال رسول الله صلى الله عليه وسلم: "من أنعش لسانه حقاً يعمل به من بعده أُجرِيَ عليه أجرُه إلى يوم القيامة"
sakumaha pidawuh Nabi Saw.  : “ Sing saha jalma anu make letahna pikeun neupikeun bebeneuran eta salawasna diamalkeun ku jalma sejen saparantos maotna , mangka anjeunna bakal meunangkeun ganjaran anu ngalir tuluy-tumuluy dugi ka poe qiamah”.

وقد سميت هذه الكتاب بِطَلَبِ الشِّفَاءِ لِلْقُلُوْبِ إِلَى اْلأَوْلِيَاءِ اللهِ اْلمَحْبُوْبِ للراغبين من المؤمنين والطالبين والمريدين والسالكين والسّائرين والطائرين والواصلين في سلوك طريق النفوس المغلوب


Sareung Yakin parantos nganamian simkuring kana ieu buku kalawan nami “  MILARI LANDONG PIKEUN PIRANG-PIRANG HATE KA PARA WALI ALLOH SWT. ANU DIPIKACINTA“ pikeun pirang-pirang jalmi anu reseup ti pirang-pirang jalma mu`min, para tholib, para murid, para salik, para sair, para thoir sareung para Washil dina ngambah jalan pirang-pirang Nafsu anu dikawonkeun

فَخُذْ مِنِّى دَوَاءً لِمَرِضِ دِيْنِكَ واستعمله وقد جاءته العافية
Mangka kudu nyokot anjeun kana ubar anu aya di kaula pikeun nyageurkeun panyakit dina agama anjeun, jeung kudu make anjeun kana eta ubar supaya anjeun cageur
مَنْ تقدمَ كَانُوْا يطوفون الشرق و الغرب فى طلب الأولياء و الصالحين
 “Jalma-jalma zaman baheula eta bukti jalma-jalma zaman baheula eta ngaprak ka tungtung Wétan bumi jeung ka tungtung Kulon bumi pikeun néangan para Wali Alloh jeung pirang-pirang jalma sholeh,
 الَّذِيْنَ هُمْ أطباء القلوب و الدين
Anu itu para wali sareung pirang-pirang jalma sholeh teh nyaéta para dokter haté jeung agama.
فاذا حصل لهم واحد منهم طلبوا منه دواء لأديانهم,
mangka dimana-mana aranjeunna manggihan salah sahiji wali Alloh atawa jalma sholeh, mangka aranjeunna ménta ubar pikeun nyageurkeun panyakit dina agama aranjeunna.
و أنتم اليوم أبغض اليكم الفقهاء و العلماء و الأولياء
Sedengkeun araranjeun, dina ieu poe malah mikacua ka para fuqaha (para ahli fiqih), para ajengan, sareung para wali Alloh Swt.
الذين هم المؤدبون و المعلمون
anu statusna para fuqoha,para ulama, para wali teh nyaeta para pendidik jeung pengajar.
 فلا جرم لا يقع بأيديكم الدواء ,
Mangka henteu heran lamun anjeun henteu meunangkeun ubar pikeun panyakit anjeun
 أيش ينفع علمي و طبي معك
Kumaha rek mere manfaat elmu kaula jeung ubar kaula ka anjeun
 فكل يوم أبني لك أساسا و أنت تنقضه ,
Saban poé kaula ngawangun pondasi pikeun anjeun, tatapina anjeun kalahkah ngarusakna.
أصف لك دواء و لا تستعمله ,
kaula ngaracik ubar pikeun anjeun tatapina anjeun embung nginumna
أقول لك لا تأكل هذه اللقمة فيها سم كل هذه ففيها دواء
kaula geus ngécéskeun ubarna ka anjeun, “Ulah tuang anu ieu, sabab di jerona ngandung racun, keudah nuang anu ieu waé sabab di jerona ngandung ubar.”
فتخالفني و تأكل التي فيها السم ,
Tatapina anjeun henteu daék nurut pituduh kaula samalah anjeun milih katuangan anu ngandung racun.
عن قريب يظهر ذلك فى بنية دينك و ايمانك ,
Sakeudap deui anjeun bakal nyaksian naon anu bakal karandapan  kana wangunan agama jeung kaimanan anjeun.

 انى أنصحك و لا أفزع من سيفك و لا اريد ذهبك ,
Kaula mung sakadar nganasehat anjeun. Kaula henteu sieun ku pedang anjeun jeung henteu hoyong emas anjeun.
 من يكون مع الله عز و جل لا يفزع من أحد فى الجملة
Sing saha jalma anu bukti salawasna sarta Alloh anu maha mulya tur maha agung mangka moal rek sieun ku singsaha bae
لا من جن و لا من انس و لا من حشرات الأرض و سباعها و هوامها و لا من شيئ من المخلوقات بأسرها ,
Hanteu sieun ku jin, ku manusa, sato gegeremet ( serangga taneuh ), sato galak, malahan mahluk naon bae
لا تجدروا بالشيوخ العمال بالعلم
Ulah ngécé anjeun ka para guru anu ngamalkeun kana élmuna,
أنتم جهال بالله عز و جل و رسله و الصالحين من عباده ال الواقفين معه الراضين بأفعاله ,
justru araranjeun eta jalma anu barodo ( anu henteu mikawanoh ) ka Alloh anu maha mulya tur maha agung, para Rosul-Na, pirang-pirang jalma sholeh ti abdi-Na anu anu salawasna sarta Manteunna anu raridho kana takdir sareung katangtuan Alloh Swt ( kana padameulana-Na )

 كل السلامة فى الرضا بالقضاء
Sadaya kasalametan mung tiasa ditampa kalayan karidhoan dina qodho-Na,
و قصى الأمل و الزهد فى الدنيا
nampa harepan, sarta ngajauhan dunya.
 فاذا رأيتم فى أنفسكم ضعفا فدونكم بذكر الموت و قصر الأمل ,
Dimana-mana naringgal aranjeun kana kalemahan dina diri anjeun, mangka kudu buru-buru aranjeun kana nginget maot jeung mondokkeun hareupan

قال صلى الله عليه و سلم حكاية عن الله عز و جل:
Parantos ngadawuh Kangjeung Nabi Shollallaah ‘alaih wa sallam , kana hikayat ti Alloh ‘azza wa jalla :

ما تقرب المتقربون الي بأفضل من أداءما افترضت عليهم , و لا يزال عبدي يتقرب الي بالنوافل حتى أحبه فاذا أحببته كنت له سمعا و بصرا و يدا و مؤيدا , فبي يسمع و بي ينصر و بي يبطش (نقل فى الفتح الربانى والفيض الرحمانى ص 127 ) 

“Para mutaqarrib ( pirang-pirang jalmi anu ngaraketkeun diri ka Alloh) henteu ngaraketkeun diri ka kaula kalayan hiji perkara anu leuwih utama tinimbang anu geus Kaula wajibkeun ka aranjeunna jeung abdi Kaula tueras ngaraketkeun diri ka kaula kalawan pirang-pirang ibadah sunnah dugika ka K, diamana-mana Kaula geus mikacinta-na, Kaula jadi paninggalna, pangrunguna, pananganna, sareung penolong pikeun eta Mutaqarrib. Kalawan diri kaula anjeunna ngarungu, kalawan diri Kaula anjeunna ninggal, sareung kalawan diri diri Kaula anjeunna narajang kalayan pinuh kakiatan.”
والله تعالى أعلم
Ari Alloh eta anu langkung uninga

وهذا أوان الابتداء وبالله التوفيق فأقول مستعيناً بالله ومفوضاً إليه، وسائلاً منه أن يوفقني لإصابة الصواب في النيات والأعمال والأقوال، فإنه ولي ذلك والقادر عليه، وهو حسبي ونعم الوكيل

Ari ieu eta waktosna ngawitan, sareung ka Alloh ari nyuhunkeun pitulung ( mangka simkuring ngucap ) : barina anu nyuhunkeun tulung ka Alloh sareung anu masrahkeun ka Alloh sareung anu neda ( nyuhunkeun )  ti Alloh kana yen maparin taufik Alloh ka simkuring kana ngeunaan leureus dina pirang-pirang niat, pirang-pirang amal sareung pirang-pirang ucap, karana saestuna Allloh Swt. eta anu nulungan kana itu ngeunaan lereus ( Showab )sareung anu kawasa kana ngeunaan leureus  sareung ari Alloh Swt. eta anu maha nyeukapkeun ka simkuring, sareung anu pangsaena anu dipasrahan.
وأسأل الله تعالى أن ينفعني بها وسائر المؤمنين، وأن يجعل جمعي لها واعتنائي بها وبتأليفها خالصاً لوجهه الكريم
sareung Simkuring Nyuhunkeun ka Alloh Swt. supados ieu buku tiasa mere mangfaat khususna pikeun diri simkuring  nyalira sareung sadaya kaum mu`minin , mugia Alloh maparin ka Ikhlasan dina panyeuratan ieu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar