CARA NEUKTEUK KUKU

بسم الله الرحمان الرحيم

فَصْلٌ  فِى قَطْعِ الظُّفْرِ
DINA MERTELAKEUN CARA NEUKTEUK KUKU
وَيُسْتَحَبُّ تَقْلِيْمُ اْلأَظْفَارِ يَوْمَ الْجُمُعَةِ وَيَكُوْنُ مُخَالِفًا وَهُوَ

Disunnatkeun ngeureutan pirang-pirang kuku dina poe jum`at .jeung bukti ngeureutan pirang-pirang kuku ( dipigawe ) halna Lalawanan ( luluncatan ) jeung ari ngaran lalawanan

أَنْ يَبْدَأَ بِالْخِنْصِرِ مِنَ اْليُمْنَى ثُمَّ بِالْوُسْطٰى ثُمَّ بِالْإِبْهَامِ ثُمَّ بِالْبِنْصِرِ ثُمَّ بِالسَّبَابَةِ
Eta yen ngamimitian ngeureutan pirang-pirang kuku kalawan ramo Cinggir tina  panangan katuhu tuluy Jajangkung tuluy Jempol tuluy Jariji tuluy curuk


وَمِنَ اْليُسْرَى أَنْ يَبْدَأَ بِالْإِبْهَامِ ثُمَّ الْوُسْطٰى ثُمَّ الْخِنْصِرِ ثُمَّ السَّبَابَةِ ثُمَّ الْبِنْصِرِ

sedengkeun tina panangan kenca eta yen ngamimitian ngeureutan pirang-pirang kuku kalawan ramo
1. Jempol
2. jajangkung
3. Cinggir
4. Curuk
5. Jariji


وَكَذَا فَسَّرَهُ عَبْدُ اللهِ بْنُ بُطَّةَ عَنْ أَصْحَابِنَا رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى
Kitu numutkeun panafsiran Abdulloh bin Buththoh katampi ti para shohabat.


لَمَّا رَوَى عَنِ النَّبِىِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ  مَنْ قَصَّ أَظْفَارَهُ مُخَالِفًا لَمْ يُرَ فِي عَيْنَيْهِ رَمِدَ

Sabab dumasar kana hadits Nabi Saw. : “ Sing saha jalma anu ngeureut itu jalma kana pirang-pirang kukuna itu jalma halna lalawanan maka moal kaserang itu jalma dina panonna itu jalma naon panyakit panon. “
وَفِى حَدِيْثٍ أَمِيْدِ بْنُ عَبْدِ الرَّحْمَانِ عَنْ أَبِيْهِ أَنَّهُ قَالَ


Sedengkeun dina hadits amid bin abdurrohman ti bapana , kana saenya-eunyana bapana eta Parantos ngadawuh :

قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ  مَنْ قَصَّ أَظْفَارَهُ يَوْمَ الْجُمُعَةِ دَخَلَ فِيْهِ شِفٰٓاءٍ وَخَرَجَ مِنْهُ دٰٓاءٍ
Parantos ngadawuh Rosululloh Saw. :“ Sing saha jalma anu ngeureut itu jalma kana pirang-pirang kukuna itu jalma dina poe jum`at maka asup ka jero dirina kawarasan jeung kaluar tina dirina itu jalma naon panyakit .”

وَقَدْ رُوِىَ هَذِهِ اْلفَضِيْلَةُ وَاْلإِسْتِحْبَابُ فِى ذَلِكَ يَوْمَ الْخَمِيْسِ بَعْدَ اْلعَصْرِ  كَمَا رُوِىَ وَكِيْعٌ عَنْ عَائِشَةَ رَضِىَ اللهُ عَنْهَا أَنَّهَا قَالَتْ  قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ

jeung nyata dicarioskeun ieu Kautamian jeung sunah dina ngeureutan pirang-pirang kuku oge ( dipigawe ) dina poe kemis saparantos sholat ashar sakumaha parantos diriwayatkeun ku Waki` ti Sitti A`isyah ra. Kana saeunya-eunyana Sitti A`isyah ra. Parantos nyarios yen Parantos ngadawuh Rosululloh Saw. :


يَا عَائِشَةٌ إِذَا أَنْتِ قَلَمْتِ أَظَافِرَكِ فَابْدَئِيْ بِالْوُسْطٰى ثُمَّ بِالْخِنْصِرِ ثُمَّ بِالْإِبْهَامِ ثُمَّ بِالْبِنْصِرِ ثُمَّ بِالسَّبَابَةِ فَإِنَّ ذَالِكَ يُوَرِّثُ الْغِنٰى


“ Hei Aisyah dimana-mana anjeun ngeureut naon pirang-pirang kuku anjeun mangka kudu ngamimitian anjeun kalayan ramo :
1. Jajangkung
2. Tuluy Cinggir
3. Jempol
4. Jariji
5. Jeung terakhir Curuk
Maka saestuna anu parantos ditutur eta bakal ngawaris kana kabeungharan

وَيَنْبَغِى أَنْ يَكُوْنَ التَّقْلِيْمُ بِالْمِقَصِّ أَوْ مِقَصِّ اْلأَظْفَارِ وَيُكْرَهُ ذَلِكَ بِاْلأَسْنَانِ 

Sayogyana ( Dianjurkeun ) yen aya ngeuretan kuku make gunting atawa gunting kuku ( catutan kuku ) jeung dimakruhkeun ngeureutan kuku make pirang-pirang huntu ,
وَإِذَا قَلَمَ أَظْفَارَهُ يُسْتَحَبُّ لَهُ غُسْلُ اْلبَرَاجِمِ وَدَفْنُ اْلأَظْفَارِ فِى التُّرَابِ وَكَذَلِكَ الشُّعُوْرُ مِنَ الرَّأْسِ وَاْلبَدَنِ وَالدَّمِ مِنَ الْحِجَامَةِ وَاْلفَصْدِ
Jeung dimana-mana tos ngereutan jalma kana pirang-pirang kukuna itu jalma , mangka disunahkeun ka itu jalma naon ngumbah pirang-pirang buku ramo-ramo jeung ngaruang pirang-pirang kukuna kajero taneuh .jeung nya kitu deui rambut tina mastaka, rambut tina awak , geutih tilas bekaman jeung geutih tilas ngabedel ( ngoprasi ).
لَمَّا رَوَى عَنِ النَّبِىِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ  أَنَّهُ أَمَرَ بِدَفْنِ الدَّمِ وَالشَّعْرِ وَالظُّفْرِ
sabab dumasar kana hadits Nabi Saw. Kana saeunya-eunyana Kangjeung Nabi Saw. Marentahkeun Kangjeung Nabi Saw. pikeun ngaruang geutih, buuk jeung kuku.

( disalin tina kitab Gunyah syeikh abdul qodir jailani ra. Hall 15 juz ka 1 )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar