بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ
Kalawan nyeubat jenengan Alloh anu maha weulas tur maha asih
وَيَنْبَغِى لِكُلِّ شَارِعٍ فِى فَنٍّ مِنَ اْلفُنُوْنِ أَنْ يَتَكَلَّمَ بِطَرْفِ اْلبَسْمَلَةِ مِمَّايُنَسِبُ ذَلِكَ اْلفَنَّ وَفَاءً بِحَقِّ اْلبَسْمَلَةِ وَوَفَاءً بِحَقِّ اْلفَنِّ اْلمَشْرُوْعِ , وَحَقُّ اْلفَنِّ أَنْ يَتَكَلَّمَ الشَّارِعُ بِطَرْفِ اْلبَسْمَلَةِ مِمَّايُنَاسِبُ ذَلِكَ اْلفَنَّ اْلمَشْروُعِ , وَحَقُّ اْلبَسْمَلَةِ أَنْ لاَيَتْرُكَ اْلكَلاَمَ عَلىَ اْلبَسْمَلَةِ رَأْسًا
Jeung hanteu menang hanteu ( Sayogyana ) anu ngandung niley ganjaran sunnah, pikeun saban jalma anu ngawitan diajar dina hiji fan elmu tina pirang-pirang fan elmu yen ngabahas kana segi basmalah anu saluyu rejeung eta fan elmu, sabab minuhan hak Bismillah jeung minuhan hak fan elmu anu di pelajari, hak fan elmu nyaeta yen ngabahas anu ngawitan diajar kana segi basmalah anu saluyu rejeung eta fan elmu anu di pelajari, sedengkeun hak Bismillah nyaeta sama sakali hanteu ngantunkeun nyarioskeun kana babaran Bismillah halna jadi poko.
كَمَا قَالَ النَّبِىُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : كُلُّ أَمْرٍ ذِيْ بَالٍ لاَ يُبْدَأُ فِيهِ بـِ (بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ) فَهُوَ أَقْطَعُ أَوْ أَبْتَرُ أَوْ أَجْذَمُ
Sakumaha pidawuh kangjeung Nabi Saw. :”ari sakur-sakur perkara anu ngabogaan tingkah hade ( numutkeun syara ) anu hanteu dimimitian itu perkara kalawan maca “ Bismillahirrohmaanirrohiiiim “ mangka ari perkara eta cara hayawan anu pegat sabagean anggahotana, atawa eweuh buntutna, atawa eweuh leungeunna ( sae tapi hanteu sampurna ).
وَقَالَ أَيْضًا صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : " أَوَّلُ مَا كَتَبَهُ اْلقَلَمُ فِى اللَّوْحِ الْمَحْفُوْظِ بِمِأَ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ فَإِذَا كَتَبْتُمْ كِتَاباً فَاكْتُبُوْهَا
Sareng dawuhanna deui Saw. :”ari mimiti barang anu dituliskeun Qolam di Lauh Mahfuzh eta lafaz “ Bismillahirrohmaanirrohiiiim “ jeung dimana-mana nulis aranjeun kana kitab mangka kudu nulis aranjeun.
بِسَبَبِ ذَلِكَ ، فَاْلآنَ نُشَرِعُ فىِ فَنِّ التَّصَوُّفِ فَيَنْبَغِى عَلَيْنَا أَنْ نَتَكَلَّمَ بِطَرْفِ اْلبَسْمَلَةِ مِمَّايُنَسِبُ اْلفَنَّ التَّصَوُّفِ
Kalawan sabab eta mangka ayeuna ngawitan kaula sadaya dina fan tashowwuf, mangka sayogyana pikeun kaula sadaya yen langkung tipayun nyarioskeun kaula sadaya kana segi basmalah anu saluyu rejeung fan elmu Tasawuf.
فَنَقُوْلُ أَنَّ مِمَّايَتَعَلَقُ بِاْلبَسْمَلَةِ مِنَ اْلمَعاَنىِ الدَّقِيْقَةِ مَاقِيْلَ :إِنَّ بِسْمِ ثَلَاثَةُ أَحْرُفٍ : بَاءٌ وَسِيْنٌ وَمِيْمٌ ، فَاْلباَءُ بَهاَءُ اللهِ وَالسِّيْنُ سَناَءُ اللهِ وَاْلمِيْمُ مَمْلَكَةُ اللهِ .
Mangka nyarios Kaula sadaya kana saenyana perkara anu aya hubunganna reujeung Basmalah diantara pirang-pirang makna anu lemes nyaeta sapertos anu dicarioskeun : “Saenyana ari lafazd Bismi eta aya 3 pirang-pirang huruf kahiji "Ba" kadua "Sin" jeung katiluna eta “Mim” mangka ari huruf "Ba" eta BaHaulloh hartosna Kaendahan Alloh, ari huruf "Sin" eta Sanaulloh hartosna kaagungan Alloh , jeung ari huruf “Mim” eta Mamlakatulloh hartosna karajaan Alloh.
كَمَا قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: "إِنَّ عِيْسَى ابْنَ مَرْيَمَ أَسْلَمَتْهُ أُمُّهُ إِلَى اْلكُتَّابِ لِيُعَلِّمَهُ، فَقَالَ الْمُعَلِّمُ: اُكْتُبْ ؟ قَالَ : مَا أَكْتُبُ ؟ قَالَ: بِسْمِ اللهِ ، قَالَ لَهُ عِيْسَى: وَمَا بِاسْمِ اللهِ ؟ قَالَ الْمُعَلِّمُ: مَا أَدْرِي قَالَ لَهُ عِيسَى: الْبَاءُ بَهاءُ اللهِ ، وَالسِّيْنُ سَنَاؤُهُ ، وَالْمِيْمُ مَمْلَكَتُهُ، وَاللهُ إِلَهُ الْآلِهَةِ ، وَالرَّحْمَنُ رَحْمَنُ الدُّنْيَا وَالْآخِرَةِ ، وَالرَّحِيْمُ رَحِيْمُ الْآخِرَةِ
Sakumaha parantos ngadawuh Rosul Alloh Saw. "Saenyana Nabi 'Isa putra Maryam 'As. parantos masrahkeun ibuna Nabi 'Isa ka sakolaan supaya diajar sakola, mangka ngadawuh guru sakolana : kudu nulis anjeun 'Isa , lajeung ngadawuh Nabi 'Isa 'As. "Naon anu kedah kaula tulis ?" mangka ngadawuh guru sakolana : "Bismillah". lajeung tumaros Nabi 'Isa 'As. ka guru sakolana : "Naon ari hartosna Bismillah teh ?" mangka ngadawuh guru sakolana : "Kaula hanteu uninga ?" lajeung ngawaler Nabi 'Isa 'As. ka guru sakolana eta : "ari huruf “Ba” (ﺍﻟﺒﺎﺀ) eta BaHaulloh (ﺑﻬﺎﺀ ﷲ) hartosna Kaendahan Alloh jeung ari huruf “Sin” (ﺍﻟﺴﻴﻦ) eta Sanauhu (ﺳﻨﺎﺀﻩُ) hartosna kaagungan Alloh jeung ari huruf “Mim” (ﺍﻟﻤﻴﻢ) eta Mamlakatuh (ﻣﻤﻠﻜﺘﻪُ) hartosna karajaan Alloh. Sareng ari Alloh (ﷲ) eta hiji Pangeran pikeun sadaya pangeran anu disembah. Sareng ari Ar-Rohman (ﺍﻟﺮﺣﻤﻦ) eta anu Maha Welas dina kahirupan Dunya rawuh Akherat, Sareng ari Ar-Rohim (ﺍﻟﺮﺣﻴﻢ) eta anu Maha Asih dina kahirupan Akherat wungkul."
قَالَ أَبُوْ سُفْيَانِ بْنُ حَسَنُ الدِّيْنِ السُّنْدَانِيِّ الْجَاوِى : الباء : برّ الله مع الأوليائه ، والسين : سرّ الله مع الأصفيائه ، والميم : منّة الله مع أهل الولايته .
Parantos nyarios Abu Sufyan bin Hasanuddin urang sunda nyatana urang jawa barat :”ari huruf Ba (ﺏ) nyaeta ngamaksud Birrulloh (ﺑﺮﱡ ﷲ) ma`al Auliyaih (مع الأوليائه) anu ngandung harti Kasaean Alloh sarta Para Wali-Na jeung ari huruf Sin (ﺱ) nyaeta ngamaksud Sirrulloh (ﺳﺮﱡ ﷲ) ma`al Asfiyaih (مع الأصفيائه)anu ngandung harti Rusiah Alloh sarta Para Asfiya-Na, jeung ari huruf Mim (ﻡ) nyaeta ngamaksud Minnatulloh (ﻣﻨّﺔ ﷲ) ma`a Ahli Wilayatih (مع أهل الولايته) anu ngandung harti karunia nugraha Alloh ka Para Ahli Wilayah-Na.
وقال الشيخ سهل بن عبد الله التستري رحمه الله تعالى :
« الباء بهاء الله Y . والسين سناء الله Y . والميم مجد الله Y »( [51]) .
Parantos ngadawuh Syekh Sahal bin Abdulloh Al-Tustariy rhm. :” ari huruf “Ba“ eta BaHaulloh hartosna Kaendahan Alloh, ari huruf “Sin“ eta Sanaulloh hartosna kaagungan Alloh , jeung ari huruf “Mim” eta Majdulloh hartosna kamulyaan Alloh.
وقال الشيخ عبد الرحمن الصفوري رحمه الله تعالى :
« الباء : بابه ، والسين : سلامه ، والميم : إنعامه .
وقال أيضاً: الباء : بركته ، والسين : سره ، والميم : معرفته »( [57]) .
Parantos ngadawuh Syekh Abdur Rohman Ash-Shofuriy rhm. :” ari huruf “Ba“ eta Babuhu hartosna Panto-Na, ari huruf “Sin“ eta Salaamuhu hartosna Kasalametan-Na , jeung ari huruf “Mim” eta In`a`muhu hartosna Paparin nugraha-Na. . Jeung dawuhanna deui ” ari huruf “Ba“ eta Barokatuhu hartosna Barokah-Na, ari huruf “Sin“ eta Sirruhu hartosna Rusiah-Na , jeung ari huruf “Mim” eta Ma`rifatuhu hartosna Pangaweruh-Na.
وقال الإمام جعفر الصادق u :
« الباء : بقاءه . والسين أسماءه . والميم ملكه .
وقال أيضاً : بسم ثلاثة أحرف : باء وسين وميم .
فالباء : باب النبوة .
والسين : سر النبوة الذي أسرَّ النبي به إلى خواص أمته .
والميم : مملكة الدين الذي يعم الأبيض والأسود ...
الباء : بهاء الله . والسين : سناؤه . والميم : مجده »( [26]) .
Parantos ngadawuh Imam Ja`far Shodiq ra. :” ari huruf “Ba“ eta Baqouhu hartosna Langgeng-Na Alloh, ari huruf “Sin“ eta Asmauhu hartosna pirang-pirang Asma-Na Alloh, jeung ari huruf “Mim” eta Mulkuhu hartosna Kakawasaan-Na Alloh. Jeung dawuhanna deui ” ari lafadz bismi eta aya 3 pirang-pirang huruf mangka ari huruf “Ba“ eta Baabun Nubuwwah hartosna Panto Kanabian, ari huruf “Sin“ eta Sirrun Nubuwwatil ladzi asarrun Nabiyya bihi ila khowashi Ummatih hartosna Rusiah Kanabian anu ngagumbirakeun ka Kangjeung Nabi Saw. kalawan itu rusiah pikeun khusus umat-Na , jeung ari huruf “Mim” eta Mamlakatud Dinil ladzi ya`ummul Abyadho wal aswad hartosna karajaan agama islam anu umum eta agama islam ka jalma anu kulitna bodas jeung anu hideng. ari huruf “Ba“ eta BaHaulloh hartosna Kaendahan Alloh, ari huruf “Sin“ eta Sanauhu hartosna Kaagungan-Na Alloh , jeung ari huruf “Mim” eta Majduhu hartosna Kamulyaan-Na Alloh.
وَقَالَ اْلإِمَامُ اْلكَلْبِىُّ رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى :إِنَّ اْلباَءَ بَهاَءُهُ وَ بَرْكَتُهُ وَبِرُّهُ وَبَصِيْرَتُهُ ، وَالسِّيْنَ سَناَءُهُ وَسَمُوُّهُ وَسِيَادَتُهُ وَاْلمِيْمَ مَمْلَكَتُهُ وَمَجْدُهُ وَمَنُّهُ .
Parantos ngadawuh Imam Al-Kalbiy Rhm. Saenyana ari huruf Ba (الباء) eta boga maksud Bahauhu (بهاؤه) hartosna Kaendahan-Na, jeung Barokatuhu (بركته) hartosna Barokah-Na, jeung Birruhu (بره) hartosna Kasaean-Na, jeung Bashirotuhu (بصيرته) hartosna Wijaksana-Na. ari huruf Sin (السين) eta boga maksud Sanauhu (سناؤه) hartosna Kaagungan-Na jeung Sumuwwuhu (سموُّه) hartosna Kamulyaan-Na, jeung Siyadatuhu (سيادته) hartosna Kakawasaan-Na. ari huruf Mim (الميم) eta boga maksud Mamlakatuhu (مملكته) hartosna Karajaan-Na, jeung Majduhu (مجده) hartosna Kaagungan/Kamulyaan-Na, jeung Mannuhu (مَنُّه) hartosna Anugrah-Na.
وَقَالَ اْلإِمَامُ سليمان بن يسار رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى :إِنَّ اْلباَءَ بريء من الأولاد ، وَالسِّيْنَ سميع الأصوات وَاْلمِيْمَ مجيب الدعوات
Parantos ngadawuh Imam Sulaiman Bin Yasar Rhm. :” saenyana ari huruf “Ba” (الباء) ngagaduhan maksud Bari Min Al-Awlad (بريء من الأولاد) nyatana anu Bebas tina boga budak, jeung ari huruf “Sin” (السين) ngagaduhan maksud Sami' Al-Aswat (سميع الأصوات) nyatana anu ngarungu sadaya sora sareng huruf, jeung ari huruf Mim (الميم) ngagaduhan maksud Mujib Ad-Da'awat (مجيب الدعوات) nyatana anu ngawaler uar pangajak ( panggero ) Permohonan.
وَقَالَ اْلإِمَامُ أبو رووق رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى :إِنَّ اْلباَءَ بارئ الخلق ، وَالسِّيْنَ ساتر العيوب وَاْلمِيْمَ المنان
Parantos ngadawuh Imam Abu Rawuq Rhm. saenyana ari huruf “Ba” (الباء) ngagaduhan maksud Baari Al-Khalq (بارئ الخلق) nyatana anu nyieun Makhluk, jeung ari huruf “Sin” (السين) ngagaduhan maksud Saatir Al-'Uyub (ساتر العيوب) nyatana anu nutupan pirang-pirang aeb / cacad, jeung ari huruf “Mim” (الميم) ngagaduhan maksud Al-Mannan (المنان) nyatana anu Maha maparin ( anugrah / maha berehan ).
وَقَالَ الشيخ أبو بكر بن طاهر الأبهري رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى :
« الباء : بر الله بالعارفين ، والسين سلامة عليهم ، والميم محبته لهم »( [53]) .
Parantos ngadawuh Abu Bakar bin Thohir Al-Abhariy rhm. :” ari huruf “Ba“ eta Birrullohi bil A`rifin hartosna Kasaean Alloh ka pirang-pirang jalma arif ( para wali ) , jeung ari huruf “Sin“ eta Salamatu A`laihim hartosna Kasalametan Alloh ka pirang-pirang jalma arif ( para wali ) , jeung ari huruf “Mim” eta Mahabbatuhu lahum hartosna Kacintaan Alloh ka pirang-pirang jalma arif ( para wali ).
وَقَالَ الشيخ أحمد البوني رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى :
الباء باب التوبة ، ومعنى السين سلم المغفرة ، والميم مستقر الرحمة لمن قرع باب التوبة »( [54])
Parantos ngadawuh Syeh Ahmad Al-Buniy rhm. :” ari huruf “Ba“ eta Baabut Taubah hartosna panto tobat, jeung ari huruf “Sin“ eta Sullamul Maghfiroh hartosna taraje pangampura , jeung ari huruf “Mim” eta Mustaqorrur rohmati liman qoro`a baabat taubah hartosna tempat cicing rohmat pikeun jalma anu ngetrokan kana panto tobat.
