PERBEDAAN PAMADEGAN ULAMA DINA NGAMAKNAAN AR ROHMAN JEUNG AR ROHIM




 بسم الله الرحمن الرحيم 

فصل اختلاف العلماء في معنى الرحمن والرحيم
PASAL DINA MERTELAKEUN PERBEDAAN PAMADEGAN ULAMA DINA NGAMAKNAAN AR ROHMAN JEUNG AR ROHIM

قد قال بعض العلماء : هما بمعنى واحد وهو ذو الرحمة وهما من صفات الذات ،
Nyata parantos ngadawuh sapalih U`lama :" ari dua jenengan dina dawuhan-Na ( Ar Rohman Ar Rohim ) eta ngandung harti hiji nyaeta anu ngagaduhan rohmat duanana nyaeta sifat tina dzat ,
وقيل : هما بمعنى ترك عقوبة من يستحقّ العقوبة وإسداء الخير إلى من لايستحقه وهما من صفات الفعل
jeung aya anu nyarioskeun :" ari jenengan ( Ar Rohman Ar Rohim ) eta ngandung hartos teu malire hukuman pikeun jalma anu ngabogaan hak narimana jeung maparin kasaean ka jalma anu hanteu boga hak narimana jeung duanana oge kalebeut kana sifat padamelan ,
وفرّق الآخرون بينهما فقالوا : الرحمن للمبالغة
aya oge anu ngabenteunkeun antara duanana , sabagean nyarioskeun  kecap Ar Rohman dimaksudkeun pikeun Mubalaghoh ,
فمعناه الذى وسعت رحمته كل شيء والرحيم دون ذلك فى الرتبة ،
anu ngandung harti yen Rohmat Alloh ngawengku sadaya perkara , sedengkeun Ar Rohim nempatan urutan dihandapna,
وقال بعضهم : الرحمن العاطف على جميع خلقه مؤمنهم وكافرهم وبرهم وفاجرهم بأن خلقهم ورزقهم ،
sapalih anu sanes ngungkabkeun Ar Rohman ngandung harti ngabogaan sifat lemes ka sadaya makhluk-Na, naha mu`min atawa kafir, naha bageur atawa jahat. Alloh ngadameul jeung maparin rohmat ka sadaya makhluk .
قال الله تعالى : ورحمتى وسعت كل شيء ،
Parantos ngadawuh Alloh Swt. :” Rohmat kaula ngawengku sakabeh perkara “
والرحيم بالمؤمنين خاصة بالهداية والتوفيق فى الدنيا وبالجنة والرؤية فى الآخرة
sedengkeun Ar Rohim ngan ditujukeun ka pirang-pirang jalma iman wungkul , pirang-pirang jalma iman kengeng hidayah sareng taufik di dunya jeung meunang surga sarta ninggal ka Alloh jaga di akherat
، قال الله تعالى : وكان بالمؤمنين رحيما ،
Parantos ngadawuh Alloh Swt. :”jeung ka pirang-pirang jalma iman Alloh bangeut Asih”
فالرحمن خاص اللفظ عام المعنى ،
 kalawan eta kecap Ar Rohman ngagaduhan lafaz khusus jeung ma`na umum ,
والرحيم عام اللفظ خاص المعنى ،
sabalikna Ar Rohim ngagaduhan lafaz umum jeung ma`na khusus ,
فالرحمان خاص من حيث إنه لايجوز أن يسمى به أحد غير الله ،
maksadna Ar Rohman ngagaduhan sifat khusus ti sisi yen hanteu meunang saurang oge disebat kalawan Ar Rohman kajaba Alloh,
عام من حيث إنه يشمل جميع الموجودات من طريق الخلق والرزق والنفع والدفع
jeung ngagaduhan sifat umum dina harti yen Alloh maparin Rohmat ka sadaya perkara anu aya ngaliwatan jalan penciptaan, maparin rizki, mangfaat jeung pamiaraan.
والرحيم عام من حيث اشتراك المخلوقين فى التسمى به خاص من طريق المعنى لأنه يرجع إلى اللطف والتوفيق
Sedengkeun Ar Rohim ngagaduhan sifat umum sabab makhluk meunang makena ngaliwatan pamakean harti , sabab lafaz Ar Rohim ngandung harti kalemesan jeung kasaluyuan
وقال ابن عباس رضي الله عنهما : هما اسمان رقيقان أحدهما أرق من الآخر. واختلفوا فيهما منهم من قال: هما بمعنى واحد مثل ندمان ونديم ومعناهما ذو الرحمة وذكر أحدهما بعد الآخر
Parantos ngadawuh Ibnu Abbas ra. :“ari dua jenengan ieu (Ar Rohman Ar Rohim ) nyaeta jenengan ( anu nuduhkeun ) kalemesan, namung salasahijina langkung lemes tinimbang anu sanesna – hartosna langkung nuduhkeun welas asih anu langkung ageung-.” ( tinggal Tafsir Al Baghowi Juz 1 kaca 70)

وقال ابن جرير الطبري رحمه الله تعالى :  الرحمن‏ ‏ لجميع الخلق الرحيم بالمؤمنين 
Ngadawuh Ibn Jarir Ath Thabary rhm. : “Ar Rohman nyaeta (nuduhkeun welas) anu ditujukeun pikeun sakabeh makhluq, sedengkeun Ar Rohim nyaeta khusus pikeun pirang-pirang jalma anu airman”.

قال ابن كثير في تفسيره : قال أبو علي الفارسي رحمه الله تعالى :  الرحمن: اسم عام في جميع أنواع الرحمة يختص به الله تعالى، والرحيم إنما هو من جهة المؤمنين،

Ngadawuh Ibnu katsir dina kitab tafsir -Na : parantos ngadawuh  Abu ‘Ali Al-Farisiy: “Ar Rohman mangrupikeun jenengan anu ngagaduhan sifat umum ngawengku sadaya wangun Rohmat, jenengan  ieu dikhusukan pikeun Allah wungkul. Sedengkeun Ar Rohim, maparin welasasih mung ka pirang-pirang jalma anu ariman.

وقال مجاهد رحمه الله تعالى : الرحمن بأهل الدّنيا ، الرحيم بأهل الآخرة ، وفى الدعاء : يارحمن الدنيا ، يارحيم الآخرة
Ngadawuh Mujahid rhm. :“ Ar Rohman pikeun anu nyicingan dunya, sedengkeun Ar Rohim pikeun anu nyicingan akherat. Dijero doa disebatkeun :” Yaa Rohmanad Dunya, Yaa Rohimal Akhiroh “.
 وقال الضحاك رحمه الله تعالى : الرحمن بأهل السماء حيث أسكنهم السموات ، وطوّقهم الطاعات وجنبهم الآفات وقطع عنهم المطامع واللذات ،
Ngadawuh Adh Dhahak rhm. :“ kecap Ar Rohman langkung ditujukeun kanu nyicingan langit. Alloh parantos nempatkeun aranjeunna di 7 langit, ngadameul aranjeunna tunduk jeung patuh sarta ngajauhkeun aranjeunna tina rupi-rupi kamaksiatan,
والرحيم بأهل الأرض حيث أرسل إليهم الرسل ، وأنزل عليهم الكتب
sedengkeun Ar Rohim ditujukeun kanu nyicingan bumi anu ka aranjeunna parantos diutus para Rosul jeung diturunkeun sababaraha kitab.
وقال عكرمة رحمه الله تعالى : الرحمن برحمة واحدة ، والرحيم بمائة رحمة
Ngadawuh Ikrimah rhm. :”Ar Rohman kalawan 1 Rohmat sedengkeun Ar Rohim kalawan 100 Rohmat
وروى ابو هريرة رضى الله عنه عن النبى صلى الله عليه وسلّم : انه قال : إنّ الله عزّ وجلّ  مائة رحمة ، وأنه أنزل منها رحمة واحدة إلى الأرض فقسمها بين خلقه فبها يتعاطفون وبها يتراحمون وأخر تسعة وتسعين لنفسه يرحم بها عباده يوم القيامة
Diriwayatkeun Abu Huroiroh ra. Ti Kangjeung Nabi Saw. Ngadawuh Kangjeung Nabi Saw. :”Saenyana Alloh anu maha Gagah tur maha Mulya ngagaduhan 100 Rohmat , jeung Alloh ngalungsurkeun 1 Rohmat kabumi , salajeungna ngabagi Alloh diantara makhluk-Na. kalawan 1 Rohmat sadaya makhluk sili welas jeung sili asih , sedengkeun 99 Rohmat anu sanesna nyaeta pikeun diri Alloh nyalira, kalawan 99 Rohmat eta Alloh mikaasih pirang-pirang abdi-Na di poe kiamah jaga.”
وفى لفظ آخر : و إنّ الله تعالى ضامّ هذه إلى تلك فيكملا مائة ، و يرحم بها عباده يوم القيامة
Dina lafaz anu sanes disebatkeun :”Saenyana Alloh ngagabungkeun anu 1 rejeung anu sanes ( 99 ) sahingga janteun 100, jeung kalawan eta 100 Rohmat Alloh  mikaasih pirang-pirang abdi-Na di poe kiamah.”
وقال ابن المبارك رحمه الله تعالى : الرحمن الذى إذا سئل أعطى ، والرحيم الذى إذا لم يسئل غضب
Ngadawuh Ibnu Mubarok rhm. :” Ar Rohman ngandung harti lamun dipenta mangka Alloh bakal maparin, sedengkeun Ar Rohim ngandung harti lamun teu ditaros mangka Alloh bakal bendu.
كما قال النبى صلى الله عليه وسلّم : من لايسأل الله يغضب عليه
Sakumaha pidawuh Kangjeung Nabi Saw. :”Singsaha jalma anu hanteu nyuhunkeun ka Alloh mangka Alloh bakal bendu ka eta jalma.

قال الشاعر :  الله يغضب إن تركت سؤاله  * وبنى آدم حين يسئل يغضب
Jeung hiji panyiir ngungkabkeun ngaliwatan hiji syiirna :
Alloh bakal bendu lamun anjeun hanteu kersa nyuhunkeun ka Alloh
Sedengkeun anak turunan adam lamun dipenta kalahkah ambek

الرحمن بالانقاذ من النيران كما قال الله تعالى : وكنتم على شفا حفرة من النار فأنقذكم منها
Ar Rohman aya iketan rejeung paparin Rohmat mangrupa nyalametkeun tina seuneu naraka
Sakumaha pidawuh Alloh Swt. :”jeung aranjeun geus aya disisi jurang naraka , lajeung Alloh nyalametkeun aranjeun tina eta naraka ( Q.s 3 : 103 )
الرحيم بإدخال الجنان كما قال : ادخلوها بسلام آمنين
Sedengkeun Ar Rohim patali jeung paparin Rohmat mangrupa ngasupkeun kajero surga
Sakumaha pidawuh Alloh Swt. :”kudu arasup aranjeun kajero surga kalawan ma`mur tur aman ( Q.s 15 : 46 )
الرحمن بغفران السيئات وإن كنّ عظيمات ، والرحيم بقبول الطاعات وإن كنّ غير صافيات 

Ar Rohman patali jeung pangampura sagala rupi dosa sok sanajan dosa geude, Sedengkeun Ar Rohim patali jeung narima katoatan sok sanajan katoatan eta hanteu murni

الرحمن بمن كفره ، والرحيم بمن شكره

Ar Rohman pikeun jalma-jalma anu ingkar ka Alloh, Sedengkeun Ar Rohim pikeun pirang-pirang jalmi anu syukur ka Alloh Swt.
الرحمن بمن قال له ند ، والرحيم بمن قال فرد

Ar Rohman ditujukeun ka jalma anu nyarios :” Alloh ngagaduhan rejeung, Sedengkeun Ar Rohim ditujukeun ka jalma anu nyarios :” ari Alloh Swt. Eta Tunggal ( Hiji ).
 بسبب ذلك قل بسم الله تجد عفو الله ، بسم الله للذاكرين ذخر ، وللأقوياء عزّ ، و للضعفاء حرز ، وللمحبين نور ، وللمشتاقين سرور
Kusabab eta kudu ngucapkeun anjeun kana Bismillah, tangtu anjeun bakal meunang pangampura ti Alloh. Bismillah bakal jadi simpeunan pikeun pirang-pirang jalma anu dzikir, kagagahan pikeun pirang-pirang jalma anu kuat, benteng pikeun pirang-pirang jalma anu hengker, cahaya pikeun pirang-pirang jalma anu disorang cinta, kabagjaan pikeun pirang-pirang jalma anu sono.
بسم الله كلمة لايبقى معها الغم كلمة تمت بها النعمة كلمة كشفت بها النقمة كلمة خصت بها هذه الأمّة
Bismillah nyaeta kecap panenang pikeun jiwa, panyuci lambey, panyaang popoek, panyampurna ni`mat, pangleungit kasangsaraan, jeung kalimah anu mung dikhususkeun pikeun ieu umat ( umat Kangjeung Nabi Muhammad Saw. ).
رحم الله من خالف الشيطان وجانب العصيان واتقى النيران وأكثر الإحسان وأدام ذكر الرحمن ،
muga mikawelas Alloh ka jalma-jalma anu ngalawan setan, ngajauhan palaku maksiat, nyingkahan seuneu naraka, nyeueurkeun kasaean jeung salawasna dzikir ka Alloh.

بسم الله رحم الله من اعتصم بالله وأناب إلى الله وتوكل على الله واشتغل بذكر الله ،

Kalawan Bismillah Alloh bakal mikaasih ka pirang-pirang jalma anu nyeukel pageuh kana Agama Alloh, Balik deui jeung tawakkal ka Alloh. Sarta nyibukkeun diri kalawan dzikir ka Alloh.
بسم الله رحم الله من زهد فى الدنيا وغب فى الآخرة ، وصبر على الأذى وشكر على النعماء .

Kalawan Bismillah Alloh oge bakal mikaasih ka jalma anu zuhud didunya jeung ngudag kahirupan akherat, sabar kana musibah jeung syukur kana ni`mat anu ditarima.


والله أعلم 
تأليف الحقير محمّد ابى سفيان السندانى الجاوى الإندونيسي

   


Tidak ada komentar:

Posting Komentar