PEPELING ALLAH KA PARA WALI NGALIWATAN NGIMPEN KALAYAN NUGRAHA ALLOH SWT.



تنبيهه إياهم في الرّؤيا ولطائفها
PEPELING ALLAH KA PARA WALI NGALIWATAN NGIMPEN KALAYAN NUGRAHA ALLOH SWT.
قال الشيخ أبو بكر محمد الكلاباذي رحمه الله تعالى :
سمعت أبا بكر محمد بن غالب يقول: سمعت محمد بن خفيف يقول: سمعت أبا بكر محمد بن علي الكتاني يقول: رأيت رسول الله  في عادتي - فكانت العادة قد جرت له أنه كان يرى النبي  كل ليلة اثنين وخميس، فيسأله مسائل، فيجيبه عنها -، قال: فرأيته قد أقبل علي ومعه أربعة نفر، فقال لي: {يا أبا بكر، أتعرف من هذا}؟ قلت: نعم، هو أبو بكر! ثم قال لي: {أتعرف هذا}؟ قلت: نعم، هو عمر! ثم قال: {أتعرف هذا}؟ قلت نعم، هو عثمان! ثم قال لي: {أتعرف هذا الرابع}، فتوقفت ولم أجب، فأعاد علي ثانيا، فتوقفت، فأعاد علي ثالثا، فتوقفت؛ وكان في قلبي منه غيرة، قال: فجمع كفه وأشار بها إليَّ، ثم بسطها وضرب بها صدري، وقال لي: {يا أبا بكر، قل: هذا علي بن أبي طالب}، فقلت يا رسول الله، هذا علي بن أبي طالب، قال: فآخى   بيني وبين علي  ، قال: ثم أخذ علي   بيدي وقال لي: يا أبا بكر، قم حتى تخرج إلى الصفا، فخرجت معه إلى الصفا، وكنت نائما في حجرتي فاستيقظت فإذا أنا على الصفا!
Parantos ngadawuh Syekh Abu bakar Muhammad Kalabadzi Rhm. :”parantos ngarungu kaula ka Syekh Abu bakar Muhammad bin Gholib Rhm. Ngadawuh manteunna :” parantos ngarungu kaula ka Syekh Muhammad bin Khofif Rhm. Ngadawuh manteunna :” parantos ngarungu kaula ka Syekh Abu Bakar Muhammad bin A`li Al-Kattani Rhm.  ngadawuh Syekh Abu Bakar Muhammad bin A`li Al-Kattani Rhm.  : “Kaula Ngimpen ninggal Kangjeung Nabi Saw. Dina Kabiasaan kaula”.  Manteunna ( Syekh Abu Bakar Muhammad bin A`li Al-Kattani Rhm. ) biasana reumeun  ninggal kangjeung Nabi Saw. Dina impenanna saban malam senen sareung malam kemis, nalika Manteunna ( Syekh Abu Bakar  Muhammad bin A`li Al-Kattani Rhm. ) palay tumaros ka Kangjeung Nabi Saw. Kangjeung Nabi seuring ngawalerna – dina impenan kaula eta , ditampi kaula ku Kangjeung Nabi Saw. Dimana Kangjeung nabi sasareungan reujeung 4 Jalmi, lajeung Kangjeung Nabi Saw. Tumaros ka Kaula (  ka Syekh Abu Bakar Muhammad bin A`li Al-Kattani Rhm. ) :” Hei Abu Bakar  naha teurang anjeun saha ari ieu ? Kaula (  Syekh Abu Bakar Muhammad bin A`li Al-Kattani Rhm. )  ngawaleur :”Sumuhun uninga, Manteunna Sayyiduna Abu Bakar Shiddiq Ra.
Kangjeung Nabi Saw. Tumaros deui , naha teurang anjeun saha ari ieu ? Kaula (  Syekh Abu Bakar Muhammad bin A`li Al-Kattani Rhm. )  ngawaleur :”Sumuhun uninga, Manteunna Sayyiduna Umar bin Khoththob Ra.
Kangjeung Nabi Saw. Tumaros deui , naha teurang anjeun saha ari ieu ? Kaula (  Syekh Abu Bakar Muhammad bin A`li Al-Kattani Rhm. )  ngawaleur :”Sumuhun uninga, Manteunna Sayyiduna Utsman bin Affan Ra.
Kangjeung Nabi Saw. Tumaros deui , naha teurang anjeun saha ari anu ka 4 ieu ? mangka Kaula (  Syekh Abu Bakar Muhammad bin A`li Al-Kattani Rhm. )   ngaraos bimbang sareung teu tiasa ngawaleur, lajeung Kangjeung Nabi Saw. Malikan deui patarosanna pikeun anu kadua kalina , Kaula oge masih ngaraos bimbang , mangka Kangjeung Nabi Saw. Oge , Malikan deui patarosanna pikeun anu katilu kalina, Kaula oge masih ngaraos bimbang , sabab dileubeut manah kaula aya ka mangmangan-kamangmangan. Lajeung Kangjeung Nabi Saw. Ngeupeulkeun pananganna sareung nuduhkeun pananganna kalawan isyarat ka kaula sareung neunggeul kana dada kaula, barina ngadawuh ka kaula :”Hei Abu Bakar , ucapkeun ku anjeun :”ieu eta Ali bin Abi Thalib, mangka kaula oge sasanggeum :” Sumuhun , Rosululloh, ieu sayyiduna Ali bin Abi Tholib, lajeung Kangjeung Nabi Saw. Oge ngawanohkeun diri kaula ka Ali bin Abi Tholib , Kangjeung Nabi Saw. Nyeukeul panangan Ali bin Abi Tholib sareung dadawuh ka kaula : Hei Abu Bakar kudu ngadeug anjeun ! kudu indit anjeun ka bukit Shofa sarta Ali, lajeung kaula angkat sarta Ali ka bukit Shofa , waktos eta kaula kuleum dileubeut kamar kaula tatapina nalika kaula hudang, kaula tos aya di bukit shofa “.
قال الشيخ أبو بكر محمد الكلاباذي رحمه الله تعالى : سمعت منصور بن عبد الله قال: سمعت أبا عبد الله بن الجلاء يقول:
Parantos ngadawuh Syekh Abu bakar Muhammad Kalaadzi Rhm. :”parantos ngarungu kaula ka Syekh Manshur bin Abdillah, ngadawuh Syekh Manshur bin Abdillah : parantos ngarungu kaula ka Syekh Abu Abdillah bin Jalla,  ngadawuh Syekh Abu Abdillah bin Jalla :
دخلت مدينة رسول الله  وبي شيء من الفاقة،
“parantos leubeut kaula ka dayeuh Rosululloh Saw. ( Madinah ), sareung dina diri kaula aya hiji perkara kahoyong ( maksad ),
فتقدمت إلى القبر، وسلمت على النبي  وعلى ضجيعيه أبي بكر وعمر  ،
mangka ziaroh kaula ka maqom Kangjeung Nabi Saw. Sareung ngucapkeun salam kaula ka kangjeung Nabi Saw. Sareung ka dua shohabatna Kangjeung Nabi Saw. nyatana sayyiduna Abu Bakar Shiddiq sareung sayyiduna Umar ra. 
ثم قلت: يا رسول الله، بي فاقة، وأنا ضيفك الليلة؟
Lajeung sasanggeum kaula :” Hei Rosul Alloh ! dina diri kaula aya hiji perkara kahoyong ( maksad ), sareung ari kaula nyaeta mangrupikeun tamu Salira dina ieu wengi ?
 ثم تنحيت ونمت بين القبر والمنبر،
Salajeungna angkat kaula ti gigir maqom Kangjeung Nabi Saw. Sareung kakuleuman  diantara maqom Kangjeung Nabi Saw.  Sareung mimbar Masjid Nabawi ,
فإذا أنا بالنبي  جاءني، ودفع إلي رغيفا، فأكلت نصفه،
mangka ujug-ujug Kangjeung Nabi Saw. Dongkap ka kaula sareung nyandak Kangjeung Nabi Saw.  ka kaula Kana hiji roti, salajeungna tuang kaula kana satengahna eta roti,
فانتبهت، فإذا في يدي نصف الرغيف!
lajeung gugah kaula, mangka ujug-ujug aya dina panangan kaula satengah bagean deui roti.

قال يوسف بن الحسين: كان عندنا شاب من أهل الإرادة، أقبل على الحديث وقصر في قراءة القرآن،
Paantos ngadawuh Syekh Yusuf bin Husain ra. :”bukti kaula sadaya ngagaduhan murid hiji pamuda , eta pamuda melajari hadits samemeh neuleuman palajaran Al-Qur`an ,
 فأتي في منامه فقيل له: إن لم تكن بي جافيا، فلم هجرت كتابي؟
mangka dina kuleumna, eta pamuda ngimpen didongkapan salahsaurang barina dadawuh  ka eta pamuda :”saupamina anjeun geus teu deui berlaku hade ka Kaula , mangka naha anjeun ngahandapkeun oge kitab Kaula ?
 أما تدبرت ما فيه من لطيف خطابي؟
padahal saumpamana anjeun mikanyahona dileubeutna aya pirang-pirang dawuhan kaula anu bangeut Endah.”
يشهد لصحة الرؤيا: ما حدثنا علي بن الحسن بن أحمد السرخسي إمام جامعها، حا أبو الوليد محمد بن إدريس السلمي، حا سويد، حا محمد بن عمرو بن صالح بن مسعود الكلاعي، عن الحسن البصري قال: دخلت مسجد البصرة، فإذا رهط من أصحابنا جلوس فجلست إليهم، فإذا هم يذكرون رجلا يغتابونه، فنهيتهم عن ذكره، وحدثتهم بأحاديث في الغيبة بلغتني عن رسول الله  ، وعن عيسى بن مريم  ، فأمسك القوم وأخذوا في حديث آخر، ثم عرض ذكر ذلك الرجل فتناولوه وتناولته معهم، فانصرفوا إلى رحالهم وانصرفت إلى رحلي، فنمت، فأتاني آت في منامي أسود في يده طبق من خلاف، وعليه قطعة من لحم خنزير، فقال لي: كل؟ قلت: لا آكل؛ هذا لحم خنزير! قال: كل؟ قلت: لا آكل؛ هذا لحم خنزير! قال: كل؟ قلت: لا آكل؛ هذا لحم خنزير، هذا حرام! قال: لتأكلنه؟ فأبيت عليه، ففك لحي ووضعها في فمي، فجعلت ألوكها وهو قائم بين يدي، فجعلت أخاف أن القيها وأكره أن أسترطها، فاستيقظت على تلك الحال، فوالله لقد لبثت ثلاثين يوما وثلاثين ليلة ما ينفعني طعام أطعمه ولا شراب أشربه، إلا وجدت طعمها في فمي وريحها في منخري!
Bebeneuran ayana ngimpen anu samodel ieu tiasa dibuktoskeun kalawan hiji riwayat ti Syekh Ali bin Husain bin Ahmad Al-Sarkhosi  hiji imam masjid Al-Sakhos , parantos nyarioskeun ka kaula sadaya saha ? Syekh Abul Walid Muhammad bin Idris As-Sulami , , parantos nyarioskeun ka kaula sadaya saha ? Syekh Suwaid , , parantos nyarioskeun ka kaula sadaya saha ? Syekh Muhammad bin A`mr bin Sholih bin Mas`ud Al-Kila`I  ka tampi ti Syekh Hasan Al-Bisri , parantos ngadawuh Manteunna :”  parantos leubeut kaula ka masjid Bashroh, didinya kaula pendakan sababaraha shobat kaula anu nuju caralik, mangka kaula oge calik sarta aranjeunna, tetkala eta kaula ngarungu aranjeunna nyarioskeun salahsaurang sareung aranjeunna ngagogorengna, lajeung kaula nyeugah aranjeunna pikeun nyarioskeun dirina, sareung  kaula mindahkeun obrolan aranjeunna kalawan nyarioskeun ka aranjeunna ngeunaan sababaaha Hadits Kangjeung Nabi Saw. Anu aya kaitanna reujeung sasaurang anu ngarorengkeun ngaran salianna, dimana kaula parantos ngarungu pirang-pirang sifat Rosululloh Saw. Sareung Nabi Isa bin Maryam as. Lajeung  aranjeunna ngaraos seneng , sareung obrolan ngawitan lumangsung kana soal-soal sanesna, tatapina salajeungna nami jalmi pameugeut eta disebat-sebat deui, sahingga aranjeunna oge nyarioskeunna deui  sareung kaula oge aya di antara aranjeunna, saparantos aranjeunna ngalajeungkeun perjalananna sewang-sewangan , sareung kaula oge neuraskeun  perjalanan kaula, mangka nalika kaula kakuleuman , kaula ngimpen didongkapan saurang pameugeut kulitna hideung pananganna nyandak hiji piring anu dipinuhan kalayan pirang-pirang raranteng tangkal jeung diluhurna aya sapotong daging babi, lajeung anjeunna ( pameugeut anu kulitna hideung )  dadawuh ka kaula :”kudu ngadahar anjeun ! kaula ngawaler :”kaula hanteu hoyong, ieu eta daging babi, anjeunna ( pameugeut anu kulitna hideung )  dadawuh deui :” kudu ngadahan anjeun ! kaula ngawaler :”kaula hanteu hoyong, ieu eta daging babi, haram. anjeunna ( pameugeut anu kulitna hideung )  dadawuh dui :” anjeun kudu ngadaharna. Kaula oge malikan deui nolak, tatapina salajungna anjeunna mukakeun rahang kaula jeung nyimpeun eta daging dijero baham kaula , sahingga kaula kapaksa ngunyah jeung anjeunna aya disagigireun kaula , kaula ngarasa sieun pikeun miceunna ( ngutahkeunna ), jeung kaula teu hayang neuleugna . dina kaayaan saperti eta kaula hudang , mangka demi Alloh saparantos eta kajanteunan salami 30 dinteun 30 wengi  , teu aya kadaharan anu kaula dahar  atawa nginum , sabab anu bakal dahar sareung nginum , hanteu masihan rasa puas ka diri kaula jeung oge sabab kaula masih ngaraoskeun kalezatan eta daging dijero baham kaula , jeung bau daging eta dijero liang irung kaula.
عن محمّد بن سعد بن مطرف وكان من الأخيار الصالحين ، قال : كنت جعلت على نفسى كل ليلة عند النوم إذا أويت إلى مضجعى عددا معلوما أصلي على النبي صلعم ، فإني فى بعض الليالي قد أكملت العدة فأخذتني عيناي ، وكنت ساكنا فى غرفة ، فإذا أنا بالنبي صلعم قد دخل من باب الغرفة ، فأضاءت الغرفة به نورا ثمّ نهض نحوي  وقال : هات هذا الفم الذي يكثر الصلاة على فأقبله ، فكنت أستحي أن أقبله فى فيه ، فاستدرت بوجهي فقبل خدي فانتبهت فزعا من فورى وأنبهت صاحبتى التى إلى جنبي فإذا البيت يفوح مسكا من رائحته صلعم وبقيت رائحة المسك من قبلته فى خدي نحو ثمانية أيام تجد زوجتي كل يوم الرائحة فى خدي ( القرطاس للحبيب على بن حسن العطاس ج 2 ص 312 )
Ibnu As`ad Bin Abi Mathrof nyaeta salah sawios Ahlil khoir anu sholih, anjeunna parantos sasanggeum :”kaula parantos netepkeun ka diri kaula pikeun sholawat saban wengi samemeh kuleum kalawan jumlah anu tangtu, anu terkadang oge dina sababaraha wengi kaula nyampurnakeun jumlah eta dugika kaula kuleum”.
Kaula nempatan hiji kamar sareung ujug-ujug katinggal Rosululloh Saw. Leubeut ka rohangan kaula ngaliwatan panto eta kamar, mangka ngagurilap eta rohangan kalawan nur cahaya , lajeung anjeunna bangkit sareung nyium pipi kaula , sabab seeurna sholawat kaula ka Manteunna Saw.
Lajeung kaula oge buru-buru gugah , jeung kaula gugahkeun oge bojo kaula anu aya disagigireun kaula , ujug-ujug rorompok kaula semerbak bau seungit misik Rosululloh Saw. Seungit misik eta napeul dipipi kaula salami 8 dinteun sabab ciuman Rosululloh Saw. Sareung bojo kaula oge meunangkeun bau seungit eta dipipi kaula saban dinteun . oh bangeut untungna kaula, Alhamdulillah.
وذكر الإمام حجة الإسلام فى (( كتاب الإحياء )) عن عبد الواحد بن زيد أنه قال : خرجت حاجا فصحبنى رجل فكان لايقوم ولايقعد ولايتحرك ولايسكن إلا صلى على النبى صلعم فسألته عن ذلك فقال : أخبرك عن ذلك : خرجت أول مرة إلى مكة ومعى أبى فلما انصرفنا نمت فى بعض المنازل فبينا أنا نائم إذا أتانى آت فقال لى : قم فقد أمات الله أباك وسوّد وجهه قال : فقمت مذعورا ، فكشفت الثوب عن وجهه أبى فإذا هو ميت أسود الوجه ! فدخلنى من ذلك رعب ، فبينا أنا فى ذلك الغمّ إذ غلبتنى عينانى فنمت فإذا على رأس أبى أربعة سودان معهم أعمدة من حديد إذ أقبل رجل حسن الوجه بين ثوبين أخضرين فقال لهم : نتحوا فمسح وجهه بيده ثم أتانى فقال لي : قم فقد بيض الله وجه أبيك فقلت له من أنت بأبى أنت وأمى ؟ قال : أنا محمّد صلعم . قال : فقمت فكشفت الثوب عن وجه أبى فإذا هو أبيض !!  فما تركت الصلاة بعد ذلك على رسول الله صلعم. ( القرطاس للحبيب على بن حسن العطاس ج 2 ص 305 )
Al-imam Hujatul Islam Al-Ghozali parantos nyebatkeun  dina kitab Al-Ihya ti Abdul Wahid bin Zaid yen anjeunna parantos sasanggeum :”kaula parantos ngayakeun perjalanan ( safar ) pikeun ngalaksanakeun ibadah hajji direncangan ku hiji sobat . jalmi eta , salawasna maos sholawat ka Nabi Saw. Naha nalika anjeunna calik, tatih, gogoleran sareung dijero sadaya geak-gerikna salawasna maos sholawat, tina katekunanna maos sholawat  eta ngadorong kaula pikeun tumaros ka anjeunna
Anjeunna sasanggeum :”kaula bakal nerangkeun ka anjeun ngeunaan katekunan kaula maos sholawat ieu “. Kisoh ieu awalna tina angkat kaula pikeun ngalaksanakeun ibadah anu ngawitan sarta bapa kaula jeung nalika kaula sadaya parantos rengse ngalaksanakeun ibadah hajji , kaula sadaya oge mulang.
Dileubeut hiji bumi kaula oge kasarean nalika kaula sare, ujug-ujug aya jalmi dongkap ka kaula barina nyarios :”kudu hudang anjeun Alloh Swt. Parantos ngamaotkeun bapa anjeun jeung ngahideungkeun rarayna”. Anjeunna sasanggeum :”mangka hudang kaula dina kaayaan reuwas, lajeung kaula singkabkeun kaen anu nutupan raray bapa kaula. Sareung nyata temen-temen bapa kaula parantos janteun mayyit kalawan raray anu hideung, kaula temen-temen sedih pisan ninggal eta kajanteunan , nalika kaula bangeut sedih, ujug-ujug karaos dua soca kaula tunduh sareung sare kaula, dijero sare kaula ninggal kaula aya 4 jalmi hideung diluhur mastaka bapa kaula, aranjeunna nyeukeul sababaaha bagean besi , ujug-ujug dongkap hiji lalaki anu kasep kalawan nganggo acuk hejo , jalmi anu kasep eta ngadawuh ka 4 jalmi hideung eta :”kudu ngajauhan aranjeeun ! lajeung diusapna raray bapa kaula kalawan pananganna sareung dongkap Manteuna ka kaula “Kudu hudang anjeun! Alloh Swt.parantos ngabodaskeun raray bapa anjeun “, saurna :”kaula sasanggeum ka Manteunna:”Demi Bapa sareung Ibu kaula, saha ari ieu Juragan teh ?  Manteunna ngadawuh “Ari Kaula eta Muhammad “ anjeunna sasanggeum :”lajeung kaula oge gugah sareung kaula singkabkeun kaen anu nutupan raray bapa kaula , nyata raray bapa kaula temen-temen parantos bodas deui , saparantos kajanteunan eta kaula teu acan kantos ninggalkeun maos sholawat ka Rosululloh Saw.








Tidak ada komentar:

Posting Komentar