وَقَالَ الشَّيْخُ عَبْدُ اْلقَادِرِ الْجَيْلَانِىِّ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ :
الباء بارئ البرايا ، والسين ستار الخطايا ، والميم المنان بالعطايا
Parantos ngadawuh Syeh Abdul Qodir Al-Jailani ra. :” ari huruf “Ba“ eta Baariul Barooyaa hartosna anu nyieun pirang-pirang makhluk, jeung ari huruf “Sin“ eta Sitaarul Khothoyaa hartosna panutup pirang-pirang dosa, jeung ari huruf “Mim” eta Al-Mannanu bil A`thooyaa hartosna anu maha maparin pirang-pirang paparin
وَقَالَ أَيْضًا رَضِىَ اللهُ عَنْهُ : : إنّ الباء برئ من الأولاد ، والسين سميع الأصوات ، والميم مجيب الدعوات
Sareng dawuhna deui ra. :” saenyana ari huruf “Ba” (الباء) ngagaduhan maksud Bari Min Al-Awlad (بريء من الأولاد) nyatana anu Bebas tina boga budak, jeung ari huruf “Sin” (السين) ngagaduhan maksud Sami' Al-Aswat (سميع الأصوات) nyatana anu ngarungu sadaya sora sareng huruf, jeung ari huruf Mim (الميم) ngagaduhan maksud Mujib Ad-Da'awat (مجيب الدعوات) nyatana anu ngawaler uar pangajak ( panggero ) Permohonan.
وَقِيْلَ : الباَءُ بُكاَءُ التَّائِبِيْنَ ، والسين سجود العابدين ، والميم معذرة المذنبين
Jeung disebatkeun :” ari huruf “Ba” eta Bukaaut Taa-ibin hartosna ceurikna jalma-jalma anu tobat, ari huruf “Sin” eta Sujudul A`bidin hartosna sujudna jalma-jalma anu ahli ibadah jeung ari huruf “Mim” eta Ma`dzirotul Mudznibin hartosna Maafna jalma-jalma anu boga dosa.
وَقِيْلَ : الباَءُ بُكاَءُ التَّائِبِيْنَ وَالسِّيْنُ سَهْوُ الغاَفِلِيْنَ وَالمِيْمُ مَغْفِرَتُهُ لِلْمُذْنِبِيْنَ
Jeung disebatkeun :” ari huruf “Ba” eta Bukaaut Taa-ibin hartosna ceurikna jalma-jalma anu tobat, ari huruf “Sin” eta Sahwul Ghoofilin hartosna lalina jalma-jalma anu poho jeung ari huruf “Mim” eta Maghfirotuhu Lil mudznibin hartosna pangampura Alloh Swt ka jalma-jalma anu boga dosa.
وَقَالَ الشيخ ابن عطاء الأدمي رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى :
« الباء : بره لأرواح الأنبياء ، بإلهام الرسالة والنبوة .
والسين : سره مع أهل المعرفة ، بإلهام القربة والأنس .
والميم : منته على المريدين ، بدوام نظره إليهم بعين الشفقة والرحمة »( [52]).
Parantos ngadawuh Syeh Ibnu Atho Al-Adamiy rhm. :” ari huruf “Ba“ eta Birruhu Li Arwaahil Ambiya-I bi ilhamir risaalati wannubuwwah hartosna Kasaean Alloh pikeun pirang-pirang roh para Nabi kalawan inspirasi Risalah sareng Kanabian , jeung ari huruf “Sin“ eta Sirruhu Ma`a Ahlil Ma`rifati bi ilhamil Qurbati wal ungsi hartosna Rusiah Alloh sarta Ahli Ma`rifat kalawan inspirasi Pendekatan sareng Kagumbiraan, jeung ari huruf “Mim” eta Minnatuhu A`lal Muridiina ilaihim bi a`inisy Syafaqoti warrohmah hartosna Nugraha Alloh ka para murid kalawan langgeung ka para murid kalawan paninggal welas asih sareng rohmat.
وَقِيْلَ : الباَءُ باب خزانة الله وَالسِّيْنُ سَنِىُّ الرِّسَالَةِ وَالمِيْمُ ملك الولاية
Jeung disebatkeun :” ari huruf “Ba (ﺏ) eta ngaisyarohkeun kana Babu Khazanatillah (باب خزانة الله) nyatana Panto Sisimpenan Alloh Ta'ala jeung huruf Sin (ﺱ) eta ngaisyarohkeun kana Saniyur Risalah (سين الرسالة) nyatana Risalah Karosulan anu mulya dan huruf Mim (ﻡ) eta ngaisyarohkeun kana Mulkul Wilayah (ملك الولاية) nyatana Karajaan ahli wilayah.
وَقَالَ الشيخ أبو بكر الوراق رحمه الله تعالى :
« بسم الله روضة من رياض الجنة ، لكل حرف منها تفسير على حدة ،
Parantos ngadawuh Syekh abu bakar al-waraq rhm. ( guruna Imam At Tirmidzi anu ngarang shohih sunan tirmidzi ra. ) : bismillah nyaeta salah sahiji taman tina pirang-pirang taman surga. Pikeun saban huruf tina bismillah tiasa ditafsirkeun kalawan nyalira-nyalira,
فالباء على ستة أوجه :
Mangka ari huruf “ ba “ eta tiasa ditafsirkeun janten 6 aspek ( sudut pandang ) :
١ : بارئ خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] هُوَ اللَّهُ الْخالِقُ الْبارِئُ [( [27]) .
Baariu kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna:” anu nyieun makhlukna tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ari Manteunna eta Alloh anu nyiptakeun tur anu nyieun ( Maha ngadameul )
٢ : بصير بخلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] واللَّهُ بَصيرٌ بِما تَعْمَلونَ [( [28]) .
Bashiru bi kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna: anu maha ninggal ka makhlukna tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ sareng ari Alloh eta anu Maha Ninggal naon anu anjeun pidamel.
٣ : باسط رزق خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] اَللهُ يَبْسُطُ الرِّزْقَ لِمَنْ يَشاءُ وَيَقْدِرُ[( [29]).
Baasithu rizqi kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna: anu maha ngajembarkeun rizki makhluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ Ari Alloh eta anu ngajembarkeun rizki pikeun sing saha bae anu ngersakeun Alloh jeung ngaheureutkeun ( pikeun sing saha bae anu ngersakeun Alloh ).
٤ : باق بعد فناء خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] كُلُّ مَنْ عَلَيْها فانٍ . وَيَبْقى وَجْهُ رَبِّكَ ذو الْجَلالِ والْأِكْرامِ [( [30]) .
Baaqu Ba`da Fanai kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna: anu maha langgeung saatos ancur makhluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “Sakabeh anu aya di bumi eta bakal ancur . jeung tetep langgeng kakawasaan Pangeran anjeun anu ngagaduhan kaagungan jeung kamulyaan (27).” surat Ar-Rohman [55]: 26-27
٥ : باعث الخلق بعد الموت من العرش إلى الثرى للثواب والعقاب ، بيانه :
] وإن اللَّهَ يَبْعَثُ مَنْ في الْقُبورِ [( [31]) .
Baa`itsul kholqi ba`dal mauti minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna: anu Maha ngahudangkeun sakabeh makhluk saatos maot tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ saenyana ari Alloh eta ngahudangkeun sakabeh makhluk di jero kubur. (Q.S Al-Hajj : 7)
٦ : بارّ بالمؤمنين من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] هُوَ الْبَرُّ الرَّحيمُ [( [32]) .
Baarru Bil Mu`minina minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna: Anu maha ngadamel Kasaean ka pirang-pirang jalma anu ariman tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ Ari Alloh eta anu Maha ngadamel Kasaean tur anu Maha Asih." (QS. ath-Thur: 28)
والسين على خمسة أوجه :
jeung ari huruf “ Sin “ eta tiasa ditafsirkeun janten 5 aspek ( sudut pandang ) :
١ : سميع لأصوات خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] أَمْ يَحْسَبُوْنَ أَنّا لَا نَسْمَعُ سِرَّهُمْ وَنَجْوَاهُمْ [( [33]) .
Sami` ul Ashwaati kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna: anu Maha ngarungu sakabeh sora mahluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ Naha aranjeunna nyangka, kana saenyana Kaula anu agung hanteu ngarungu rusiah jeung harewosan- harewosan aranjeunna ?
٢ : سيد قد انتهى سؤدده من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] اللَّهُ الصَّمَدُ [( [34]) .
Sayyidu Qoddi ingtaha Su,dadahi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna: Pangeranna jasad ingtaha. Kakawasaan-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ ari Alloh eta hiji Pangeran anu gumantung ka Alloh sakabeh perkara “.
٣ : سريع الحساب مع خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] واللَّهُ سَريعُ الْحِسابِ [( [35]) .
Sarii`ul Hisaabi Ma`a Kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna: anu bangeut gancang ngahisab ka makhluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ Jeung ari Alloh eta anu bangeut gancang hisaban-Na.
٤ : سلام خلقه من الظلمة ، من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] السَّلامُ الْمُؤْمِنُ [( [36]) .
Salaamu kholqihi minazh zhulmati , minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna: anu maha nyalameutkeun makhluk-na tina popoek tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ Anu maha nyalameutkeun, tur anu nganugrahakeun Kaamanan”.
٥ : ساتر ذنوب عباده من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] غافِرِ الذَّنْبِ وَقابِلِ التَّوْبِ [( [37]) .
Saatiru Dzunuubi I`baadihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna: anu nutup pirang-pirang dosa makhluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ anu Maha ngahampura dosa tur Narima Tobat
والميم على اثني عشر وجهاً :
Mangka ari huruf “ Mim “ eta tiasa ditafsirkeun janten 12 aspek ( sudut pandang ) :
١ : ملك الخلق من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] الْمَلِكُ الْقُدّوسُ [( [38]) .
Malikul kholqi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna: anu ngarajaan mahluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ anu ngarajaan tur Maha Suci.”
٢ : مالك خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] قُلِ اللَّهُمَّ مالِكَ الْمُلْكِ [( [39]) .
Maaliku kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna : Anu ngawasaan makhluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ Ucapkeun ku anjeun : "Ya Alloh anu ngagaduhan karajaan.”
٣ : منان على خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] بَلِ اللَّهُ يَمُنُّ عَلَيْكُمْ [( [40]) .
Mannaanu A`la kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna : Anu maparin ka makhluk-Na Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ sebenarna mung Allah, anu maparin nikmat ka aranjeun
٤ : مجيد على خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] ذو الْعَرْشِ الْمَجيدُ [( [41]) .
Majiidu A`la kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna : Anu maha mulya saluhureun makhluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “
anu ngagaduhan 'Arsy, tur anu Maha Mulya”. ﴾ Al Buruuj:15 ﴿
٥ : مؤمن آمن خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] وَآمَنَهُمْ مِنْ خَوْفٍ [( [42]) .
Mu`nimu Aamana kholqohu minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna : anu nganugrahakeun Kamanan nangtayungan makhluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ Jeung ngamankeun Alloh ka aranjeunna tina kasieun”.
٦ : مهيمن اطلع على خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] الْمُؤْمِنُ الْمُهَيْمِنُ [( [43]) .
Muhaiminu Athla`u A`la kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna : anu Maha Miara anu salawasna ngawas ka mahluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “anu nganugrahakeun Kaamanan tur anu Maha Miara.”
٧ : مقتدر على خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] في مَقْعَدِ صِدْقٍ عِنْدَ مَليكٍ
مُقْتَدِرٍ [ ( [44]) .
Muqtadiru A`la kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna : anu maha Kawasa saluhureun mahluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “di tempat anu dipikaseneng di sisi Pangeran anu maha Kawasa.
٨ : مقيت على خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] وَكانَ اللَّهُ عَلى كُلِّ شَيْءٍ
مُقيتاً [( [45]) .
Muqiitu A`la kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna : anu maha Kawasa saluhureun mahluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “Jeung bukti ari Alloh Maha Kawasa kana sadaya perkara”.
٩ : مكرّم أولياءه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] وَلَقَدْ كَرَّمْنا بَني آدَمَ [( [46]) .
Mukarrimu Auliyaihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna : anu ngamulyakeun para wali-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “jeung yaqin temen-temen geus ngamulyakeun Kaula anu Agung ka turunan anak Adam.”
١٠ : منعم على خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] وَأَسْبَغَ عَلَيْكُمْ نِعَمَهُ ظاهِرَةً
وَباطِنَةً [( [47]) .
Mun`i`mu A`la kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna : anu maparin ni`mat ka makhluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : nyampurnakeun pikeun aranjeun ni’mat-Na lahir jeung bathin. [QS. Luqman : 20]
١١ : مفضل على خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] إِنَّ اللَّهَ لَذو فَضْلٍ عَلى النّاسِ [( [48]) .
Mufadhdhilu A`la kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna : anu maparin karunia ka makhluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “Saenyana ari Alloh ngagaduhan karunia ka manusa
١٢ : مصور خلقه من العرش إلى الثرى ، بيانه : ] الْخالِقُ الْبارِئُ الْمُصَوِّرُ [
( [49]) »( [50]) إنتهى
Selanjutnya Mushowwiru kholqihi minal a`rsyi ilats tsaro, hartosna : anu maparin sadaya wangun makhluk-Na tikawit arasy dugika bumi, pernyataanna : “ Anu ngadameul sadaya makhluk, anu ngayakeun tina teu aya kana aya.” Tutug qoul Syekh abu bakar al-waraq rhm.
وَقَالَ الإمام جعفر الصادق رضى الله عنه :
بسم الله للعامة ، والله لخاص الخاص ( [21]) .
Parantos ngadawuh Imam Ja'afar As-Sadiq ra. : ari lafazd Bismi (ﺑﺴﻢ) nyaeta isyaroh pikeun golongan awam jeung lafaz Ismul Jalalah Alloh (ﷲ) eta isyaroh pikeun golongan khusus ti anu khusus.
وَقَالَ الشَّيْخُ عَبْدُ اْلقَادِرِ الْجَيْلَانِىِّ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ :
الله كاشف البلايا ، الرحمن معطى العطايا ، الرحيم غافر الخطايا
Parantos ngadawuh syekh Abdul Qodir jailani ra. : ari lafazd Ismul Jalalah Alloh eta Kasyiful Balaayaa hartosna anu nolak pirang-pirang musibah , ari Ar Rohman anu maparin pirang-pirang karunia, ari Ar rohim eta anu ngahampura pirang-pirang kasalahan.
وقال أيضا رَضِىَ اللهُ عَنْهُ : الله للعارفين ، الرحمن للعابدين ، الرحيم للمذنبين
Sareng dawuhna deui ra. : ari lafazd Ismul Jalalah Alloh eta pikeun pirang-pirang jalma arif ( para wali ) , ari Ar Rohman eta pikeun pirang-pirang ahli ibadah, ari Ar rohim eta pikeun pirang-pirang jalma anu boga dosa.
وَقَالَ الشيخ نجم الدين الكبرى رحمه الله تعالى :
« ] بسم الله [ إشارة إلى الذات .
] الرحمن [ يشير إلى صفة الجلال .
] الرحيم [ إلى صفة الجمال »( [59]) .
Parantos ngadawuh Syeh Najmuddin Al-Kubro rhm. :” ari Bismillah eta pituduh ( isyaroh ) kana hiji Dzat Alloh Swt. Ar-Rohman eta nuduhkeun kana sifat kaagungan ( Al-Jalal ) , Ar-Rohim eta nuduhkeun kana sifat kaendahan ( Al-Jamaal ).
وَقاَلَ بَعْضُ الصُّوْفِيَّةِ : أَللهُ ِلأَهْلِ الصَّفاَ , الرَّحْمَنُ ِلأَهْلِ الوَفاَ , الرَّحِيْمُ ِلأَهْلِ الجَفاَ
Parantos ngadawuh Ulama ahli Tashowwuf : ari lafaz Ismul Jalalah Alloh eta isyaroh pikeun ahli shofa ( anu suci hatena ), Ar-Rohmaan eta isyaroh pikeun ahli Wafa ( anu dikobulkeun permohonanna ) dan Ar-Rohiim eta isyaroh pikeun ahli Jafa ( jahat jeung doraka ka Alloh Swt ).
وقيل : الله الذى خلقكم وهو احسن الخالقين ، الرحمن الذى رزقكم وهو خير الرازقين ، الرحيم الذى يغفر لكم وهو خير الغافرين
Disebatkeun : ari Alloh eta anu ngadameul aranjeun sareng ari Alloh eta pangsae-saena anu ngadameul , ari Ar Rohman eta anu ngarizkiyan aranjeun sareng ari Alloh eta pangsae-saena anu ngarizkiyan, ari Ar Rohim eta anu ngahampura aranjeun sareng ari Alloh eta pangsae-saena ngahampura.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar