WALI WEUNANG NGANYAHOKEUN YEN DIRINA HIJI WALI :




يجوز أن يعلم الولي أنه وليّ :

فإن قيل : ما هو يجوز أن يعلم الولى أنّه ولى ؟
Upami ditaros :” Naha meunang hiji Wali Alloh Swt. Nganyahokeun yen dirina eta hiji wali Alloh Swt.  ?
فالجواب عنه :
Mangka waleurna tina eta patarosan : 
ومنهم من قال : يجوز أن يعلم الولي أنه وليّ ، كَمَا أن يعلم النبي أنه نبيّ
Sareung sapalih ti para wali nyarioskeun :”kengeng wae hiji wali nganyahokeun yen dirina nyaeta wali, sakumaha hiji nabi nganyahokeun yen dirina nyaeta nabi

) قَالَ اللهُ تَعَالَى : يَاأَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا عَلَيْكُمْ أَنْفُسَكُمْ لاَ يَضُرُّكُمْ مَنْ ضَلَّ إِذَا اهْتَدَيْتُمْ … (المائدة : 105
parantos ngadawuh Alloh Swt. : “Hei jalma-jalma anu ariman! riksa diri aranjeun, hanteu aya jalma anu sasar eta bakal mere madharat ka aranjeun upama aranjeun meunang pituduh ( meunang  jalan anu leureus ). …” (QS. al-Ma’idah {5}: 105).
وَقَالَ تَعَالَى مَا كَانَ مُحَمَّدٌ أَبَا أَحَدٍ مِنْ رِجَالِكُمْ وَلكِنْ رَّسُوْلَ اللهِ وَخَاتَمَ النَّبِيِّيْنَ ( الأحزاب : 40 )
sareng pidawuh Alloh Swt. : “Muhammad eta sakali-kali sanes bapa ti hiji lalaki di antara aranjeun, tatapina Manteunna nyaeta Rosululloh jeung panutup para Nabi ” (QS. Al-Ahzab {33}: 40).
كَمَالْإِعْتِرَافِ النَّبِىِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، أَنَّهُ قَالَ : وَأَنَا خَاتَمُ النَّبِيِّيْنَ لاَنَبِيَّ بَعْدِيْ
Sakumaha pangakuan Nabi Saw. Kana saenyana Manteunna ngadawuh :”Kaula nyaeta panutup para Nabi, hanteu aya deui Nabi saparantos kaula.

وَقَالَ النَّبِىِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَإِنِّي آخِرُ الْأَنْبِيَاءِ(رواه مسلم
Sareung dawuhan Nabi Saw.: “Saenyana Kaula nyaeta akhir para Nabi”

وَقَالَ النَّبِىِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَآلِهِ وَسَلَّمَ : إِنَّ الرِّسَالَةَ وَالنُّبُوَّةَ قَدِ انْقَطَعَتْ، فَلاَ رَسُوْلَ وَلاَ نَبِيَّ بَعْدِيْ (رواه الترمذي
Sareung dawuhan Nabi Saw.: “Karosulan jeung kanabian geus pegat sabab eta, teu aya deui Rosul jeung  teu aya deui Nabi saparantos kaula.” (HR. Tirmidzi)

وَقَالَ النَّبِىِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَآلِهِ وَسَلَّمَ ، لاَنَبِيَّ بَعْدِيْ (رواه البخاري
Sareung dawuhan Nabi Saw.: “ Teu aya deui Nabi saparantos kaula.” (HR. Bukhari).

أَىْ لاَنَبِيَّ بَعْدِهِ إِلاَّ اْلوَلِىُّ اللهِ تَعَالَى بَعْدِهِ
Tegesna hanteu aya deui Nabi Saparantos Kangjeung Nabi Muhammad Saw. Kajaba Wali Alloh Swt. Saparantos tilar dunyana  Kangjeung Nabi Muhammad Saw.

كَمَالْإِعْتِرَافِ السيّد عبد القادر الجيلانى رضى الله عنه فى صورة المقاماته ، أنّه قال :
Sakumaha pengakuan Syekh Abdul Qodir Jailani ra. ( pendiri thoriqoh Qodiriyyah ) : dina ngagambarkeun pirang-pirang darajatna, kana saenyana Manteuna ngadawuh   : 

قَدَمِيْ هذه على رقبة كل ولي لله تعالى

“hiji sapean kaula ieu aya disaluhureun tenggek sakabeh  Wali Alloh Swt.”
فقال السيد محمّد بن على باعلوى رضى الله عنه : نعم ، إلَّا أنا ، لكم من مشهور ببركة المستور


Mangka ngawaler Sayyid Muhammad bin Ali Ba`Alawy ra. ( pendiri thoriqoh Alawiyyah ) : sumuhun, Kajaba Kaula, karana Loba wali anu sohor sabab barokahna wali anu teu sohor ( nyumput )

وكمالإعتراف السيّد أحمد التجانى رضى الله عنه ، حين المواجهة بتلاميذه ، أنّه قال  :
Jeung sakumaha pengakuan Sayyid Ahmad al-Tijani ( pendiri thoriqoh Tijaniyyah ) :  dina waktos papayun-payun rejeng  murid-muridna, kana saenyata Manteunna ngadawuh : 

قدماي هتان على رقبة كل ولى لله تعالى
“dua sapean kaula ieu aya disaluhureun tenggek sakabeh  Wali Alloh Swt.”

وانا سيداللاولياء كماكان صلى الله عليه وسلم سيد الانبياء
“jeung Kaula nyaeta Juraganna  Para Wali sakumaha Nabi Muhammad Saw. eta Sayyid Para Nabi’”

وقال أيضا رضى الله عنه : اخبرني سيد الوجود صلى الله عليه وسلم انى انا القطب المكتوم منه الي مشافهة يقظة لامناما

Jeung dawuhanna deui : “Sayyidulwujud ( Nabi Muhammad ) Saw., ngawartosan ka kaula, kana saenyana kaula eta Wali Quthbul -Maktum, warta eta ( langsung ) ti Sayyidul wujud ka kaula kalawan musyafahah ( ngadawuh langsung ) dina kaayaan jagi sanes dina kaayaan kuleum.

وبنا ختم الله الولاية فانتهت الينا فلا ختم يكون لمن بعدى
ومافازبالختم الذى لمحمد من امته والعلم الا اناوحدى

“jeung kaula sadaya anu dijadikeun panutup kawalian ( maksadna Wali anu sampurna ) ku Alloh swt., jeung Manteunna tinggal landas ka kaula sadaya. Kusaba eta, hanteu aya Khatmul-Awliya’ pikeun saurang oge saatos kaula, jeung teu aya ummat Nabi Muhammad Saw., anu boga untung menangkeun martabat Khatmul-Awliya’ kajaba kaula saurang”.
كما قال الشاعر :
sakumaha panyi`ir Arab:
المنكر لا يفيده التطويل ولو تليت عليه التوراة والانجيل
“Jalma anu ingkar hanteu rek mangfaat pikeun eta jalma [hujjah] panjang lebar, sanajan di bacakeun ka eta jalma kitab Taurat jeung kitab Injil”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar