فِى اْلكَيْفِيَّاتِ غُسْلُ الْمَيِّتِ
DINA MERTELAKEUN PIRANG-PIRANG CARA NGADUSAN MAYIT
فَأَمَّا أَقَلُّ اْلكَمَالِ بِثَلَاثِ غُسْلَاتٍ وَهِىَ : اَنْ تَكُوْنَ الْغَسَلَةُ اْلأُوْلَى بِسِدْرٍ وَالثَّانِيَةُ مُزِيْلَةً وَالثَّالِثَةُ بِمَاءٍ قِرَاحٍ
A) KALAWAN 3 X WASUHAN :
1. Cai daun Bidara ( atawa Cai Sabun )
2. Cai Pambersih ( Muzilah )
3. Cai bersih di campur sakeudik Kapur Barus
وَكَيْفِيَّةٌ أُخْرَى بِخَمْسِ غُسْلَاتٍ وَهِىَ : اَنْ تَكُوْنَ الْغَسَلَةُ اْلأُوْلَى بِسِدْرٍ وَالثَّانِيَةُ مُزِيْلَةً وَالثَّالِثَةُ وَالرَّابِعَةُ وَالْخَامِسَةُ بِمَاءٍ قِرَاحٍ
B) KALAWAN 5X WASUHAN :
1. Cai daun Bidara ( atawa Cai Sabun )
2. Cai Pambersih ( Muzilah )
3. 4.5. Cai bersih di campur sakeudik Kapur Barus
وَكَيْفِيَّةٌ أُخْرَى بِسَبْعِ غُسْلَاتٍ وَهِىَ : اَنْ تَكُوْنَ الْغَسَلَةُ اْلأُوْلَى بِسِدْرٍ وَالثَّانِيَةُ مُزِيْلَةً وَالثَّالِثَةُ بِسِدْرٍ وَالرَّابِعَةُ مُزِيْلَةً وَالْخَامِسَةُ وَالسَّادِسَةُ وَالسَّابِعَةُ بِمَاءٍ قِرَاحٍ
B) KALAWAN 7X WASUHAN :
1. Cai daun Bidara ( atawa Cai Sabun )
2. Cai Pambersih ( Muzilah )
3. Cai daun Bidara ( atawa Cai Sabun )
4. Cai Pambersih ( Muzilah )
5. 6.7. Cai bersih di campur sakeudik Kapur Barus
وَكَيْفِيَّةٌ أُخْرَى بِتِسْعِ غُسْلَاتٍ وَهِىَ : اَنْ تَكُوْنَ الْغَسَلَةُ اْلأُوْلَى بِسِدْرٍ وَالثَّانِيَةُ مُزِيْلَةً وَالثَّالِثَةُ بِسِدْرٍ وَالرَّابِعَةُ مُزِيْلَةً وَالْخَامِسَةُ بِسِدْرٍ وَالسَّادِسَةُ مُزِيْلَةً وَالسَّابِعَةُ وَالثَّامِنَةُ وَالتَّاسِعَةُ بِمَاءٍ قِرَاحٍ
B) KALAWAN 9X WASUHAN :
1. Cai daun Bidara ( atawa Cai Sabun )
2. Cai Pambersih ( Muzilah )
3. Cai daun Bidara ( atawa Cai Sabun )
4. Cai Pambersih ( Muzilah )
5. Cai daun Bidara ( atawa Cai Sabun )
6. Cai Pambersih ( Muzilah )
7. 8.9. Cai bersih di campur sakeudik Kapur Barus
وَاْلعِبْرَةُ فِى الْحَقِيْقَةِ فِى جَمِيْعِ اْلكَيْفِيَّاتِ بِمَا كَانَتْ بِالْمَاءِ اْلقِرَاحِ
PELAJARAN DINA SAENYA-ENYANA ANU DI ANGGAP NGADUSAN MAYIT DINA SAKABEH CARA ETA NYAETA ANU MAKE CAI BERSIH ( MURNI )
وَكَيْفِيَّةُ غُسْلِ الْمَيِّتِ أَنْ يُجْلِسَهُ اْلغَاسِلُ عَىَو مُرْتَفِعٍ بِرِفْقٍ مَائِلًا إِلَى وَرَائِهِ قَلِيْلًا
Ari tata cara ngadusan mayit eta yen ngadiukkeun ka mayit saha jalma anu nyiraman ( ghosil ) tina tempat anu luhur kalawan lalaunan barina anu miring kana Beulah tukangna jalma anu nyiraman ( ghosil ) ,
وَيَضَعَ يَدَهُ اْليُمْنَى بَيْنَ كَتِفَيْهِ وَإِبْهَامُهُ فِى قَفَاهُ لِأَنْ لَايَمِيْلَ رَأْسَهُ
jeung nyimpeun jalma anu nyiraman ( ghosil ) kana leungeunna anu katuhu diantara dua taktakna mayit jeung ari jempol leungeunna jalma anu nyiraman ( ghosil ) dina pundukna mayit supaya yen henteu dengdek mastakana mayit.
وَيُسْنِدَ ظَهْرَ الْمَيِّتِ إِلَى رُكْبَتِهِ اْليُمْنَى لِأَنْ لَايَسْقُطَ
jeung nyarandekeun jalma anu nyiraman ( ghosil ) kana tonggong mayit kana tuurna jalma anu nyiraman ( ghosil ) anu beulah katuhu supaya yen henteu ragrag mayit,
وَيَمُرَّ يَدَاْليُسْرَى عَىَ بَطْنِ الْمَيِّتِ لِيَخْرُجَ مَا فِى بَطْنِهِ مِنَ اْلأَذَى لِأَنْ لَا يَخْرُجَ بَعْدَ اْلغُسْلِ
jeung ngurutkeun kana dua lengeun anu beulah kenca kana beuteung mayit supaya yen kaluar naon perkara anu tetep dina jero beuteungna mayit tina kokotor supaya yen henteu kaluar deui eta perkara dina saatos nyiraman,
ثُمَّ يُضْجِعَهُ عَىَr قَفَاهُ
tuluy ngeudeungkeun si jalma anu nyiraman ( ghosil ) ka mayit kana pundukna
وَيَغْسِلَ دُبُرَهُ وَقُبُلَهُ مَعَ النَّجَاسَةِ الَّتِى حَوْلَهُمَا بِخِرْقَةٍ مَلْفُوْفَةٍ عَىَا يَدِهِ اْليُسْرَى،
jeung ngumbah si jalma anu nyiraman ( ghosil ) kana duburna jeung Qubulna mayit dibarengan najis anu aya disakuliling dua palawangannana mayit kalawan kaen lamak anu dilipeutkeun kana lengeunna si jalma anu nyiraman ( ghosil ) anu beulah kenca ,
Tuluy dimana-mana rengse ngawasuh rarangan mayit mangka ngucap :
اَللهم طَهِّرْ قَلْبَهُ ( هَا ) مِنَ النِّفَاقِ وَحَصِّنْ فَرْجَهُ ( هَا ) مِنَ اْلنَّارِ
Nun Gusti muga ngabersihkeun Gusti kana hate ieu mayit tina munafek jeung mugi ngaraksa Gusti kana rarangan ieu mayit tina naraka
ثُمَّ أَخَدَ خِرْقَةً أُخْرَى وَلَفَّهَا عَلَى يَدِهِ اْليُسْرَى مَبْلُوْلَةً بِالْمَاءِ
tuluy nyokot si jalma anu nyiraman ( ghosil ) kana kaen lamak anu sejen jeung nileupkeun si jalma anu nyiraman ( ghosil ) kana kaen lamak kana lengeunna si jalma anu nyiraman ( ghosil ) anu beulah kenca barina dibaseuhan kalawan cai,
وَيُنَظِّفَ أَسْنَانَهُ
Jeung ngabersihan si jalma anu nyiraman ( ghosil ) kana pirang-pirang huntuna mayit
وَلَا يَفْتَحُ أَسْنَانُهُ لِأَنْ لَايَسْبِقَ الْمَاءُ إِلَى بَطْنِهِ فَيَسْرَعَ فَسَادُهُ
Jeung ulah dibuka pirang-pirang huntuna mayit supaya yen hanteu asup cai kana jero beuteungna mayit ( anu nyababkeun ) yen jadi gancang ruksakna mayit,
jeung dimana-mana nyusuran mayit mangka ngucap :
اَللَّهُمَّ بَيِّضْ أَسْنَانَهُ ( هَا ) وَشُدَّ لِـثَّتَهُ ( هَا ) وَثَبِّتْ لَهَاتَهُ ( هَا ) وَأَفْصِحْ لِسَانَهُ يَاأَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
”Nun Gusti, Mugi ngabodaskeun Gusti kana pirang-pirang waos ieu mayit sareung mugi ngiatkeun Gusti kana gugusi ieu mayit sarta lahat ieu mayit ( tegesna daging anu janteun diluhur lalangit baham ) sareung mugi benteskeun Guti kana letah ieu mayit Hei Dzat anu Maha Asih diantara pirang-pirang anu asih.”.
ثُمَّ يُنَظِّفَ مَنْخِرَيْهِ وَأُذُنَيْهِ بِسَبَابَتِهِ اْليُسْرَى
tuluy ngabersihan si jalma anu nyiraman ( ghosil ) kana dua irungna jeung kana dua ceulina kalawan curukna si jalma anu kenca
وَيَلُّفَ عَىَc السَّبَابَةِ اْليُسْرَى لِكُلِّ مَرَّةٍ خِرْقَةً نَظِيْفَةً أَوْ نَحْوِهَا،
jeung ngalipeutkeun si jalma kana curukna anu kenca pikeun saban-saban sabalikannana kana kaen lamak anu bersih atawa kana bangsana kaen lamak
ثُمَّ يُوَضِّئَهُ ثَلَاثًا ثَلَاثًا
tuluy ngawudhuan si jalma anu nyiraman ( ghosil ) ka mayit halna tilu balikan tilu balikan
jeung dimana-mana Ninggal Cai bade ngawudhuan mayit mangka ngucap :
بِسْمِ اللهِ اْلحَمْدُ لِلهِ الَّذِي جَعَلَ هَذَا اْلمَاءَ طَهُوْراً وَلَمْ يَجْعَلْ هَذَا اْلمَاءَ نَجِساً ، اَللَّهُمَّ اجْعَلْنِى وَإِيَّاهُ ( هَا ) مِنَ التَّوَّابِيْنَ وَاجْعَلْنِيْ وَإِيَّاهُ ( هَا ) مِنَ اْلمُتَطَهِّرِيْنَ
Kalawan nyebat jenengan Alloh anu parantos ngajanteunkeun Alloh kana ieu cai halna nyucikeun, sareung hanteu ngajanteunkeun Gusti kana ieu cai halna najis, Nun Gusti muga ngajadikeun Gusti ka abdi sareung ka ieu mayit tina sapalihna jalma anu tarobat sareung mugi ngajadikeun Gusti ka abdi sareung ka ieu mayit tina sapalihna jalma anu tukang beberesih
jeung dimana-mana ngawasuh dua dampal panangan mayit mangka ngucap :
اَللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ اْليُمْنَ وَاْلبَرَكَةَ وَنَعُوْذُ بِكَ مِنَ الشُّؤْمِ وَاْلهَلَكَةِ
Nun Gusti saenya-enyana abdi sadaya nyuhunkeun abdi sadaya ka Gusti kana kakuatan ngaos sareung kana kabarokahan , sareung nyuhunkeun pangraksa abdi sadaya ka Gusti tina sial sareung karuksakan
jeung dimana-mana kekemu pikeun mayit kalawan dieulap ku kaen eulap anu bersih mangka ngucap :
اَللَّهُمَّ ثَــــبِّتْهُ ( هَا ) بِالْقَوْلِ الشَهَادَتَيْنِ فِى الْحَيَاةِ الدُّنْيَا إِلَى اْلاَخِرَةِ
Nun Gusti mugi netepkeun Gusti ka ieu mayit kalawan ucapan dua kalimah syahadat dina kahirupan dunya dugika akherat
jeung dimana-mana ngingseureuk ( ngaleubeutkeun ) cai kana Pangambung kalawan di eulap ku kaen bersih anu dibaseuhan mangka ngucap :
اَللَّهُمَّ أَرِحْهُ ( هَا ) رَائِحَةَ الْجَنَّةِ وَأَنْتَ عَنْهُ ( هَا ) رَاضٍ
Nun Gusti mugi masihan ngangseukeun Gusti ka ieu mayit kana sesengitannana surga bari ari Gusti ti ieu mayit eta anu ridho
jeung dimana-mana nyingseuringkeun ( ngaluarkeun ) cai tina Pangambung kalawan di eulap ku kaen bersih anu dibaseuhan mangka ngucap :
اَللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوْذُ بِكَ مِنْ رَّوَائِحِ النَّارِ وَمِنْ سُوْءِ الدَّارِ
Nun Gusti saenya-enyana abdi sadaya nyuhunkeun pangraksa abdi sadaya ka Gusti tina pirang-pirang ambeu-ambeuan naraka sareng gorengna tempat
sateurasna Niat wudhu dikeretegkeun dina manah jalma anu ngadusan mayit pas cai dikucurkeun kana rarayna mayit kalawan ucapan :
نَوَيْتُ اْلوُضُوْءَ الْمَسْنُوْنَ ( لِهَذَااْلمَيِّتِ ) / ( لِهَذِهِ اْلمَيِّتَةِ ) لِلهِ تَعَالَى
Niat abdi wudhu anu disunnahkeun ( pikeun ieu mayit lalaki ) atawa ( pikeun ieu mayit awewe ) karana mihareup ridho Alloh Ta`alaa
Salajeungna ngucap :
اَللَّهُمَّ بَيِّضْ وَجْهَهُ ( هَا ) بِنُوْرِكَ يَوْمَ الْحِسَابِ وَلَا تُسَوِّدْ وَجْهَهُ ( هَا ) بِظُلُمَاتِكَ يَوْمَ الْحِسَابِ
Nun Gusti mugi ngabodaskeun Gusti kana raray ieu mayit kalawan cahaya Gusti dina poean hisab Gusti sareung ulah ngahideungkeun Gusti kana Raray ieu mayit kalawan popoek Gusti dina poean hisab Gusti
teuras ngawasuh panangan anu katuhu pikeun mayit kalawan ucapan :
اَللَّهُمَّ أَعْطِهُ ( هَا ) كِتَابَهُ ( هَا ) بِيَمِيْنِهِ ( هَا ) وَحَاسِبْهُ ( هَا ) حِسَابًا يَّسِيْرًا
Nun Gusti mugi masihan Gusti ka ieu mayit kana catetan a`mal ieu mayit kalawan panangan katuhu ieu mayit sareung mugi ngahisab Gusti ka ieu mayit kalawan hisaban anu enteng
Teuras ngawasuh panangan anu kenca pikeun mayit kalawan ucapan :
اَللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوْذُ بِكَ أَنْ تُعْطِيَهُ ( هَا ) كِتَابَهُ ( هَا ) بِشِمَالِهِ ( هَا ) أَوْ مِنْ وَّرَاءِ ظَهْرِهِ ( هَا )
Nun Gusti saenya-enyana abdi sadaya nyuhunkeun pangraksa abdi sadaya ka Gusti kana yen masihan Gusti ka ieu mayit kana catetan a`mal ieu mayit kalawan panangan kenca ieu mayit atawa tina satukangeun tonggong ieu mayit
Teuras ngawasuh mastaka mayit kalawan ucapan :
اَللَّهُمَّ غَشِّهِ ( هَا ) بِرَحْمَتِكَ وَأَنْزِلْ عَلَيْهِ ( هَا ) مِنْ بَرَكَاتِكَ وَأَظِلِّهِ ( هَا ) تَحْتَ ظِلِّ عَرْشِكَ يَوْمَ لَا ظِلَّ إِلَّا ظِلُّكَ
Nun Gusti mugi minuhan Gusti ka ieu mayit kalawan rohmat Gusti sareung mugi nurunkeun Gusti ka ieu mayit tina pirang-pirang kaberkahan Gusti sareung mugi ngiuhan Gusti ka ieu mayit dina handapeun iyuh-iyuh arasy dina poean teu aya iyuh-iyuhan eta tetep kajaba iyuh-iyuhan Gusti
اَللَّهُمَّ حَرِّمْ شَعْرَهُ ( هَا ) وَبَشَرَهُ ( هَا ) عَلَى النَّارِ
Nun Gusti mugi ngaharamkeun Gusti kana rambut ieu mayit sareung kulit ieu mayit kana seuneu naraka
Teuras ngawasuh ceupil dua mayit kalawan di eulap ku kaen baseuh anu bersih lajeung ngucap :
اَللَّهُمَّ اجْعَلْنِيْ وَإِيَّاهُ ( هَا ) مِنَ الَّذِيْنَ يَسْتَمِعُوْنَ اْلقَوْلَ فَيَتَّبِعُوْنَ أَحْسَنَهُ ، اَللَّهُمَّ أَسْمِعْنِيْ وَإِيَّاهُ ( هَا ) مُنَادِيَ فِى اْلجَنَّةِ مَعَ اْلأَ بْرَارِ
Nun Gusti mugi ngajadikeun Gusti ka abdi sareung ka ieu mayit tina golongan jalma-jalma anu ngaruping jalma-jalma kana ucapan maka sok nuturkeun jalma-jalma kana pangalus-alusna ucapan, Nun Gusti mugi masihan ngarungu Gusti ka abdi sareung ka ieu mayit kana pangundang ahli surga dijero surga sarta pirang-pirang wali Abror ( jalmi-jalmi anu sarae )
Teuras ngusap punduk mayit barina ngucap :
اَللَّهُمَّ فُكَّ رَقَبَتَنَا مِنَ النَّاِر وَنَعُوْذُ بِكَ مِنَ السَّلَاسِلِ وَاْلأَغْلَالِ
Nun Gusti mugi merdikakeun Gusti kana punduk abdi sadaya tina naraka, sareung nyuhunkeun pangraksa abdi sadaya ka Gusti tina pirang-pirang rante sareung balenggu
Teuras ngawasuh sampean anu katuhu mayit barina ngucap :
اَللَّهُمَّ ثَـــــبِّتْ قَدَمَهُ ( هَا ) عَلَى الصِّرَاطِ الْمُسْتَقِيْمِ مَعَ أَقْدَامِ عِبَادِكَ الصَّالِحِيْنَ
Nun Gusti mugi netepkeun Gusti kana dampal sampean ieu mayit luhureun jalan anu ajeg sareung pirang-pirang dampal sampean abdi Gusti anu saroleh
Teuras ngawasuh sampean anu kenca mayit baina ngucap :
اَللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوْذُ بِكَ أَنْ تَزِلَّ قَدَمِنَا عَلَى الصِّرَاطِ فِى النَّارِ يَوْمَ تَزِلُّ أَقْدَامُ الْمُنَافِقِيْنَ وَ الْمُشْرِكِيْنَ
Nun Gusti saenya-enyana abdi sadaya nyuhunkeun pangraksa abdi sadaya ka gusti kana yen tisoledat ( naon ) dampal sampean abdi sadaya kana jalan dina naraka dina poean tisoledat ( naon ) dampal sukuna jalma munafek kabeh sareung jalma musyrik kabeh
Teras maos :
اَللَّهُمَّ اجْعَلْهُ مِنَ التَّوَّابِيْنَ أَوْ اَللَّهُمَّ اجْعَلْنِى وَإِيَّاهُ مِنَ التَّوَّابِيْنَ
Nun Gusti mugi ngajanteunkeun Gusti ka ieu mayit sapalihna tina pirang-pirang jalmi anu tobat atawa
Nun Gusti mugi ngajanteunkeun Gusti ka abdi sareung ka ieu mayit sapalihna tina pirang-pirang jalmi anu tobat
اَللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ تَمَامَ اْلوُضُوْءِ وَتَمَامَ الصَّلَاةِ وَتَمَامَ رِضْوَانِكَ وَالْجَنَّةَ
Nun Gusti saenya-enyana abdi sadaya eta nyuhunkeun abdi sadaya ka Gusti kana kasampurnaan wudhu sareung kana kasampurnaan sholat sareung kana kasampurnaan karidhoan Gusti sareung kana Surga Gusti.
وبعد ذلك
sanggeus éta
أَنْ يَبْدَأَ فِى كُلِّ مَرَةٍ مِنَ الثَّلَاثِ بِغُسْلِ رَأْسِهِ فَلِحْيَتِهِ بِسِدْرٍ
yen ngamimitian jalma dina saban-saban balikan tina eta tilu balikan kumbahan kalawan ngumbah mastakana teuras kana jenggotna mayit kalawan sidr,
ثُمَّ مُقَدَّمِ شِقِّهِ اْلأَيْمَنِ مِنْ عُنُقِّهِ إِلَى قَدَمِهِ ، وَيُسَنُّ أَنْ يَقُوْلَ : بِسْمِ اللهِ غُفْرَانَكَ يَارَحْمٰنُ رَبَّنَاوَاِلَيْكَ اْلمَصِيْرُ
tuluy bagean hareup awakna anu sisi katuhu timimiti punduk( leher )na mayit nepi kana dampal sukuna , jeung disunatkeun yen ngucap jalma : Kalawan nyeubat jenengan Alloh mugi maparin pangampura Gusti ka abdi sadaya Hei anu Maha Weulas ! Hei Gusti Pangeran abdi sadaya ! mung ka Gusti ari pangsaena tempat mulang.
ثُمَّ مُقَدَّمِ شِقِّهِ اْلأَيْسَرِ مِنْ عُنُقِّهِ إِلَى قَدَمِهِ ، وَيُسَنُّ أَنْ يَقُوْلَ : بِسْمِ اللهِ غُفْرَانَكَ يَارَحِيْمُ رَبَّنَاوَاِلَيْكَ اْلمَصِيْرُ
tuluy bagean hareup awakna anu sisi kenca timimiti punduk( leher )na mayit nepi kana dampal sukuna , jeung disunatkeun yen ngucap jalma : Kalawan nyeubat jenengan Alloh mugi maparin pangampura Gusti ka abdi sadaya Hei anu Maha Asih ! Hei Gusti Pangeran abdi sadaya ! mung ka Gusti ari pangsaena tempat mulang.
ثُمَّ مُؤَخَّرِ شِقِّهِ اْلأَيْمَنِ مِنْ كَتِفِهِ إِلَى قَدَمِهِ ، وَيُسَنُّ أَنْ يَقُوْلَ : بِسْمِ اللهِ غُفْرَانَكَ يَارَحْمٰنُ يَارَحِيْمُ رَبَّنَاوَاِلَيْكَ اْلمَصِيْرُ
tuluy bagean tukang sisi katuhu, timimiti taktak ( taraju )na mayit nepi kana dampal sukuna , jeung disunatkeun yen ngucap jalma : Kalawan nyeubat jenengan Alloh mugi maparin pangampura Gusti ka abdi sadaya Hei anu Maha Weulas tur Maha Asih ! Hei Gusti Pangeran abdi sadaya ! mung ka Gusti ari pangsaena tempat mulang.
ثُمَّ مُؤَخَّرِ شِقِّهِ اْلأَيْسَرِ مِنْ كَتِفِهِ إِلَى قَدَمِهِ ، وَيُسَنُّ أَنْ يَقُوْلَ : بِسْمِ اللهِ غُفْرَانَكَ يَارَحْمٰنُ يَارَحِيْمُ رَبَّنَاوَاِلَيْكَ اْلمَصِيْرُ
tuluy bagean tukang sisi kénca, timimiti taktak ( taraju )na mayit nepi kana dampal sukuna , jeung disunatkeun yen ngucap jalma : Kalawan nyeubat jenengan Alloh mugi maparin pangampura Gusti ka abdi sadaya Hei anu Maha Weulas tur Maha Asih ! Hei Gusti Pangeran abdi sadaya ! mung ka Gusti ari pangsaena tempat mulang.
ثُمَّ يُزَالُ السِّدْرُ بِصَبِّ الْمَاءِ الْخَالِصِ مِنْ رَأْسِهِ إِلَى قَدَمِهِ
saterasna dileungitkeun urut sidr kalawan dibanjur ku cai anu bersih ( kalawan teu make kafur barus ) timimiti tungtung mastakana dugi ka handap sampeanna.
ثُمَّ يَعُمُّهُ كَذَلِكَ ( مِنَ اْلغُسْلِ جَمِيْعُ اْلبَدَنِهِ ثَلَاثًا ) بِالْمَاءِ الْخَالِصِ الَّذِى فِيْهِ ( يُخْلَطُ) قَلِيْلُ كَافُوْرٍ بِحَيْثُ لَايُغَيِرُ اْلمَاءَ
tuluy ngawalatrakeun jalma kana mayit saperti kitu ( tina nyiraman sadaya awakna mayit halna tilu kali ) ku cai anu bersih anu tetep dina eta cai ( di campur ) kafur barus kalawan sakira-kira hanteu ngarobah kafur barus kana cai
jeung dimana-mana nyiram mayit anu panungtung ieu disunnahkeun maca :
نَوَيْتُ الْغُسْلَ الْمَسْنُوْنَ لِهٰذَا الْمَيِّتِ/ لِهٰذِهِ الْمَيِّتَةِ لِلهِ تَعَالَى
Niat abdi kana adus anu disunnahkeun pikeun ieu mayit, karana miharep ridho Alloh Swt.
وَيُسْتَحَبُّ أَنْ يُنَشِّفَهُ بِمِنْشَفَةٍ بَعْدَ تَمَامِ غُسْلِهِ
jeung disunnatkeun yen ngeulapan jalma ka mayit ku anduk dina saatos sampurna nyiraman mayit.
مُذَكِّرَةٌ :
CATEUTAN :
فَلَا تُحْسَبُ غُسْلَةُ السِّدْرِ وَلَامَا اُزِيْلَ بِهِ مِنَ الثَّلَاثِ لِتَغَيُّرِ اْلمَاءِ بِهِ التَّغَيُّرَ السَّالِبَ لِلطَّهُوْرِيَّةِ وَإِنَّمَا يُحْسَبُ مِنْهَا غُسْلَةُ اْلمَاءِ اْلقِرَاحِ
Mangka hanteu di itung kumbahan daun bidara ( sidr ) jeung hanteu di itung perkara anu dileungitkeun daun bidara ( sidr ) kalawan eta perkara tina tilu kumbahan karana jadi robahna cai kalawan eta ( perkara anu dileungitkeun daun bidara ( sidr ) kalawan eta perkara ) kalawan barobah anu nyabut kana kasucian cai , jeung pastina di itung-itung tina itu kumbahan ( naon ) kumbahan cai anu bersih .
Tidak ada komentar:
Posting Komentar